Dicaangkeun di alam kuburna, amin ya robbal alamin... :P
-----Original Message----- From: Ki Hasan Sent: 14/10/2011 10:39:03 pm Subject: Re: [kisunda] Lawas ti lawas basa keur budak sing ditampi iman islamna, hehehe 2011/10/14 Kumincir Wikidisastra <[email protected]> > ** > > > muga2 ki saprudin dihampura kasalahanana...! heuheu > > > On 13/10/2011, Sp Saprudin <[email protected]> wrote: > > Ceuk batur budak purunyus jeung bangor, salembur geu teu bireuk deui ka > > ngaran kuring. Bengal kabina-bina taya papadanna, purunyus jeung bangor > ka > > rea jalma, utamana ka jalmi anu parantos sepuh (aki-aki). Mindeng pisan > > aki-aki jadi sasaran kabangoran kuring. > > Jalmi sepuh anu kiwari tos mulang raga alias maot. Masih keneh ingeut ka > Ki > > Nursam (almarhum), ka Ki Bahim (almarhum), ka Ki M. Qoli (almarhum), oge > ka > > Ki Gawi (almarhum). Aranjeuna anu pernah ku kuring diheureuyan, sampe eta > > aki-aki ararambek kana sikap polah kuring, basana teh "Anak culangung, > anak > > kurang ajar, ka kolot geus kumawani, awas siah dibejakeun ka Aki Siah > > sangkan diwarah". > > Kuring boga aki saumuran jeung aki-aki ieu. Aki kuring katelah tokoh > > masyarakat jeung tokoh agama. Urang lembur mun boga hajat boh nyunatan > boh > > ngawinkeun song datang ka Aki kuring, maksudna supaya datang ka > imahna titah > > caramah kaagamaan. > > Kacaritakeun hiji mangsa dur bedug Isya ki Bahim angkat ka mushola. Waktu > > harita can aya listrik beurang peuting model kiwari. Mun peuting > lalampahan > > kudu make senter batre atawa colen (obor). Anu biasa dilakukeun ku Ki > Bahin > > nyaeta mawa colen jeung sok make sendal merk Lily anu handapna ditambalan > > make kaleng basana teh ameh awet. Ari jalan rada bongkok, leungen katuhu > > nyekel iteuk, leungen kenca nyekel colen, > jalana teh "kuprak...kuprak....." > > sada sendalna, jeung "uhuku....uhuk....uhuk....." sada batukna. > > Kuring ningali Ki Bahim angkat ka Mushola, nuturkeun tuakeungeunna, nanya > > kamanehna "Ki bade kamana, eta meni kitukatingalina, sok kadieu Ki ku > abdi > > dituntun". Ceuk Ki Bahim "Biasa Aki mah rek ka mushola, keun bae tong > > dituntun da Aki oge masih keneh kaduga". Ku Kuring eta Ki Bahim lain > > dituntun, malah itekna dicokot ku kuring bari ngibrit lumpat. Ki Bahim > > reuwas, nempo itekna dicokot ku kuring, bari menerkeun kacamatana > > terus ceuceuleuweungan (ngoceak) : "Eta geuning....eta geuning.......anak > > haram jadah, sugan teh enya rek nuntun aing, eta malah iteuk aing dibawa > > lumpat,balikkeun eta itek aing, gelo sugan budak ta teh" > > > > Kacaritakeun lalakon anu lain, nyaeta Ki Nursam, sarua saumuran jeung Ki > > Bahim, mun angkat ka Mushola oge sok mawa colen (obor). Waktu harita Ki > > Nursam tos nyampe ka Mushola, eta colen dipareuman terus sok disimpen > > handapeun bedug disenderkeun kana tembok. Kuring geus teunget mun aya > colen > > nyender di juru deket bedug pasti anu bogana Ki Nursam. Harita kuring ilu > > shalat Isya berjamaah. Bada shalat Isya tos salam kuring ngabrit muru > tempat > > bedug, maksudna rek nukeurkeun colen Ki Nursam jeung panakol bedug. > > Kabeneran ukuran colen jeung panakol sapadan (saukuran) gede jeung > > panjangna. Kop kuring nyokot panakol bedug ditukeurkeun jeung colen Ki > > Nursam, geus kitu leos indit ka luar mushola cicing diteras nungguan Ki > > Nursam kaluar. Teu kungsi lila dipelebah panto katembong Ki Nursam keur > > nyekel colen anu geus diganti ku kuring. Leungeunna ngodok kantong baju > > kampret (koko) ngaluarkeun gas bensin anu maksudna rek nyeungeut eta > colen. > > "Kcrek...kcrek....." Bray > > eta gas bensin hurung, terus song diasongkeun kana tungtung panakol bedug > > maksudna rek nyeungeut colen. Geus babaraha kali nyetrekeun gas bensin > eta > > colen teu dek hurung "Kunaon ieu coleh teu dek hurung bae". Terus panonna > > neges-negeskeun eta colen, teu lila lung eta colen teh dibabetkeun kana > > tembok mushola bari ngambek "Saha jelemana nu geus nukeurkeun colen aing > !!! > > Pantesan teu dek hurung bae!!! Mun panggih jelemana ku aing digantung > > huluna!!!!. > > > > Tah kitu, carita lawas ti lawas basa keur budak. Hampura Ki kuring anu > tos > > ngaheureuyan. Mudah-mudahan we aranjeun anu tos marulang diraksa ku Allah > > Swt, dihampuran sagala kasalahana jeung ditarima amal ibadahna, amiin. > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > kumincir.multiply.com > blog.boleh.com/kumincir > www.urang-sunda.or.id > su.wikipedia.org > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
