Hahaha cik Bi aya link youtube atawa mp3-na teu? Nu versi eta mah asa can 
ngadangu euy...

Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
www.dkabayan.com
ti urang, ku urang, keur balarea

-----Original Message-----
From: Yeni Kurniatin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Fri, 4 Nov 2011 22:21:28 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan

*Haturan kanggo mang Kabayan*

*Kanggo cooling down saatos mijah*

*
*

*CEURIK RAHWANA*

*Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.*

*Lagam : Cianjuran*

*Laras : Madenda*

*Banon dari anu lucu*

*Bojo akang anu geulis…. Geulis….*

*Kadieu sakeudeung heula*

*Akang rek mere pepeling…. Aduh*

*Geura sambat indung bapa*

*Samemeh akang pinasti*

*Aduh enung anu ayu*

*Nu geulis pupujan ati…. Geuning….*

*Akang tangtu ngababatang*

*Samemeh akang pinasti… aduh*

*Aduh geulis … akang pinasti*

*Erek menta dihampura*

*Lahir tumekaning batin*

*Kaduhung akang kaduhung*

*Kataji nu lain lain.. geuning…*

*Kaiwat goda rancana*

*Kagembang ku sintawati…aduh…*

*Geuning kieu balukarna*

*Malindes balik ka diri*

*Banondari akang ampun*

*Rumasa geus nganyenyeri… geuning*

*Salawasna dikakaya*

*Nyandung geus puluhan kali…aduh…*

*CEURIK RAHWANA (2)*

*Maneh nu sabar tawekal*

*Doraka akang kabadi*

*Ayeuna tepung panungtung*

*Jeung akang moal panggih deui…geuning*

*Akang menta dihampura*

*Kaawak maneh nu geulis…aduh*

*Poma ulah rek gagabah*

*Mun boga salaki deui*

*Ulah milih anu weduk*

*Anu gagah rongkah sakti… geuning*

*Nu dugal sartabasangkal*

*Boga rasa ieu aing…aduh..*

*Lalanang dikolong jagat*

*Bakti manggulang mangguling*

*Nu weduk teu burung ajur*

*Nu sakti tanwande mati…geuning…*

*Nu dugal teu burung ajal*

*Da taya anu linuwih…aduh…*

*Sakumna mahluk di dunya*

*Wekasan nana mah sami*


2011/10/26 Mang Kabayan <[email protected]>

> **
>
>
> ** Gueee bangeeeet hahahaha kuriiiiing pisaaan... Cocok ieu lagu Kang
> hahaha... Komo palebah kokorowot jeung keukeureuweut mah hehehe.
>
> Mun bisa mah lagu-2 kieu teh di rilis deui ieu... Di mix tradisional jeung
> modern ameh rame generasi ngora apal...
>
> Siga ayeuna di Trans TV kuring rajin nongton Comedy Project tea... Aya
> dalang jeung si cepot sagala euy... Tim kreatip-na alus pisan... Maju
> teruuuuus kasundaan :).
>
> Nuhuuuuuns,
> Mang Kabayan
> www.dkabayan.com
> ti urang, ku urang, keur balarea
> ------------------------------
> *From: * Irpan Rispandi <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Wed, 26 Oct 2011 17:10:54 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Cc: *<[email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Banondari - Jaipongan
>
>
>
> Salahsahiji lagu karesep kuring. ^_^
>
> http://www.youtube.com/watch?v=guacjgbXIDw
>
> [Rahwana]
> Eeeeee..
> banondari anu denok anu montok matak moho matak pogot
> anu geulis meni amis nu endah matak kabita, duuh..euiiisss..
> I love you i love you darliiingng ... (naha leres kang?)
>
> Ngan hanjakal euis teh henteu kaopan
> gampil bendu mun kasinggung perasaan
> tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni norostos
> cerewed lir manuk toed, duh darliiingng... (saur saha kang?)
> Ait... ciahahahaha.....
>
> Najan kitu diri nyai tetep narik, imutna matak kapincut, dilakna matak
> tibelat,
> Lambey ipis lir kueh lapis, mun digegel tangtu amis
> aduh tobat geuliiis....
> Iyaaaahhhhhhh hahahahah....
>
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>
> [Banondari]
> Engkaaangng....sembaheun abdi narpati nu gagah sakti (iyayaya akang e'
> gagah sakti ae!)
> Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita, teu perduli aya nuboga,
> engkaaangg.... (eta urusan akang e' nyai)
> Di dunya taya duana pameget nu kawas engkaaang
> waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung purah ngudag-ngudag
> bikang, aduh engkaaang....(ae! iyahahahaha....)
>
> Diraksukan ku henteu matut, dilancingan oge randutdut
> kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong
> aduh engkaaangng...(e' saha nu kos barongsay nyai?)
>
> [Rahwana]
> Eeee.....Banondari ulah kitu, cinta engkang teh saestu,
> lain cinta imitasi, tapi cinta nu sajati,
> cinta engkang mah teknologina canggih. (Canggih?) euiiis...
> Iyaaa hahahaha.....
> Cinta engkang dijamin moal rek luntur
> Cintaku hanya untukmu (masa sih?)
> Dunya brana teu kabilang, neundeun duit di unggal bank, Emas inten
> golondongan.
> kop kabeh eta keur nyaiii...ae! iyahahahaha.... (boong kali)
> Bisi hayang pelesiran langlang jagat bari shopping ka unggal nagara
> ka Jepang reujeung ka Hongkong, ka New York reujeung ka Paris
> Atawa rek ka Cilingcing, pek atuh geura balaka
> kahayang pasti aya, asal bener cinta ka akang
> Aduh tobat geuliis...Iyahahahaha...
>
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>
> [Banondari]
> Engkaaang....(Akang nyai?)
> Engkang teh geuningan bodo, ngarayu karana sono, nyombo bari
> ngolo-ngolo, engkaaang....(Naon akang kuno?)
> Cinta sanes komoditi, teu bisa dibeuli-beuli, najan ayeuna keur trendi,
> atawa ditawar-tawar najan dibayar ku dolar abdimah da henteu hayang.
> Aduh engkang playboy aduh playboy aduh playboy Engkaang..(kumaha lamun
> ku rupiah cu?)
>
> Pameget mah dimana-mana ge sami, mun keur pogot sok kokorowot
> mun keur geugeut keukeureuweut, mun can beunang panasaran,
> Engkaang... Panasaaran (iyaaah... panasaraaan ha..ha..ha..)
>
>   
>



-- 
www.bioeti.com
il n'y a pas de choses impossible mais seulement des choses difficiles

Kirim email ke