kang saprudin aya aya wae pa oman dihubungkeun jeung teroris... namina sami 
tapi benten jalmi^^



________________________________
Dari: Sp Saprudin <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Jumat, 28 Oktober 2011 14:13
Judul: Bls: [kisunda] Re: [Urang Sunda] 83 Taun Sumpah Pamuda?


  
Aduh hebat ahli bumi geuning, punten Pa Oman kuring tos suudzon. Atuh 
mudah-mudahan elmu pamake Pa Oman tiasa ngabantos sareng  ngajungjungkeun 
darajat nagara urang tina ngoptimalkeun sumber daya alam anu aya di jero bumi. 
Apan Geologiwan mah sok ulukuteuk jeung neangan eusi jero bumi.....
 
Bagea Pa Oman....gaduh isteri sabaraha Pa?
 
Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Jumat, 28 Oktober 2011 12:45
Judul: Re: [kisunda] Re: [Urang Sunda] 83 Taun Sumpah Pamuda?


  
Hehehe, lalawora, eta Kang Oman teh kasepuhan ieu milis. Ahli geologi, Kang 
Oman mah, Kang Udin.


2011/10/28 Sp Saprudin <[email protected]>

 
>  
>Punten, hoyong teurang abdi, upami Pa Oman Abdurahman teh sanes ieu :
>http://www.tempointeraktif.com/hg/politik/2010/09/02/brk,20100902-275906,id.html
>
>Mudah-mudahan sanes nyah.
>
>
>Dari: oman abdurahman <[email protected]>
>Kepada: [email protected]
>Cc: Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda 
><[email protected]>
>Dikirim: Jumat, 28 Oktober 2011 9:50
>Judul: [kisunda] Re: [Urang Sunda] 83 Taun Sumpah Pamuda?
> 
>
>
>  
>Di media TV anu rada lumayan teh. Di salah sahiji statsiun TV tadi isuk2 
>diwartakeun dua urang pamuda anu beda jeung nu sejen, ngarora keneh (paling 
>kolot lalaki, 26 taun) geus ngabogaan karya anu picontoeun. 
>
>Anu kahiji, wanoja, ngajar di kampung jauh mela-melu ti kota, di wewengkon 
>Banten. Anjeunna salila di Banten nganjrek di bumi hiji nini2 umur 80 taunan 
>(da ngan eta2na bumi anu aya ruang/kamer kosong keur dicicingan ku pendatang). 
>Atuh anu indekos teh lain dikawulaan, tapi malah ngawulaan anu boga imah. Jaba 
>si wanoja teh teu bisa basa Sunda oge basa Jawa, sok sanajan Sunda / Jawa 
>Bantenan. Tapi anjeunna teu gimir, terus maju ngabaktikeun elmu pangaweruh 
>jeung tanagana pikeun ngamajukeun pendidikan di eta wewengkon. Ceuk dongeng 
>anjeunna, di dinya loba anu kasebutna geus kelas VI SD tapi tacan bisa 
>ngagunakeun basa Indonesia oge.
>
>Anu hiji deui, pamuda, alias lalaki, umur 26 taunan anu geus jadi pengembang 
>perumahan. Anjeunna
 ngayakeun program rumah murah (harga total imah jeung tanahna rp 25 juta), 
dicicil bulanan, murah pisan, keur rahayat satempat. Tapi, sok sanajan murah, 
ieu imah cukup weweg (keur gambaran, hateupna wae make rangka baja). 
>
>Alhamdulillah aya keneh pamuda2 tuladaneun.
>
>Salam,
>manar 
>
>
>2011/10/28 Ki Hasan <[email protected]>
>
> 
>>  
>>Neangan wacana Sumpah Pamuda di media online, berekah lasut. Noongan Tempo 
>>Interaktif, teu manggih, kalah aya warta cenah Wanda Hamidah rajin cek 
>>payudara. Di Kompas online pon kitu deui, teu manggih, kalah manggih beja 
>>cenah Singapur nu teu boga gunung seuneu, malah  geus ngacir miheulaan lembur 
>>urang nyieun pusat riset gunung seuneu. Tribun Jabar ge luput euweuh bejana, 
>>kalah manggih info aya aki-aki tujuh mulud 120 taun kawin deui. Ngan ukur 
>>manggih di Pikiran Rakyat online, kitu  ge ukur ngabejaan cenah Wapres jeung 
>>Menpora rekngahadiran uopacara mieling 83 taun Sumpah Pamuda. Geus kurang 
>>raresepeun sumpah jigana mah nya.
>>
>>
>>
>>
>
>
>



 

Kirim email ke