Ari di cina mah meureun tanaga diploma teh dihargaan. Ari di urang? S1 wae kelasna geus mulai jiga kelas sma. S2 wae ayeuna geus jiga s1. Beuki luhur pendidikanana biasana beuki gede gengsina. Mudah2an we salah analisa sikuring.
Sent from my BlackBerry® powered by | Ki Runa Inawan™ | Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id -----Original Message----- From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 15 Sep 2011 23:55:33 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Atikan - Program Nyitak 500 Doktor Luar Nagri Pemprop Sulawesi Selatan Ari saur Direktur politeknik negeri Jakarta mah, China maju teh kusabab seueur lulusan Diploma alahbatan lulusan S1, S2 jeung S3. tenaga trampil madya ieu anu jadi ujung tombak industri. Ari S3 pan kaahlianana dina perkara nalungtik. HP BB buatan china, lisensina ti Kanada tapi diproduksi ku tanaga lulusan diploma lain ku doktor. mrachmatrawyani ________________________________ From: "[email protected]" <[email protected]> To: [email protected] Cc: Urang Sunda <[email protected]> Sent: Thursday, September 15, 2011 11:47 PM Subject: Re: [kisunda] Atikan - Program Nyitak 500 Doktor Luar Nagri Pemprop Sulawesi Selatan Teuuh nya ari batur, malay, aceh ayeuna bugis..... Sunda???? Masih beberes KBS nu kamari sigana mah. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 16 Sep 2011 14:42:30 +0800 To: Ki Sunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Cc: Baraya Sunda<[email protected]>; Urang Sunda<[email protected]> Subject: [kisunda] Atikan - Program Nyitak 500 Doktor Luar Nagri Pemprop Sulawesi Selatan Tadi mah rada awal indit jumaahan teh, ngudag kurban onta. Hehehe Lain baraya euy uing teh, tadi memeh jumaahan panggih jeung balad urang Bugis. Keur jongjon ngobrol, jul-jol balad-balad Bugis sejenna. Beu geuning riab euy, urang Bugis hungkul. Panasaran, ku uing teh di tanya. Kuanaon geuning mani riab. Sihoreng cenah maranehna teh, mahasiswa anyar, peserta angkatan ka-tilu program doktor, nu dikirim sarta meunang beasiswa ti Pemerintahan Propinsi Sulawesi Selatan. Tiap angkatan cenah aya 100 urang nu dikirim ka berbagai nagara. Kiwari angkatan ka-tilu, meureun geus ngirmkeun 300 urang. Eta program teh targetna rek nyitak 500 doktor. Nu menarik eta program teh, prioritasna keur guru-guru sakola SMP jeung SMA, sawareh pagawe Pemda. Beu nyaan nya serius tah, Gubernur Yasin Limpo teh, boga program nu real sarta puguh juntrunganana. Cing baraya sugan aya info, naon nya program unggulan Pemprop Jabar, nu cenah boga visi "Menjadi Propinsi Termaju dan Terdepan" teh. Mudah-mudahan we atuh Urang Sunda bisa ngamalkeun dawuhan karuhun nu boga papatah "Batur Arek, Urang Enggeus," ulah nepikeun ka jadi "Batur Enggeus, urang Acan," wae nya.
