Punten ari kecap di handap ieu ngandung hartos naon? Ngababatang = Kaiwat goda rancana = weduk = Nu dugal sartabasangkal = Tumekaning =
Dari: Yeni Kurniatin <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Jumat, 4 November 2011 22:21 Judul: Re: [kisunda] Banondari - Jaipongan, haturan kanggo mang Kabayan Haturan kanggo mang Kabayan Kanggo cooling down saatos mijah CEURIK RAHWANA Pencipta : Muhtadi, Ibu Saodah Harnadi N. Lagam : Cianjuran Laras : Madenda Banon dari anu lucu Bojo akang anu geulis…. Geulis…. Kadieu sakeudeung heula Akang rek mere pepeling…. Aduh Geura sambat indung bapa Samemeh akang pinasti Aduh enung anu ayu Nu geulis pupujan ati…. Geuning…. Akang tangtu ngababatang Samemeh akang pinasti… aduh Aduh geulis … akang pinasti Erek menta dihampura Lahir tumekaning batin Kaduhung akang kaduhung Kataji nu lain lain.. geuning… Kaiwat goda rancana Kagembang ku sintawati…aduh… Geuning kieu balukarna Malindes balik ka diri Banondari akang ampun Rumasa geus nganyenyeri… geuning Salawasna dikakaya Nyandung geus puluhan kali…aduh… CEURIK RAHWANA (2) Maneh nu sabar tawekal Doraka akang kabadi Ayeuna tepung panungtung Jeung akang moal panggih deui…geuning Akang menta dihampura Kaawak maneh nu geulis…aduh Poma ulah rek gagabah Mun boga salaki deui Ulah milih anu weduk Anu gagah rongkah sakti… geuning Nu dugal sartabasangkal Boga rasa ieu aing…aduh.. Lalanang dikolong jagat Bakti manggulang mangguling Nu weduk teu burung ajur Nu sakti tanwande mati…geuning… Nu dugal teu burung ajal Da taya anu linuwih…aduh… Sakumna mahluk di dunya Wekasan nana mah sami 2011/10/26 Mang Kabayan <[email protected]> >Gueee bangeeeet hahahaha kuriiiiing pisaaan... Cocok ieu lagu Kang hahaha... >Komo palebah kokorowot jeung keukeureuweut mah hehehe. > >Mun bisa mah lagu-2 kieu teh di rilis deui ieu... Di mix tradisional jeung >modern ameh rame generasi ngora apal... > >Siga ayeuna di Trans TV kuring rajin nongton Comedy Project tea... Aya dalang >jeung si cepot sagala euy... Tim kreatip-na alus pisan... Maju teruuuuus >kasundaan :). > >Nuhuuuuuns, >Mang Kabayan >www.dkabayan.com >ti urang, ku urang, keur balarea >From: Irpan Rispandi <[email protected]> >Sender: [email protected] >Date: Wed, 26 Oct 2011 17:10:54 +0700 >To: <[email protected]> >ReplyTo: [email protected] >Cc: <[email protected]> >Subject: [kisunda] Banondari - Jaipongan > > >Salahsahiji lagu karesep kuring. ^_^ > >http://www.youtube.com/watch?v=guacjgbXIDw > >[Rahwana] >Eeeeee.. >banondari anu denok anu montok matak moho matak pogot >anu geulis meni amis nu endah matak kabita, duuh..euiiisss.. >I love you i love you darliiingng ... (naha leres kang?) > >Ngan hanjakal euis teh henteu kaopan >gampil bendu mun kasinggung perasaan >tutunjuk bari neuteuli, nyarios meni norostos >cerewed lir manuk toed, duh darliiingng... (saur saha kang?) >Ait... ciahahahaha..... > >Najan kitu diri nyai tetep narik, imutna matak kapincut, dilakna matak >tibelat, >Lambey ipis lir kueh lapis, mun digegel tangtu amis >aduh tobat geuliiis.... >Iyaaaahhhhhhh hahahahah.... > >Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng >Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng > >[Banondari] >Engkaaangng....sembaheun abdi narpati nu gagah sakti (iyayaya akang e' >gagah sakti ae!) >Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita, teu perduli aya nuboga, >engkaaangg.... (eta urusan akang e' nyai) >Di dunya taya duana pameget nu kawas engkaaang >waruga jalugjug jangkung, ngajedig halisna kerung purah ngudag-ngudag >bikang, aduh engkaaang....(ae! iyahahahaha....) > >Diraksukan ku henteu matut, dilancingan oge randutdut >kumis cokrom buuk gondrong, lir barongsay keur ngadangong >aduh engkaaangng...(e' saha nu kos barongsay nyai?) > >[Rahwana] >Eeee.....Banondari ulah kitu, cinta engkang teh saestu, >lain cinta imitasi, tapi cinta nu sajati, >cinta engkang mah teknologina canggih. (Canggih?) euiiis... >Iyaaa hahahaha..... >Cinta engkang dijamin moal rek luntur >Cintaku hanya untukmu (masa sih?) >Dunya brana teu kabilang, neundeun duit di unggal bank, Emas inten >golondongan. >kop kabeh eta keur nyaiii...ae! iyahahahaha.... (boong kali) >Bisi hayang pelesiran langlang jagat bari shopping ka unggal nagara >ka Jepang reujeung ka Hongkong, ka New York reujeung ka Paris >Atawa rek ka Cilingcing, pek atuh geura balaka >kahayang pasti aya, asal bener cinta ka akang >Aduh tobat geuliis...Iyahahahaha... > >Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng >Aso lali wa'u wa'eng.... Aso lali wa'u wa'eng > >[Banondari] >Engkaaang....(Akang nyai?) >Engkang teh geuningan bodo, ngarayu karana sono, nyombo bari >ngolo-ngolo, engkaaang....(Naon akang kuno?) >Cinta sanes komoditi, teu bisa dibeuli-beuli, najan ayeuna keur trendi, >atawa ditawar-tawar najan dibayar ku dolar abdimah da henteu hayang. >Aduh engkang playboy aduh playboy aduh playboy Engkaang..(kumaha lamun >ku rupiah cu?) > >Pameget mah dimana-mana ge sami, mun keur pogot sok kokorowot >mun keur geugeut keukeureuweut, mun can beunang panasaran, >Engkaang... Panasaaran (iyaaah... panasaraaan ha..ha..ha..) > > -- www.bioeti.com il n'y a pas de choses impossible mais seulement des choses difficiles
