Bah Waluya,

Enya bener si akang eta mah loba pisan di demo jadi Bupati teh, lain alatan 
korupsi tapi sabab nyentrik, coba we mun pareng ulin ka Purwakarta sok 
katingali dina plang gambar-gambar si akang make iket. Sababaraha taun katukang 
si akang kungsi di demo alatan ngomentar yen sora kacapi suling leuwih genaheun 
batan sora nu ngaji, puguh we atuh ngbalukarkeun hareudang ka nu panatik.



________________________________
From: Waluya <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, September 20, 2011 9:07 PM
Subject: [kisunda] Patung Pangeran Kornel --> Fw: Di Wanayasa Sabalikna --> Re: 
Agama jeung Seni?


  
Waktu taun tukang kuring ngobrol jeung dulur misan pamajikan nu urang 
Purwakarta, manehna nyebutkeun Pa Bupati teh Bupati Gapura da resep nyieun 
gapura. Pa Bupati oge cenah mah resep make iket barambang semplak (Kudu 
dikonfirmasi deui, leres henteuna). Nu jelas Bupati Purwakarta teh ngora keneh 
pisan, da waktu diangkast jadi Bupati umurna kakara 37 taun jeung kalahiran 
Subang, lain Purwakrta. Cenah mah Bupati Purwakarta teh kaasup bupati nu paling 
sering didemo.

Kanggo info lengkepna mangga baca biografina di 
http://www.tokoh-indonesia.com/ensiklopedi/d/dedi-mulyadi/biografi/01.shtml

WLY

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Enya pan ceuk laporan Kang Dikdik ge, eta riab teuing cenah patungna. Teu
> sirikna unggal juru aya patungan.
> 
> Coba mun ideu bupatina rada hideng jeung leuwih lega wawasanana, jigana moal
> rame. Misalna unggal juru nyieun perpustakaan publik, ngarah urang
> Purwakarta raresep maca.
> 


 

Kirim email ke