Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use . "Anak-anak berhubung kapur tulis tidak ada, maka Bapak akan mendiktekan soal ini, dan agar ditulis di buku masing-masing. Tolong perhatikan baik-baik : jika panjang sebatang kawat diketahui ukurannya adalah 10 m, kemudian kawat tersebut akan dibuatkan model balok dengan dengan ukuran 5 cm X 4 cm X 3 cm. Pertanyaannya adalah berapa banyak model balok yang dibuat? kitu ceuk Pa Adang ngadiktekeun soal Matematika. Celetuk kuring ngomong : "Pak susah amat soalnya, kira-kira hasilnya berapa banyak Pak?" Pa Adang nembal rada judes : "Teuing, pan aing mah mere soal, maneh nu kudu ngajawab". Otak kuring rada leneng meunang soal kitu, kudu muter otak bener ieu mah. Ret ka babaturan sabeulah anu ngaranna Iwan "Wan bisa teu maneh ngajawab soal ieu". Si Iwan nembal sangeunahna "Tanyakeun ku maneh ka tukang bangunan, da tukang bangunan mah geus teu bireuk deui kana urusan kieu mah, aing mah boroning nyaho soalna, nyatet ge hanteu" bari heuay calangapna gede pisan. "Ih dasar belegug siah mah, ceunah hayang jadi arsitektur" tembal kuring rada keuheul. Terus si Iwan nembal : "Heueuh arsitektur nyieun kandang hayam". "Sudah jangan ribut, kerjakan!! Jika sudah selesai kumpulkan di meja Bapak! Kerjakan, Bapak kasih waktu 30 menit!!" ceuk Pa Adang terus gek diuk dina korsina. Kuring ngotret jawaban, ceuk kuring dina hate kawat panjangna 10 m = 1000 cm, balok boga opat sisi nyaeta panjang, lebar jeung luhur, jadi mun eta kawat rek dijieun model balok, itungana pasti 4 (5 cm) + 4 (4 cm) + 4 (cm) = 48 cm. Jadi 1.000 cm : 48 cm = 20,833. Hartina kawat ieu bisa dijieun model balok lobana 20 model jeung sisa kawan anu henteu kapake 0,833 X 48 cm = 39,984 cm, jadi jawabanna 20. Geus rengse kutrat kotret, kuring henteu buru-buru mikeun eta jawaban, nempo heula babaturan harita keu aranteng ngagawean soal can aya anu rengse. Sakapeung keur ngariksa jawaban soal, ujug-ujug si Iwan nangtung bari ngomong : "Pak...Pak, saya tahu jawabannya sebanyak 200 buah model balok". Harita barudak ngadenge omongan si Iwan atuh geur bae sareuri, salah sahiji babaturan nembal pokna teh "Loba teuing nyet, naon maneh rek dagangan?". Pa Adang nempo polah si Iwan" Bagus kalau kamu tahu, berarti sudah selesai. Kalau sudah selesai letakkan di meja Bapak sini" Tapi si Iwan bari gagaro teu arateul pokna "Aduh pak belum saya tulis jawabannya di buku". Eta Pa Adang ngadenge omongan si Iwan jung nangtung terus muru nyampeurkeun ka si Iwan bari "Plok....Plok...Plok" tilu kali buku dicabokkeun kana beungeut si Iwan bari ambek "Siah, tikamari ceuk aing oge diukna ulah jeung si Isep, kabawakeun belegug siah" terus balik deui kana korsina, katempo rada beureum beungeutna. Kuring anu teu ngarasa nyieun masalah disakompet daunkeun ngarasa teu ngeunah, pedah kuring budak bangor, anu nyieun pokal batur, kuring anu kena getahna. Terus kuring maju ka hareup ngagembol tas muru meja Pa Adang bari mikeun jawaban soal, geus kitu kuring ngomong, song ngasongkeun kertas jawaban "Pak ini jawaban soal yang saya kerjakan dan saya pamit mau pulang karena ada urusan penting". kuring ngoloyor muru panto kelas rek kaluar. Tapi Pa Adang nyaram bari leungeuna nyekelan leungeun kuring "Mau kemana kamu, jam pulang masih 15 menit lagi" Kuring ngepeskeun cekelan leungeun Pa Adang terus nembal "Pak saya ini emang nakal, tapi kalau urusan pelajaran saya serius, Bapak bisa periksa jawaban soal ini" terus ngibrit ka luar bari dina hate awas siah Adang ku aing digawean di luar.
Hanca........................
