muga2 ki saprudin dihampura kasalahanana...! heuheu

On 13/10/2011, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:
> Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka
> ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor ka
> rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan
> aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring.
> Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut ka Ki
> Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), oge ka
> Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe eta
> aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, anak
> kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah
> sangkan diwarah".
> Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh
> masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan boh
> ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka imahna titah
> caramah kaagamaan.
> Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu
> harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting lalampahan
> kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki Bahin
> nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan
> make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu
> nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen, jalana teh "kuprak...kuprak....."
> sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna.
> Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya
> kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku abdi
> dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong
> dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain
> dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim
> reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana
> terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak
> haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa
> lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh"
>
> Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki
> Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki
> Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen
> handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya colen
> nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu
> shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru tempat
> bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug.
> Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung
> panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki
> Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki
> Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur
> nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju
> kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta colen.
> "Kcrek...kcrek....." Bray
>  eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana tungtung panakol bedug
> maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali nyetrekeun gas bensin eta
> colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek hurung bae". Terus panonna
> neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta colen teh dibabetkeun kana
> tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu geus nukeurkeun colen aing !!!
> Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih jelemana ku aing digantung
> huluna!!!!.
>
> Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu tos
> ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah
> Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin.


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
blog.boleh.com/kumincir
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke