Bagian
II
Bagian Kadua ieu kuring deuk
ngajabarkeun kana kaimanan, katauhidan, kaikhlasan Abu Thalib as dina
kitab-kitab Suni, Saacaanna kuring hoyong mertelakeun yen kayakinan kana
kaimanan
Abu Thalib teh tos jadi khabar anu yakin boh diantara mazhab Suni atawa Syiah,
ngan hanyakal sabagean anu ta’asub kana bukhari jeung muslim bari jeung teu
dicek
kana kasahehanana, neleg wae kitu, nepi ka Abu thalib kafir wae ditarima, para
perawi di jaman baheula teu sadaya jalmi anu sae, sabagean aya anu ghulu, aya
anu khawarij, aya anu tukang ngabohong , aya oge anu jujur. Kukituna perlu
ayana pengetahuan kana elmu rijal (perawian dina hadits). Salain ti eta oge
kaimanan bapa sareng Akina Rasul saw tos jelas ayana ( ngan mungkin didieu
kuring teu ngabahas masalah ieu , mkn dina kasempatan nu sanesna)
Balik deui kana pembahasan tadi, yen
Mazhab Suni ngayakinan kaimnanana Abu thalib saatos diangkatna Muhammad saw jadi
nabi, sabagean saacan wafatna, sabagean saacan diangkatna Muhammad saw sebagai
nabi dimana anjeunna ngageman agama Ibrahim as atawa sabagean agama Isa as.
Mazhab
Syiah ngayakinan yen Abu Thalib as jalmi bertauhid ti lahir anjeunna jauh2
saacan lahirna Nabi Mustafa saw, bahkan sabagean Ulama ngayakinkeun dina
riwayat2 anu aya, yen anjeunna salah sahiji washi (wakil) para nabi
sateuacanana nyaeta salahsahiji washi nabi Ibrahim as sareng Ismail as, saperti
anu disebatkeun dina sabagean riwayat yen seluruh para nabi ngagaduhan wakil.
#Hayu urang tingali dalil2 ti pihak Ulama
Syiah kana kaimananan anjeunana. Saperti:
1. Kitab Tibyan
Fi tafsir Al-Quran, jilid 8 hal 64, maktabah Al-I’lam Al-Islami:
وعن أبي عبد الله وأبي جعفر إن أبا
طالب كان مسلما
عليه اجماع الامامية، لا يختلفون فيه،
ولهم على ذلك أدلة قاطعة موجبة للعلم
Ti Imam Abi
Abdillah (Imam Ja’far as) as sareng Imam Abi Ja’far as (Imam Baqir as),
saenya-enyana yen Abu Thalib the Muslim .
Sareng hal Ijma’
Ulama Syiah Imamiah, teu aya perbedaan pendapat, kukituna ieu dalil anu kuat
sareng ditarima ku elmu (yakin).
2. Alamah
Majlisi dina kitab Biharul Anwar, jilid 35 hal 139, nyarios:
Tos sapakat
sadaya ulama Syiah kana kaislaman sareng kaimanana (Abu Thalib) ka Nabi saw ti
awal
keneh (ti awal hirupna Abu Thalib), teu pernah nyembah patung sateuacanana,
Anjeuna salah sahiji wakil Ibrahim as, masyhur kaislamanana dina mazhab
Syiah…tos
mutawatir khabar kana kaimananana, boh ti pihak mazhab Syiah atawa ti pihak
Mazhab Suni.
#Sabagean dalil kana kaimanan ti pihak Mazhab
Suni dina kitab-kitabna. Kami bagi kana tilu bagian :
1. Pangakuan sahabat Nabi dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalib
2. Pangakuan Ulama Suni kana kaimanana
3. Potongan-potongan syair Abu Thalib as kana keimanana sareng komentar
anu nguatkeun kana kaimanana ti Ulam Suni.
1. Pangakuan sahabat Nabi saw dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalin
as.
1. Ibn Abil Hadil (salah sahiji ulma suni Muktazilah) nyeratkeun dina
kitab syarah NAHJUL BALAGHAH jilid ka 13 hal 170, terbitan Darul Ilmiah Beirut.
روي بأسانيد كثيرة، بعضها عن العباس
بن عبد المطلب، وبعضها عن أبي بكر بن أبي قحافة: أن أبا طالب ما مات حتى قال: لا
إله إلا الله، محمد رسول الله.
Diriwayatkeun
ku sanad anu sae, sabagean ti Abbas bin Abdulmuthalib, sareng sabagean nu
sanesna ti Abu Bakar ibn Abi Qahafah: "Saenya-enyana Abu Thabil teu wafat
kacuali
anjeuna nyebatkeun kalimah ‘laailaahaillallah muhammadarrasuulullah’’’’.
2. Tabrani dina Kitab Mu’jam Kabir, jilid ka 9 hal 40
Abu Bakar ibn Qahafah nyarios : ...Kuring langkung resep kana
kaislaman Abu thalib tibatan kana kaislaman bapa kuring...
2. Pangakuan Ulama Suni Kana Kaimanan Abu Thalib.
1. Kitab Assiirah An-Nabawiyah Wal-Astar Al-Muhammadiyah , karya Zaini
Dahlan Syafe’i (mazhab Syafei) hal 43, jilid 1, terbitan Darul Ahya, Beirut.
قال الإمام عبد الواحد السفاسقي (ابن التين) في شرح
البخاري: إنّ
في شعر أبي طالب هذا دليلا على أنه كان يعرف نبوة النبي صلى اللّه عليه وآله وسلم
قبل أن يبعث، لما أخبره به بحيرا الراهب وغيره من شأنه، مع ما شاهده من أحواله،
ومنها الاستسقاء به في صغره ومعرفة أبي طالب بنبوته صلى اللّه عليه وآله وسلم،
جاءت في كثير من الأخبار زيادة على أخذها من شعره
Nyatios Al-Imam Abdul Wahid dina Syarah Al-Bukhari : Saenya-enyana dina
Syair Abu thalib katingali dalilnya saenyana anjeuna makrifat kana kanabian nabi
saw, saacan diangkatna anjeunna (Muhammad jadi nabi ), ku dalil dituduhkeunana
khabar ti Bukhairah salah sahiji rahib jeung tina sagala tanda-tanda anu
nunjukkeun kaimanana, salah sahijina nyaeta istisqa (doa menta hujan) ku
tawasul ngaran Muhammad saw dina waktu anjeunna(Muhammad saw) nuju murangkalih
keneh, sareng anjeunna makrifat kana kanabian Muhammad saw anu dicandak dina
seueur syair Abu thalib as.
Ku kituna abdi cukupkeun
pernyataan ulama suni diluhur.
Zen