Hapunten Kang ieu BGK (Budak Geus Kolot) anu goreng asal ngajeplak wae. Kieu we 
lah kang, upami pendak jeung jalmi goreng patut ieu cabok we lah. Budakna 
purunyus, mun ngomong asal ngaheuay, pikaheuneukeun................
Ulah2 Akang anu hewa, mitoha ge ka kuring mah sok hewaeun, kusabab kuring 
solatna teu make do'a kunut, kitu tah......
he..he..he..he.....
Sakali deui, hatur nuhun tos ngemutan kuring..........
Merdeka!!!!
 


Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Kamis, 10 November 2011 11:46
Judul: Re: [kisunda] Di Indonesia euweuh Koruptor!

  
2011/11/10 Sp Saprudin <[email protected]>:
"... boa-boa anggota milis ieu aya nu geus asup kana bagian MAINSTREAM 
kakawasaan..."

Tong dibiasakeun tudah-tuduh nu teu puguh. Leuwih hade kurangan kontroversi, 
ronjatkeun prestasi.  


2011/11/10 Sp Saprudin <[email protected]> 
  
>Urusan ieu mah geus jadi mainstream.........ti pagawe kalurahan sampe ka 
>luhur, asana hese mun rek meresan teh. Ceuk Iwan Fals teh Maling Teriak Maling.
>KPK ceuk kuringmah kuduna ayana di Lembaga Kapolisian samodel BARESKRIM. 
>Katempona ku kuring jiga tumpang tindih tugas antara KPK jeung Kapolisian.  
>Loba teuing wadah, jadina teu kawadahan, anu aya acak adut teu puguh judul, 
>lain gampang salse pasoalan, malah tambah panjang pasoalan. anu dominan teh 
>lain nyalsekeun pasoalan, anu katempo kukuring teh nembongkeun pangaruh jeung 
>kakawasaan. Ieu hayang katempo digawe, anu lain embung kaelehkeun, anu akhirna 
>adu embe hideung binti fitnah.
>hese kang.......
>boa-boa anggota milis ieu aya nu geus asup kana bagian MAINSTREAM kakawasaan
>
> 
>Dari: Abbas Amin <[email protected]>
>Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
><[email protected]>
>Dikirim: Kamis, 10 November 2011 10:39
>Judul: [kisunda] Di Indonesia euweuh Koruptor!
>
>  
>
>Cenah.............. berkas ti KPK dibawa ka Pangadilan; dibuka SIDANG hasilna 
>Aljhamdulillah nu dituduh Koruptor BAREBAS ! Naon ieu hartina ? Hartina; 
>hehehehe, di Indonesia euweuh Koruptor !!!
>
>Duka lamun Koruptorna jadugna di Pangadilan; nu jadi Hakim si Koruptor keneh !
>Nya atuh NKRI teh memang diparentah ku KORUPTOR !?
>
>Boga Jendral jendral Korup oge !? Militer, Militer Korup oge !?
>
>Naha nya mani asa kacida teuing ?
>Engkena deui KPK bakal disebut lembaga tukang MITNAH !
>
>Malah nu bakal digantung teh sigana mah KPK ,eureun nya ?!
>
>Rahayat kumaha ? ah barodo ieuh dibere SINETRON PICISAN unggal peuting ge 
>anteng !
>
> 

Kirim email ke