Ngababatang = kojor
Kaiwat goda rancana = kabengbat
weduk = anti bedog
Nu dugal sartabasangkal = bangkar warah
Tumekaning = nepi (lahir tumekaning batin)

2011/11/7 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Punten ari kecap di handap ieu ngandung hartos naon?
> Ngababatang =
> Kaiwat goda rancana =
> weduk =
> Nu dugal sartabasangkal =
> Tumekaning =
>
>
>
>
>  *Dari:* Yeni Kurniatin <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Jumat, 4 November 2011 22:21
> *Judul:* Re: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan
>
>
> *Haturan kanggo mang Kabayan*
> *Kanggo cooling down saatos mijah*
> *
> *
> *CEURIK RAHWANA*
> *Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N.*
> *Lagam : Cianjuran*
> *Laras : Madenda*
> *Banon dari anu lucu*
> *Bojo akang anu geulis…. Geulis….*
> *Kadieu sakeudeung heula*
> *Akang rek mere pepeling…. Aduh*
> *Geura sambat indung bapa*
> *Samemeh akang pinasti*
> *Aduh enung anu ayu*
> *Nu geulis pupujan ati…. Geuning….*
> *Akang tangtu ngababatang*
> *Samemeh akang pinasti… aduh*
> *Aduh geulis … akang pinasti*
> *Erek menta dihampura*
> *Lahir tumekaning batin*
> *Kaduhung akang kaduhung*
> *Kataji nu lain lain.. geuning…*
> *Kaiwat goda rancana*
> *Kagembang ku sintawati…aduh…*
> *Geuning kieu balukarna*
> *Malindes balik ka diri*
> *Banondari akang ampun*
> *Rumasa geus nganyenyeri… geuning*
> *Salawasna dikakaya*
> *Nyandung geus puluhan kali…aduh…*
> *CEURIK RAHWANA (2)*
> *Maneh nu sabar tawekal*
> *Doraka akang kabadi*
> *Ayeuna tepung panungtung*
> *Jeung akang moal panggih deui…geuning*
> *Akang menta dihampura*
> *Kaawak maneh nu geulis…aduh*
> *Poma ulah rek gagabah*
> *Mun boga salaki deui*
> *Ulah milih anu weduk*
> *Anu gagah rongkah sakti… geuning*
> *Nu dugal sartabasangkal*
> *Boga rasa ieu aing…aduh..*
> *Lalanang dikolong jagat*
> *Bakti manggulang mangguling*
> *Nu weduk teu burung ajur*
> *Nu sakti tanwande mati…geuning…*
> *Nu dugal teu burung ajal*
> *Da taya anu linuwih…aduh…*
> *Sakumna mahluk di dunya*
> *Wekasan nana mah sami*
>
>
> 2011/10/26 Mang Kabayan <[email protected]>
>
> **
>
>  **Gueee bangeeeet hahahaha kuriiiiing pisaaan... Cocok ieu lagu Kang
> hahaha... Komo palebah kokorowot jeung keukeureuweut mah hehehe.
>
> Mun bisa mah lagu-2 kieu teh di rilis deui ieu... Di mix tradisional jeung
> modern ameh rame generasi ngora apal...
>
> Siga ayeuna di Trans TV kuring rajin nongton Comedy Project tea... Aya
> dalang jeung si cepot sagala euy... Tim kreatip-na alus pisan... Maju
> teruuuuus kasundaan :).
> Nuhuuuuuns,
> Mang Kabayan
> www.dkabayan.com
> ti urang, ku urang, keur balarea
>  *From: *Irpan Rispandi <[email protected]>
> *Sender: *[email protected]
> *Date: *Wed, 26 Oct 2011 17:10:54 +0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: *[email protected]
> *Cc: *<[email protected]>
> *Subject: *[kisunda] Banondari - Jaipongan
>
>
> Salahsahiji lagu karesep kuring. ^_^
>
> http://www.youtube.com/watch?v=guacjgbXIDw
>
> [Rahwana]
> Eeeeee..
> banondari anu denok anu montok matak moho matak pogot
> anu geulis meni amis nu endah matak kabita, duuh..euiiisss..
> I love you i love you darliiingng ... (naha leres kang?)
>
> Ngan hanjakal euis teh henteu kaopan
> gampil bendu mun kasinggung perasaan
> tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni norostos
> cerewed lir manuk toed, duh darliiingng... (saur saha kang?)
> Ait... ciahahahaha.....
>
> Najan kitu diri nyai tetep narik, imutna matak kapincut, dilakna matak
> tibelat,
> Lambey ipis lir kueh lapis, mun digegel tangtu amis
> aduh tobat geuliiis....
> Iyaaaahhhhhhh hahahahah....
>
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>
> [Banondari]
> Engkaaangng....sembaheun abdi narpati nu gagah sakti (iyayaya akang e'
> gagah sakti ae!)
> Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita, teu perduli aya nuboga,
> engkaaangg.... (eta urusan akang e' nyai)
> Di dunya taya duana pameget nu kawas engkaaang
> waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung purah ngudag-ngudag
> bikang, aduh engkaaang....(ae! iyahahahaha....)
>
> Diraksukan ku henteu matut, dilancingan oge randutdut
> kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong
> aduh engkaaangng...(e' saha nu kos barongsay nyai?)
>
> [Rahwana]
> Eeee.....Banondari ulah kitu, cinta engkang teh saestu,
> lain cinta imitasi, tapi cinta nu sajati,
> cinta engkang mah teknologina canggih. (Canggih?) euiiis...
> Iyaaa hahahaha.....
> Cinta engkang dijamin moal rek luntur
> Cintaku hanya untukmu (masa sih?)
> Dunya brana teu kabilang, neundeun duit di unggal bank, Emas inten
> golondongan.
> kop kabeh eta keur nyaiii...ae! iyahahahaha.... (boong kali)
> Bisi hayang pelesiran langlang jagat bari shopping ka unggal nagara
> ka Jepang reujeung ka Hongkong, ka New York reujeung ka Paris
> Atawa rek ka Cilingcing, pek atuh geura balaka
> kahayang pasti aya, asal bener cinta ka akang
> Aduh tobat geuliis...Iyahahahaha...
>
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
> Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng
>
> [Banondari]
> Engkaaang....(Akang nyai?)
> Engkang teh geuningan bodo, ngarayu karana sono, nyombo bari
> ngolo-ngolo, engkaaang....(Naon akang kuno?)
> Cinta sanes komoditi, teu bisa dibeuli-beuli, najan ayeuna keur trendi,
> atawa ditawar-tawar najan dibayar ku dolar abdimah da henteu hayang.
> Aduh engkang playboy aduh playboy aduh playboy Engkaang..(kumaha lamun
> ku rupiah cu?)
>
> Pameget mah dimana-mana ge sami, mun keur pogot sok kokorowot
> mun keur geugeut keukeureuweut, mun can beunang panasaran,
> Engkaang... Panasaaran (iyaaah... panasaraaan ha..ha..ha..)
>
>
>
>
> --
> www.bioeti.com
> il n'y a pas de choses impossible mais seulement des choses difficiles
>
>
>
>  
>

Kirim email ke