Mun ngaguar sajarah yen "Sumpah Pemuda"  anu diaklamasikeun tahun 1927 anu 
harita keur diayakeun Kongres Pamuda ka II. Sumpah Pamuda digagas ku Suwandi 
Suryaningrat ( Ki Hajar Dewantara). Mun ngaruntut sajarah yen Sumpah Pamuda 
mangrupakeun kaprihatinan, sanasib, sapananggungan sakabeh jalma anu multi 
etnik di nusantara pikeun ngabela lemah cai jeung ngabela hak-hakna salaku 
manusia bebas tina sagala panindasan bangsa deungeun. Ieu anu dijadikan awal 
tina ngadegkeun konsep nagara kasatuan Indonesia anu multi etnik = "satu 
bangsa, satu bahasa dan satu tanah air = Bhineka Tunggal Ika".  Hasil 
pangorbanan jeung perjuangan para Pamuda, kiwari urang boga nagara anu ngaranna 
NKRI, scara de facto jeung de jure NKRI diaku ku sakabeh bangsa di dunya, 
nagara anu merdeka tina panindasan bangsa deungeun.
Geus boga nagara NKRI merdeka tina sagala bentuk penindasan bangsa deungeun, 
kiwari tinggal ngeusi kupangwangunan sagala widang. Kiwari urang geus bisa 
nempo hasil tina pangwangunan loba kamajuan. Maju tina widang pertanian 
ningkatkeun swasembada pangan nasional bari beas ngimpor terus. Maju tina 
pangwangunan inprastruktur - jalan tol, gedong-gedong laluhur jeung sajabana 
bari meunang ngahutang, maju widangnpendidikan loba sarjana balatak, tapi teu 
weleh loba jalma buta hurup. Anu henteu eleh siap tina kamajuan NKRI nyaeta 
KORUPSI anu ngarajalela tiunggal poloksok (PUSAT jeung DAERAH).
 
Jadi tumpuan jeung harepan pikeun kalansungan hirup berbangsa jeung nagara aya 
tina pundak Pamuda. Mun pamudana kiwari boga komiten anu sasuai jeung komiten 
SUMPAH PAMUDA, niscaya kelangsungan kahirupan berbangsa jeung bernagara bakal 
kacapai anu ngarana GEMAH RIPAH REPEH RAPIH.
 
Kitu ceuk mamang mah......
 
 
Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: Ki Sunda <[email protected]>
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]>
Dikirim: Jumat, 28 Oktober 2011 8:34
Judul: [kisunda] 83 Taun Sumpah Pamuda?


  
Neangan wacana Sumpah Pamuda di media online, berekah lasut. Noongan Tempo 
Interaktif, teu manggih, kalah aya warta cenah Wanda Hamidah rajin cek 
payudara. Di Kompas online pon kitu deui, teu manggih, kalah manggih beja cenah 
Singapur nu teu boga gunung seuneu, malah  geus ngacir miheulaan lembur urang 
nyieun pusat riset gunung seuneu. Tribun Jabar ge luput euweuh bejana, kalah 
manggih info aya aki-aki tujuh mulud 120 taun kawin deui. Ngan ukur manggih di 
Pikiran Rakyat online, kitu  ge ukur ngabejaan cenah Wapres jeung Menpora 
rekngahadiran uopacara mieling 83 taun Sumpah Pamuda. Geus kurang raresepeun 
sumpah jigana mah nya. 


Kirim email ke