ieu lagu jaipongan nyah .... hayu ngigel....plak ting pung plak ting pung durut 
dut..dut..dut plaku pung plak plung..

Dari: Yeni Kurniatin <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Senin, 7 November 2011 11:17
Judul: Re: Bls: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan


  
http://www.4shared.com/audio/Ln3yLOHe/ceurik_rahwana_tangis_anjani_k.html

persi MP3-na nyanggakeun.


2011/11/7 Sp Saprudin <[email protected]>

  
>luhur linuhung geuning basa sunda teh nyah......
>ngabatang teh horeng sarua jeung modar he..he..
>Weduk horeng teu teurak di kadek nyah, oh mun kitu mah kuring boga elmu 
>weduk, teu terak dikadek he..he..
>
>
>Dari: Oman Abdurahman <[email protected]>
>Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
>Cc: "[email protected]" <[email protected]>
>Dikirim: Senin, 7 November 2011 10:33
>Judul: Re: Bls: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan
>
>
>
>  
>Ngababatang = jadi siga batang/kai/gebog = ngajepat teu usik teu malik = jadi 
>mayit = maot
>Kaiwat goda rencana = kabawa ku gogoda = beunang kagoda
>Weduk = kebal, teu teurak ku pakarang (conto: lamun dikadek teu cecel teu 
>bocel)
>Tumekaning : asalna tina kecap "tekan" (sarua jeung basa Jawa) = datang, nepi, 
>anjog; make rarangken "um" di tengah jeung "ing" di akhir: harepan (anu 
>terus2an) ngeunaan kadatangan 
>
>Sent from my iPhone 
>Oman Abdurahman
>
>On 7 Nov 2011, at 10:16, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:
>
>
>  
>>Punten ari kecap di handap ieu ngandung hartos naon?
>>Ngababatang =
>>Kaiwat goda rancana =
>>weduk =
>>Nu dugal sartabasangkal =
>>Tumekaning =
>> 
>> 
>> 
>>
>>
>>Dari: Yeni Kurniatin <[email protected]>
>>Kepada: [email protected]
>>Dikirim: Jumat, 4 November 2011 22:21
>>Judul: Re: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan
>>
>>
>>  
>>Haturan kanggo mang Kabayan
>>Kanggo cooling down saatos mijah
>>
>>
>>CEURIK RAHWANA
>>Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.
>>Lagam : Cianjuran
>>Laras : Madenda
>>Banon dari anu lucu
>>Bojo akang anu geulis…. Geulis….
>>Kadieu sakeudeung heula
>>Akang rek mere pepeling…. Aduh
>>Geura sambat indung bapa
>>Samemeh akang pinasti
>>Aduh enung anu ayu
>>Nu geulis pupujan ati…. Geuning….
>>Akang tangtu ngababatang
>>Samemeh akang pinasti… aduh
>>Aduh geulis … akang pinasti
>>Erek menta dihampura
>>Lahir tumekaning batin
>>Kaduhung akang kaduhung
>>Kataji nu lain lain.. geuning…
>>Kaiwat goda rancana
>>Kagembang ku sintawati…aduh…
>>Geuning kieu balukarna
>>Malindes balik ka diri
>>Banondari akang ampun
>>Rumasa geus nganyenyeri… geuning
>>Salawasna dikakaya
>>Nyandung geus puluhan kali…aduh…
>>CEURIK RAHWANA (2)
>>Maneh nu sabar tawekal
>>Doraka akang kabadi
>>Ayeuna tepung panungtung
>>Jeung akang moal panggih deui…geuning
>>Akang menta dihampura
>>Kaawak maneh nu geulis…aduh
>>Poma ulah rek gagabah
>>Mun boga salaki deui
>>Ulah milih anu weduk
>>Anu gagah rongkah sakti… geuning
>>Nu dugal sartabasangkal
>>Boga rasa ieu aing…aduh..
>>Lalanang dikolong jagat
>>Bakti manggulang mangguling
>>Nu weduk teu burung ajur
>>Nu sakti tanwande mati…geuning…
>>Nu dugal teu burung ajal
>>Da taya anu linuwih…aduh…
>>Sakumna mahluk di dunya
>>Wekasan nana mah sami
>>
>>
>>2011/10/26 Mang Kabayan <[email protected]>
>>
>>  
>>>Gueee bangeeeet hahahaha kuriiiiing pisaaan... Cocok ieu lagu Kang hahaha... 
>>>Komo palebah kokorowot jeung keukeureuweut mah hehehe.
>>>
>>>Mun bisa mah lagu-2 kieu teh di rilis deui ieu... Di mix tradisional jeung 
>>>modern ameh rame generasi ngora apal... 
>>>
>>>Siga ayeuna di Trans TV kuring rajin nongton Comedy Project tea... Aya 
