leres pisan mang oman, sanes kuring dina posisi pro atawa kontra, tapi ningali 
sareatna mah memang di purwakarta jadi riab ku patung.

kunaon urusan patung di wanayasa teu rame? soalna ngan aya hiji patung di 
wanayasa mah. coba lamun bupati nyieunan patung nepi ka riab oge di wanayasa, 
dijamin bakal rame. hal ieu balik deui kana analisis kuring ngeunaan faktor 
kaleuleuwihi tea.

kusabab kawijakanna teu ngaakomodasi kepentingan sakabeh rahayat, nya hal2 kieu 
bisa jadi pemicu/pelor jang pihak2 nu dina segi pulitik beda paham jeung bupati.

matakna ku "musuh2na", faktor ngamonyah2 APBD jeung sentimen agama jadi pelor 
nu paling sering dipake.
nu karunya mah rahayat weh nu lolobana ngan saukur dipapanas ku lawan pulitik 
bupati eta.


--- In [email protected], oman abdurahman <omanarah@...> wrote:
>
> Ari riab teuing mah patungna, bari jeung teu aya pakuat-pakaitna jeung
> sajarah Purwakarta atawa jembarna sajarah Jabar nepi ka sajarah  Indonesia,
> nya munasabah gampang ngogan atawa ngadatangkeun kateupanujuan ti sabagean
> warga, komo ti warga anu mernahkeun salaku "pesaing" bupati mah. Di dieu
> kudu wijaksana na hiji pamimpin teh. Asa rada nangtang pihak nu lian jeung
> tembong pisan ngamonyah-monyah waragad nagara ngalobaan patung wayang teh.
> Matak naon eta waraga teh dipake ngalusan sarana umum (jalan, sumber cai,
> sakola, perpustakaan), tinimbang hayoh nyieunan patung anu matang ngundang
> "musuh" nyieun tindakan.
> 
> manar
> 
> 2011/9/20 Ki Hasan <khs579@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Enya pan ceuk laporan Kang Dikdik ge, eta riab teuing cenah patungna. Teu
> > sirikna unggal juru aya patungan.
> >
> > Coba mun ideu bupatina rada hideng jeung leuwih lega wawasanana, jigana
> > moal rame. Misalna unggal juru nyieun perpustakaan publik, ngarah urang
> > Purwakarta raresep maca.
> >
> > 2011/9/20 <jalakpakuan@...>
> >
> > **
> >>
> >>
> >> ** Kang Ilen lamun kabeh anggaran dibeakeun keur ongkosna mah sigana di
> >> purwakarta ge moal ribut atuh :)
> >>
> >> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> >> ------------------------------
> >> *From: * ilen kardani <ilen1017@...>
> >> *Sender: * [email protected]
> >> *Date: *Tue, 20 Sep 2011 03:33:05 -0700 (PDT)
> >> *To: *[email protected]<[email protected]>
> >> *ReplyTo: * [email protected]
> >> *Subject: *Re: [kisunda] Patung Pangeran Kornel --> Fw: Di Wanayasa
> >> Sabalikna --> Re: Agama jeung Seni?
> >>
> >>
> >>
> >> Ki Hasan,
> >>
> >> Enya kuring jadi tenang ari kitu mah, malahan mun percaya mah kadieukeun
> >> we kituh proyek meresan patung Pangeran Kornel teh, dijamin edun lah, ngan
> >> pasti mun kuring jadi arsitek na eta leungeun nu dipake salam ku Pangeran
> >> Kornel arek diganti ku leungeun katuhuna, moal nu kencana da teu sopan,
> >> piraku Pangeran Kornel teu boga tatakrama ngajak salam ku leungeun kenca
> >> onaman.Terus kerisna moal diacong-acong tapi arek diselipkeun dina
> >> sarangkana we bari dicekelan ku leungeun kenca..........Leuwih ginding 
> >> jeung
> >> genah katempona pan. Ngan wayahna anggaran nu 300juta arek dibeakeun kana
> >> ongkos wangunan, moal dibagi-bagi ka panitia tender atawa pemda, ngarah
> >> bener hasilna jeung ngeunah nu digawena.
> >>
> >> Baktosna,
> >>
> >> ilen kardani
> >>
> >> ------------------------------
> >> *From:* Ki Hasan <khs579@...>
> >> *To:* [email protected]
> >> *Sent:* Tuesday, September 20, 2011 4:57 PM
> >> *Subject:* Re: [kisunda] Patung Pangeran Kornel --> Fw: Di Wanayasa
> >> Sabalikna --> Re: Agama jeung Seni?
> >>
> >>
> >> Upama nitenan Kang Dikdik, salaku saksi lapangan, jigana kitu, Bah Willy.
> >> Jadi Kang Ilen teu kudu geumpeur patung Lodaya Bodas, moal dikua kieu
> >>
> >> 2011/9/20 waluya2006 <waluya2006@...>
> >>
> >> **
> >>
> >>  Upami kitu mah, meureun sanes kulantaran patung nu dianggap "berhala"
> >> atawa kulantaran ngaboroskeun anggaran , tapi kulantaran pegatna komunikasi
> >> politik antara nu pamarentah/ bupati jeung lawan politikna. Tuduhan patung
> >> musyrik jeung ngaboroskeun anggaran mah saukur alat wungkul ....
> >>
> >> WLY
> >>
> >>
> >> --- In [email protected], jalakpakuan@ wrote:
> >> >
> >> > Nya kumaha rahayat sumedangna bae naha ngomean/nyieun patung ditarima?
> >> Sengkel/prihatin sigana mah kamampuan pamimpin nangkep gereteg hate
> >> rahayatna. Lamun patung eta cocog jeung gereteg kareueus rahayat sumedang
> >> nya pastina malah didukung.
> >>
> >>
> >>
> >>
> >>
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke