Anu katingal ku sim kuring mah, bhsan iu teh nonjolkun layalimm urang mazhab 
syiah; nya atuh sumngg wae; da patina g Syiah ngabenerkun Syiah deui mah, wajar.
Sigana mh memang wajr Abi Thalib disebat jalmi beriman ; tapi naha syahadat ka 
Muhammad Saw !? Tah nu ieu rada diragukeun.

Tapi masing kalah kumaha oge; anjunna teh tos kalngkung pisan, old timer; keur 
naon dinahas deui di diu ? Naha bakal NAMBAH atawa NGURANGAN kaimanan k urng ? 
Asa taya  hubunganana ?

Abi Thalib jelas teu ngahalangan Nabi Muhammad nyiarkun Islam! Eta mh jelas ! 
Tapi naha NGIRING hijrah ? Atanapi pupus samemeh jaman Hijrah Nabi ?

Lamun pupus sateuacan Hijrah Nabi; ku ngukutna Nabi Muhammad ge eta teh tos 
jasa ged pisan.
Kaciri dui ayeuna Ali pan teu dihalngan aup Syriat Muhammad ? meureun anjeunna 
ge heus aya niat mah ngn can prak kburu maot ! Anging Allh nu uninga.

Tapi mun disebut Abi Thalib Islam tea mah; masih cukup wajar.


--- In [email protected], Mohammad zen <zenhusein@...> wrote:
>
> Bagian
> II
>  
>             Bagian Kadua ieu kuring  deuk
> ngajabarkeun kana kaimanan, katauhidan, kaikhlasan Abu Thalib as dina
> kitab-kitab Suni, Saacaanna kuring  hoyong mertelakeun yen kayakinan kana 
> kaimanan
> Abu Thalib teh tos jadi khabar anu yakin boh diantara mazhab Suni atawa Syiah,
> ngan hanyakal sabagean anu ta’asub kana bukhari jeung muslim bari jeung teu 
> dicek
> kana kasahehanana, neleg wae kitu, nepi ka Abu thalib kafir wae ditarima, para
> perawi di jaman baheula teu sadaya jalmi anu sae, sabagean aya anu ghulu, aya
> anu khawarij, aya anu tukang ngabohong , aya oge anu jujur. Kukituna perlu
> ayana pengetahuan kana elmu rijal (perawian dina hadits). Salain ti eta oge
> kaimanan bapa sareng Akina Rasul saw tos jelas ayana ( ngan mungkin didieu
> kuring teu ngabahas masalah ieu , mkn dina kasempatan nu sanesna)
>             Balik deui kana pembahasan tadi, yen
> Mazhab Suni ngayakinan kaimnanana Abu thalib saatos diangkatna Muhammad saw 
> jadi
> nabi, sabagean saacan wafatna, sabagean saacan diangkatna Muhammad saw sebagai
> nabi dimana anjeunna ngageman agama Ibrahim as atawa sabagean agama Isa as. 
> Mazhab
> Syiah ngayakinan yen Abu Thalib as jalmi bertauhid ti lahir anjeunna jauh2
> saacan lahirna Nabi Mustafa saw, bahkan sabagean Ulama ngayakinkeun dina
> riwayat2 anu aya, yen anjeunna salah sahiji washi (wakil) para nabi
> sateuacanana nyaeta salahsahiji washi nabi Ibrahim as sareng Ismail as, 
> saperti
> anu disebatkeun dina sabagean riwayat yen seluruh para nabi ngagaduhan wakil.
>  #Hayu urang tingali dalil2 ti pihak Ulama
> Syiah kana kaimananan anjeunana. Saperti:
> 1. Kitab Tibyan
> Fi tafsir Al-Quran, jilid 8 hal 64, maktabah Al-I’lam Al-Islami:
> وعن أبي عبد الله وأبي جعفر إن أبا
> طالب كان مسلما 
> عليه اجماع الامامية، لا يختلفون فيه،
> ولهم على ذلك أدلة قاطعة موجبة للعلم
> Ti Imam Abi
> Abdillah (Imam Ja’far as) as sareng Imam Abi Ja’far as (Imam Baqir as),
> saenya-enyana yen Abu Thalib the Muslim .
> Sareng hal Ijma’
> Ulama Syiah Imamiah, teu aya perbedaan pendapat, kukituna ieu dalil anu kuat
> sareng ditarima ku elmu (yakin).
>  
> 2. Alamah
> Majlisi dina kitab Biharul Anwar, jilid 35 hal 139, nyarios:
> Tos sapakat
> sadaya ulama Syiah kana kaislaman sareng kaimanana (Abu Thalib) ka Nabi saw 
> ti awal
> keneh (ti awal hirupna Abu Thalib), teu pernah nyembah patung sateuacanana,
> Anjeuna salah sahiji wakil Ibrahim as, masyhur kaislamanana dina mazhab 
> Syiah…tos
> mutawatir khabar kana kaimananana, boh ti pihak mazhab Syiah atawa ti pihak
> Mazhab Suni.
>  
> #Sabagean dalil kana kaimanan ti pihak Mazhab
> Suni dina kitab-kitabna. Kami bagi kana tilu bagian :
> 1. Pangakuan sahabat Nabi dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalib
> 2. Pangakuan Ulama Suni kana kaimanana
> 3. Potongan-potongan syair Abu Thalib as kana keimanana sareng komentar
> anu nguatkeun kana kaimanana ti Ulam Suni.
>  
> 1. Pangakuan sahabat Nabi saw dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalin
> as.
> 1. Ibn Abil Hadil (salah sahiji ulma suni Muktazilah) nyeratkeun dina
> kitab syarah NAHJUL BALAGHAH jilid ka 13 hal 170, terbitan Darul Ilmiah 
> Beirut.
> روي بأسانيد كثيرة، بعضها عن العباس
> بن عبد المطلب، وبعضها عن أبي بكر بن أبي 
> قحافة: أن أبا طالب ما مات حتى قال: لا
> إله إلا الله، محمد رسول الله.
> Diriwayatkeun
> ku sanad anu sae, sabagean ti Abbas bin Abdulmuthalib, sareng sabagean nu
> sanesna ti Abu Bakar ibn Abi Qahafah: "Saenya-enyana Abu Thabil teu wafat 
> kacuali
> anjeuna nyebatkeun kalimah ‘laailaahaillallah 
> muhammadarrasuulullah’’’’.
>  
> 2. Tabrani dina Kitab Mu’jam Kabir, jilid ka 9 hal 40
> Abu Bakar ibn Qahafah nyarios : ...Kuring langkung resep kana
> kaislaman Abu thalib tibatan kana kaislaman bapa kuring...
>  
> 2. Pangakuan Ulama Suni Kana Kaimanan Abu Thalib.
> 1. Kitab Assiirah An-Nabawiyah Wal-Astar Al-Muhammadiyah , karya Zaini
> Dahlan Syafe’i (mazhab Syafei) hal 43, jilid 1, terbitan Darul Ahya, Beirut.
> قال الإمام عبد الواحد السفاسقي (ابن التين) 
> في شرح
> البخاري: إنÙ`
> في شعر أبي طالب هذا دليلا على أنه كان يعرف 
> نبوة النبي صلى اللÙ`ه عليه وآله وسلم
> قبل أن يبعث، لما أخبره به بحيرا الراهب 
> وغيره من شأنه، مع ما شاهده من أحواله،
> ومنها الاستسقاء به في صغره ومعرفة أبي طالب 
> بنبوته صلى اللÙ`ه عليه وآله وسلم،
> جاءت في كثير من الأخبار زيادة على أخذها من 
> شعره
>  
> Nyatios Al-Imam Abdul Wahid dina Syarah Al-Bukhari : Saenya-enyana dina
> Syair Abu thalib katingali dalilnya saenyana anjeuna makrifat kana kanabian 
> nabi
> saw, saacan diangkatna anjeunna (Muhammad jadi nabi ), ku dalil dituduhkeunana
> khabar ti Bukhairah salah sahiji rahib jeung tina sagala tanda-tanda anu
> nunjukkeun kaimanana, salah sahijina nyaeta istisqa (doa menta hujan) ku
> tawasul ngaran Muhammad saw dina waktu anjeunna(Muhammad saw) nuju murangkalih
> keneh, sareng anjeunna makrifat kana kanabian Muhammad saw anu dicandak dina
> seueur syair Abu thalib as.
>  
>  Ku kituna abdi cukupkeun
> pernyataan ulama suni diluhur.
> Zen
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke