Gan, ieu program Pemprop teh targetna keur ningkatkeun guru-guru SMP jeung
SMA.
Noong beja di Singapur na Tempo, cenah geus loba guru SD Singapur lulusan
S3.

Nya ari keur tanaga praktisi mah, jigana cukup ku diploma.

2011/9/16 MRachmat Rawyani <[email protected]>

> **
>
>
> Ari saur Direktur politeknik negeri Jakarta mah, China maju teh kusabab
> seueur lulusan Diploma alahbatan lulusan S1, S2 jeung S3. tenaga trampil
> madya ieu anu jadi ujung tombak industri.
> Ari S3 pan kaahlianana dina perkara nalungtik.
> HP BB buatan china, lisensina ti Kanada tapi diproduksi ku tanaga lulusan
> diploma lain ku doktor.
>
> mrachmatrawyani
>
> ------------------------------
> *From:* "[email protected]" <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Cc:* Urang Sunda <[email protected]>
> *Sent:* Thursday, September 15, 2011 11:47 PM
> *Subject:* Re: [kisunda] Atikan - Program Nyitak 500 Doktor Luar Nagri
> Pemprop Sulawesi Selatan
>
>
>  Teuuh nya ari batur, malay, aceh ayeuna bugis..... Sunda???? Masih beberes
> KBS nu kamari sigana mah.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Fri, 16 Sep 2011 14:42:30 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<
> [email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Atikan - Program Nyitak 500 Doktor Luar Nagri Pemprop
> Sulawesi Selatan
>
>
> Tadi mah rada awal indit jumaahan teh, ngudag kurban onta. Hehehe
>
> Lain baraya euy uing teh, tadi memeh jumaahan panggih jeung balad urang
> Bugis.
> Keur jongjon ngobrol, jul-jol balad-balad Bugis sejenna. Beu geuning riab
> euy, urang Bugis hungkul.
>
> Panasaran, ku uing teh di tanya. Kuanaon geuning mani riab. Sihoreng cenah
> maranehna teh,
> mahasiswa anyar, peserta angkatan ka-tilu program doktor, nu dikirim sarta
> meunang beasiswa
> ti Pemerintahan Propinsi Sulawesi Selatan. Tiap angkatan cenah aya 100
> urang nu dikirim
> ka berbagai nagara. Kiwari angkatan ka-tilu, meureun geus ngirmkeun 300
> urang.
> Eta program teh targetna rek nyitak 500 doktor.
>
> Nu menarik eta program teh, prioritasna keur guru-guru sakola SMP jeung
> SMA, sawareh pagawe Pemda.
>
> Beu nyaan nya serius tah, Gubernur Yasin Limpo teh, boga program nu real
> sarta puguh juntrunganana.
>
> Cing baraya sugan aya info, naon nya program unggulan Pemprop Jabar, nu
> cenah boga visi
> "Menjadi Propinsi Termaju dan Terdepan" teh.
>
> Mudah-mudahan we atuh Urang Sunda bisa ngamalkeun dawuhan karuhun nu boga
> papatah
> "Batur Arek, Urang Enggeus," ulah nepikeun ka jadi "Batur Enggeus, urang
> Acan," wae nya.
>
>
>
>  
>

Kirim email ke