Neangan wacana Sumpah Pamuda di media online, berekah lasut. Noongan Tempo
Interaktif, teu manggih, kalah aya warta cenah Wanda Hamidah rajin cek
payudara. Di Kompas online pon kitu deui, teu manggih, kalah manggih beja
cenah Singapur nu teu boga gunung seuneu, malah geus ngacir miheulaan
lembur urang nyieun pusat riset gunung seuneu. Tribun Jabar ge luput euweuh
bejana, kalah manggih info aya aki-aki tujuh mulud 120 taun kawin deui. Ngan
ukur manggih di Pikiran Rakyat online, kitu ge ukur ngabejaan cenah Wapres
jeung Menpora rekngahadiran uopacara mieling 83 taun Sumpah Pamuda. Geus
kurang raresepeun sumpah jigana mah nya.