Tadi mah rada awal indit jumaahan teh, ngudag kurban onta. Hehehe Lain baraya euy uing teh, tadi memeh jumaahan panggih jeung balad urang Bugis. Keur jongjon ngobrol, jul-jol balad-balad Bugis sejenna. Beu geuning riab euy, urang Bugis hungkul.
Panasaran, ku uing teh di tanya. Kuanaon geuning mani riab. Sihoreng cenah maranehna teh, mahasiswa anyar, peserta angkatan ka-tilu program doktor, nu dikirim sarta meunang beasiswa ti Pemerintahan Propinsi Sulawesi Selatan. Tiap angkatan cenah aya 100 urang nu dikirim ka berbagai nagara. Kiwari angkatan ka-tilu, meureun geus ngirmkeun 300 urang. Eta program teh targetna rek nyitak 500 doktor. Nu menarik eta program teh, prioritasna keur guru-guru sakola SMP jeung SMA, sawareh pagawe Pemda. Beu nyaan nya serius tah, Gubernur Yasin Limpo teh, boga program nu real sarta puguh juntrunganana. Cing baraya sugan aya info, naon nya program unggulan Pemprop Jabar, nu cenah boga visi "Menjadi Propinsi Termaju dan Terdepan" teh. Mudah-mudahan we atuh Urang Sunda bisa ngamalkeun dawuhan karuhun nu boga papatah "Batur Arek, Urang Enggeus," ulah nepikeun ka jadi "Batur Enggeus, urang Acan," wae nya.
