Hehehe, lalawora, eta Kang Oman teh kasepuhan ieu milis. Ahli geologi, Kang Oman mah, Kang Udin.
2011/10/28 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Punten, hoyong teurang abdi, upami Pa Oman Abdurahman teh sanes ieu : > > http://www.tempointeraktif.com/hg/politik/2010/09/02/brk,20100902-275906,id.html > Mudah-mudahan sanes nyah. > > *Dari:* oman abdurahman <[email protected]> > *Kepada:* [email protected] > *Cc:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda < > [email protected]> > *Dikirim:* Jumat, 28 Oktober 2011 9:50 > *Judul:* [kisunda] Re: [Urang Sunda] 83 Taun Sumpah Pamuda? > > > Di media TV anu rada lumayan teh. Di salah sahiji statsiun TV tadi isuk2 > diwartakeun dua urang pamuda anu beda jeung nu sejen, ngarora keneh (paling > kolot lalaki, 26 taun) geus ngabogaan karya anu picontoeun. > > Anu kahiji, wanoja, ngajar di kampung jauh mela-melu ti kota, di wewengkon > Banten. Anjeunna salila di Banten nganjrek di bumi hiji nini2 umur 80 taunan > (da ngan eta2na bumi anu aya ruang/kamer kosong keur dicicingan ku > pendatang). Atuh anu indekos teh lain dikawulaan, tapi malah ngawulaan anu > boga imah. Jaba si wanoja teh teu bisa basa Sunda oge basa Jawa, sok sanajan > Sunda / Jawa Bantenan. Tapi anjeunna teu gimir, terus maju ngabaktikeun elmu > pangaweruh jeung tanagana pikeun ngamajukeun pendidikan di eta wewengkon. > Ceuk dongeng anjeunna, di dinya loba anu kasebutna geus kelas VI SD tapi > tacan bisa ngagunakeun basa Indonesia oge. > > Anu hiji deui, pamuda, alias lalaki, umur 26 taunan anu geus jadi > pengembang perumahan. Anjeunna ngayakeun program rumah murah (harga total > imah jeung tanahna rp 25 juta), dicicil bulanan, murah pisan, keur rahayat > satempat. Tapi, sok sanajan murah, ieu imah cukup weweg (keur gambaran, > hateupna wae make rangka baja). > > Alhamdulillah aya keneh pamuda2 tuladaneun. > > Salam, > manar > > 2011/10/28 Ki Hasan <[email protected]> > > ** > > Neangan wacana Sumpah Pamuda di media online, berekah lasut. Noongan > Tempo Interaktif, teu manggih, kalah aya warta cenah Wanda Hamidah rajin cek > payudara. Di Kompas online pon kitu deui, teu manggih, kalah manggih beja > cenah Singapur nu teu boga gunung seuneu, malah geus ngacir miheulaan > lembur urang nyieun pusat riset gunung seuneu. Tribun Jabar ge luput euweuh > bejana, kalah manggih info aya aki-aki tujuh mulud 120 taun kawin deui. Ngan > ukur manggih di Pikiran Rakyat online, kitu ge ukur ngabejaan cenah Wapres > jeung Menpora rekngahadiran uopacara mieling 83 taun Sumpah Pamuda. Geus > kurang raresepeun sumpah jigana mah nya. > > > > > > >
