Sanggeus disakompet duankeun ku Pa Adang, dina poe minggu isuk-isuk 
kira-kirajam 07.00 WIB kuring nyiapkeun strategi pikeun ngabaleus omongan Pa 
Adang waktu di sakola. Kuring muru warung sangu huduk Ibu Tinah anu kasohor 
pang gurihna jeung pang pelemna. Harita kuring meuli sangu huduk anu eusina 
semur tempe sakeret, goreng bala-bala jeung endog sahulu, hargana Rp. 150.  
Meunang ngabungkus, terus kuring menta uyah ka Ibu Tinah "Bu gaduh uyah teu" 
Ceuk Ibu Tinah "Gaduh, kangge naon jang?" Tembal kuring "Aya peryogi we, tiasa 
teu abdi nyuhunkeun dua sendok?" Teu kungsi lila Ibu Tinah ngasongkeun wadah 
uyah bari pokna "Ieu jang, nyandak we sacekapna". Kuring ngawadahan uyah dua 
sendok kana duan cau terus dibungkuskeun terus nganuhunkeun ka Ibu Tinah "Hatur 
nuhu Bu". Geus kitu kuring indit ka warung kolontong Ibu Ebah rek meuli kopi 
Liong sabungkus. Geus meli kopi, terus kuring balik ka imah. Di jero imah terus 
 kuring ka dapur nyokot muk (cangkir
 gede) terus dieusian kopi jeung uyah terus ditinyuh ku cipanas. Kopi 
diaduk-aduk ameh uyahna larut. Saterusna kuring kaluar imah bari mawa bungkusan 
sangu huduk jeung sacangkir kopi, terus muru ka imah si Ajot batur sakola lain 
kelas anu imahna henteu jauh jeung imah Pa Adang. Ajot murid anu deukeut jeung 
Pa Adang, da uanggal peuting si Ajot jeung batur-baturna sok ragem aya di imah 
Pa Adang. Kasampakeun harita si Ajot keur aya di imahna. "Jot kuring ieu 
katitipan bungkusan sangu huduk jeung sacangkir kopi pikeun Pa Adang" ceuk 
kuring ka si Ajot. "Leuh sangu huduk ti saha? Tara tisasari maneh bura bere 
kieu ka Pa Adang. Atuh anteurkeun we ku maneh sorangan?" tembal si Ajot. Ceuk 
kuring "Iiih manehmah,  ieu sangu huduk jeung kopi lain ti kuring, tapi titipan 
ti Ibu Nita. Pan maneh anu deukeut jeung Pa Adang maneh. Kieu Jot, basa kuring 
keur lulumpatan olah raga, panggih jeung Ibu Nita di warung huduk Ibu Tinah, 
manehna meuli sangu huduk jeung mawa
 sacangkir kopi, basana ceuk Ibu Tinah : Ieu panganterkeun ka Pa Adang" 
Ibu Nita nyaeta salah sahiji guru di sakola kuring anu ngajar pelajaran 
Keterampilan jeung Kesenian. Ceuk beja Ibu Nita jeung Pa Adang keur 
deudeukeutan (bobogohan), da maranehna masih keneh pada lajang.
"Heueuh kitu mah, ku kuring dianteurkeun ka Pa Adang" ceuk Ajot katingalina 
sumanget pisan. "Tapi bejakeun ieu sangu huduk langsung ti Ibu Nita, ulah 
palantaran kuring nyah, geura indit anteurkeun, sugan maneh meunang ponten alus 
ti Pa Adang" ceuk kuring nitah si Ajot supaya buru-buru mikeun bungkusan sangu 
huduk. Leos we si Ajot indit, bari kuring nuturkeun rada anggang ti tukang.
 
Kacaritakeun di imah Pa Adang harita manehna keur aya di teras imah keur 
nyihaneut gogodoh (pisang goreng). si Ajot langsung mikeun eta bungkusan sangu 
huduk ka Pa Adang. "Pa ieu sangu huduk sareng cikopi titipan ti Ibu Nita" Pa 
Adang rada ngerungkeun beungeut, rada heran "Ti bu Nita, ari maneh panggih 
dimana jeung Ibu Nita" ceuk Pa Adang ka Ajot. Tembal Ajot ngabohong "Tadi nuju 
abdi lari pagi, pendak sareng Ibu Nita di warung sangu huduk Ibu Tinah". Ceuk 
Pa Adang "Ooh kitu" bari eta bungkusan sangu huduk dibuka "Geuning haneut keneh 
Jot jaba ieu cikopina panas keneh, cocok ieu mah, maneh hayang Jot?" Pa Adang 
nawaran si Ajot, ceuk si Ajot "Nuhun Pa, kaleresan abdi tos sarapan, abdi 
ngiring raos we" Am eta sangu huduk didahar ku Pa Adang "duh meni pulen ieu 
sangu huduk, bisaan nyah nu nyieun ieu sangu huduk" ceuk Pa Adang, eta 
bungkusan sangu huduk ampir erep, geus kitu kop kana cikopi, terus surudut 
cikopi diuyup, teu lila cikopi diburakeun deu
 bari pokna "Aduh jador ieu cikopi naon!!! Rasana meni asin kieu!!" Ajot anu 
harita diuk dina korsi gigireunna olohok "Duka atuh Pa, dan abdi mah mung 
sakadar nyandak" tembal Ajot.
Kuring dipikajauhan nempokeun henteu kuat hayang seuri dina hate ngomong 
"Kabayar, impas ayeuna mah, mantakan ulah nyakompet daunkeun" terus ngibrit 
lumpat........... the end.
Kuring anu 

Kirim email ke