>>>dalang jeung si cepot sagala euy... Tim kreatip-na alus pisan... Maju 
>>>teruuuuus kasundaan :).
>>>
>>>Nuhuuuuuns,
>>>Mang Kabayan
>>>www.dkabayan.com
>>>ti urang, ku urang, keur balarea
>>>From: Irpan Rispandi <[email protected]> 
>>>Sender: [email protected] 
>>>Date: Wed, 26 Oct 2011 17:10:54 +0700
>>>To: <[email protected]>
>>>ReplyTo: [email protected] 
>>>Cc: <[email protected]>
>>>Subject: [kisunda] Banondari - Jaipongan
>>>
>>>  
>>>Salahsahiji lagu karesep kuring. ^_^
>>>
>>>http://www.youtube.com/watch?v=guacjgbXIDw
>>>
>>>[Rahwana]
>>>Eeeeee..
>>>banondari anu denok anu montok matak moho matak pogot
>>>anu geulis meni amis nu endah matak kabita, duuh..euiiisss..
>>>I love you i love you darliiingng ... (naha leres kang?)
>>>
>>>Ngan hanjakal euis teh henteu kaopan
>>>gampil bendu mun kasinggung perasaan
>>>tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni norostos
>>>cerewed lir manuk toed, duh darliiingng... (saur saha kang?)
>>>Ait... ciahahahaha.....
>>>
>>>Najan kitu diri nyai tetep narik, imutna matak kapincut, dilakna matak 
>>>tibelat,
>>>Lambey ipis lir kueh lapis, mun digegel tangtu amis
>>>aduh tobat geuliiis....
>>>Iyaaaahhhhhhh hahahahah....
>>>
>>>Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>>>Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>>>
>>>[Banondari]
>>>Engkaaangng....sembaheun abdi narpati nu gagah sakti (iyayaya akang e' 
>>>gagah sakti ae!)
>>>Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita, teu perduli aya nuboga, 
>>>engkaaangg.... (eta urusan akang e' nyai)
>>>Di dunya taya duana pameget nu kawas engkaaang
>>>waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung purah ngudag-ngudag 
>>>bikang, aduh engkaaang....(ae! iyahahahaha....)
>>>
>>>Diraksukan ku henteu matut, dilancingan oge randutdut
>>>kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong
>>>aduh engkaaangng...(e' saha nu kos barongsay nyai?)
>>>
>>>[Rahwana]
>>>Eeee.....Banondari ulah kitu, cinta engkang teh saestu,
>>>lain cinta imitasi, tapi cinta nu sajati,
>>>cinta engkang mah teknologina canggih. (Canggih?) euiiis...
>>>Iyaaa hahahaha.....
>>>Cinta engkang dijamin moal rek luntur
>>>Cintaku hanya untukmu (masa sih?)
>>>Dunya brana teu kabilang, neundeun duit di unggal bank, Emas inten 
>>>golondongan.
>>>kop kabeh eta keur nyaiii...ae! iyahahahaha.... (boong kali)
>>>Bisi hayang pelesiran langlang jagat bari shopping ka unggal nagara
>>>ka Jepang reujeung ka Hongkong, ka New York reujeung ka Paris
>>>Atawa rek ka Cilingcing, pek atuh geura balaka
>>>kahayang pasti aya, asal bener cinta ka akang
>>>Aduh tobat geuliis...Iyahahahaha...
>>>
>>>Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>>>Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>>>
>>>[Banondari]
>>>Engkaaang....(Akang nyai?)
>>>Engkang teh geuningan bodo, ngarayu karana sono, nyombo bari 
>>>ngolo-ngolo, engkaaang....(Naon akang kuno?)
>>>Cinta sanes komoditi, teu bisa dibeuli-beuli, najan ayeuna keur trendi, 
>>>atawa ditawar-tawar najan dibayar ku dolar abdimah da henteu hayang.
>>>Aduh engkang playboy aduh playboy aduh playboy Engkaang..(kumaha lamun 
>>>ku rupiah cu?)
>>>
>>>Pameget mah dimana-mana ge sami, mun keur pogot sok kokorowot
>>>mun keur geugeut keukeureuweut, mun can beunang panasaran,
>>>Engkaang... Panasaaran (iyaaah... panasaraaan ha..ha..ha..)
>>>
>>>
>>
>>
>>-- 
>>www.bioeti.com
>>il n'y a pas de choses impossible mais seulement des choses difficiles
>>
>>
>>
>>
>
>


-- 
www.bioeti.com
il n'y a pas de choses impossible mais seulement des choses difficiles


Kirim email ke