Urusan ieu mah geus jadi mainstream.........ti pagawe kalurahan sampe ka luhur, 
asana hese mun rek meresan teh. Ceuk Iwan Fals teh Maling Teriak Maling.
KPK ceuk kuringmah kuduna ayana di Lembaga Kapolisian samodel BARESKRIM. 
Katempona ku kuring jiga tumpang tindih tugas antara KPK jeung Kapolisian.  
Loba teuing wadah, jadina teu kawadahan, anu aya acak adut teu puguh judul, 
lain gampang salse pasoalan, malah tambah panjang pasoalan. anu dominan teh 
lain nyalsekeun pasoalan, anu katempo kukuring teh nembongkeun pangaruh jeung 
kakawasaan. Ieu hayang katempo digawe, anu lain embung kaelehkeun, anu akhirna 
adu embe hideung binti fitnah.
hese kang.......
boa-boa anggota milis ieu aya nu geus asup kana bagian MAINSTREAM kakawasaan

 
Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]>
Dikirim: Kamis, 10 November 2011 10:39
Judul: [kisunda] Di Indonesia euweuh Koruptor!

  

Cenah.............. berkas ti KPK dibawa ka Pangadilan; dibuka SIDANG hasilna 
Aljhamdulillah nu dituduh Koruptor BAREBAS ! Naon ieu hartina ? Hartina; 
hehehehe, di Indonesia euweuh Koruptor !!!

Duka lamun Koruptorna jadugna di Pangadilan; nu jadi Hakim si Koruptor keneh !
Nya atuh NKRI teh memang diparentah ku KORUPTOR !?

Boga Jendral jendral Korup oge !? Militer, Militer Korup oge !?

Naha nya mani asa kacida teuing ?
Engkena deui KPK bakal disebut lembaga tukang MITNAH !

Malah nu bakal digantung teh sigana mah KPK ,eureun nya ?!

Rahayat kumaha ? ah barodo ieuh dibere SINETRON PICISAN unggal peuting ge 
anteng !

 

Kirim email ke