Di media TV anu rada lumayan teh. Di salah sahiji statsiun TV tadi isuk2 diwartakeun dua urang pamuda anu beda jeung nu sejen, ngarora keneh (paling kolot lalaki, 26 taun) geus ngabogaan karya anu picontoeun.
Anu kahiji, wanoja, ngajar di kampung jauh mela-melu ti kota, di wewengkon Banten. Anjeunna salila di Banten nganjrek di bumi hiji nini2 umur 80 taunan (da ngan eta2na bumi anu aya ruang/kamer kosong keur dicicingan ku pendatang). Atuh anu indekos teh lain dikawulaan, tapi malah ngawulaan anu boga imah. Jaba si wanoja teh teu bisa basa Sunda oge basa Jawa, sok sanajan Sunda / Jawa Bantenan. Tapi anjeunna teu gimir, terus maju ngabaktikeun elmu pangaweruh jeung tanagana pikeun ngamajukeun pendidikan di eta wewengkon. Ceuk dongeng anjeunna, di dinya loba anu kasebutna geus kelas VI SD tapi tacan bisa ngagunakeun basa Indonesia oge. Anu hiji deui, pamuda, alias lalaki, umur 26 taunan anu geus jadi pengembang perumahan. Anjeunna ngayakeun program rumah murah (harga total imah jeung tanahna rp 25 juta), dicicil bulanan, murah pisan, keur rahayat satempat. Tapi, sok sanajan murah, ieu imah cukup weweg (keur gambaran, hateupna wae make rangka baja). Alhamdulillah aya keneh pamuda2 tuladaneun. Salam, manar 2011/10/28 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Neangan wacana Sumpah Pamuda di media online, berekah lasut. Noongan Tempo > Interaktif, teu manggih, kalah aya warta cenah Wanda Hamidah rajin cek > payudara. Di Kompas online pon kitu deui, teu manggih, kalah manggih beja > cenah Singapur nu teu boga gunung seuneu, malah geus ngacir miheulaan > lembur urang nyieun pusat riset gunung seuneu. Tribun Jabar ge luput euweuh > bejana, kalah manggih info aya aki-aki tujuh mulud 120 taun kawin deui. Ngan > ukur manggih di Pikiran Rakyat online, kitu ge ukur ngabejaan cenah Wapres > jeung Menpora rekngahadiran uopacara mieling 83 taun Sumpah Pamuda. Geus > kurang raresepeun sumpah jigana mah nya. > > > >
