Upami shahabat Rosululloh (Kualafaur Rosyidin) sapertos Abu Bakar, Umar, Utsman, Ali kumaha ta numutkeun pedaran salira kang Zen?
hatur nuhun A.Deden 2011/12/3 <[email protected]> > ** > > > ** Hatur nuhun kana dadaran literaturna kang Zen. salam, JP > Powered by Telkomsel BlackBerry® > ------------------------------ > *From: * Mohammad zen <[email protected]> > *Sender: * [email protected] > *Date: *Sat, 3 Dec 2011 00:17:22 -0800 (PST) > *To: *[email protected]<[email protected]> > *ReplyTo: * [email protected] > *Subject: *[kisunda] dalil Kaimanan Abu Thalib > > > > Bagian II > > Bagian Kadua ieu kuring deuk ngajabarkeun kana kaimanan, > katauhidan, kaikhlasan Abu Thalib as dina kitab-kitab Suni, Saacaanna > kuring hoyong mertelakeun yen kayakinan kana kaimanan Abu Thalib teh tos > jadi khabar anu yakin boh diantara mazhab Suni atawa Syiah, ngan hanyakal > sabagean anu ta’asub kana bukhari jeung muslim bari jeung teu dicek kana > kasahehanana, neleg wae kitu, nepi ka Abu thalib kafir wae ditarima, para > perawi di jaman baheula teu sadaya jalmi anu sae, sabagean aya anu ghulu, > aya anu khawarij, aya anu tukang ngabohong , aya oge anu jujur. Kukituna > perlu ayana pengetahuan kana elmu rijal (perawian dina hadits). Salain ti > eta oge kaimanan bapa sareng Akina Rasul saw tos jelas ayana ( ngan mungkin > didieu kuring teu ngabahas masalah ieu , mkn dina kasempatan nu sanesna) > Balik deui kana pembahasan tadi, yen Mazhab Suni ngayakinan > kaimnanana Abu thalib saatos diangkatna Muhammad saw jadi nabi, sabagean > saacan wafatna, sabagean saacan diangkatna Muhammad saw sebagai nabi dimana > anjeunna ngageman agama Ibrahim as atawa sabagean agama Isa as. Mazhab > Syiah ngayakinan yen Abu Thalib as jalmi bertauhid ti lahir anjeunna jauh2 > saacan lahirna Nabi Mustafa saw, bahkan sabagean Ulama ngayakinkeun dina > riwayat2 anu aya, yen anjeunna salah sahiji washi (wakil) para nabi > sateuacanana nyaeta salahsahiji washi nabi Ibrahim as sareng Ismail as, > saperti anu disebatkeun dina sabagean riwayat yen seluruh para nabi > ngagaduhan wakil. > #Hayu urang tingali dalil2 ti pihak Ulama Syiah kana kaimananan > anjeunana. Saperti: > 1. Kitab Tibyan Fi tafsir Al-Quran, jilid 8 hal 64, maktabah Al-I’lam > Al-Islami: > وعن أبي عبد الله وأبي جعفر إن أبا طالب كان مسلما > عليه اجماع الامامية، لا يختلفون فيه، ولهم على ذلك أدلة قاطعة موجبة للعلم > Ti Imam Abi Abdillah (Imam Ja’far as) as sareng Imam Abi Ja’far as (Imam > Baqir as), saenya-enyana yen Abu Thalib the Muslim . > Sareng hal Ijma’ Ulama Syiah Imamiah, teu aya perbedaan pendapat, kukituna > ieu dalil anu kuat sareng ditarima ku elmu (yakin). > > 2. Alamah Majlisi dina kitab Biharul Anwar, jilid 35 hal 139, nyarios: > Tos sapakat sadaya ulama Syiah kana kaislaman sareng kaimanana (Abu > Thalib) ka Nabi saw ti awal keneh (ti awal hirupna Abu Thalib), teu pernah > nyembah patung sateuacanana, Anjeuna salah sahiji wakil Ibrahim as, masyhur > kaislamanana dina mazhab Syiah…tos mutawatir khabar kana kaimananana, boh > ti pihak mazhab Syiah atawa ti pihak Mazhab Suni. > > #Sabagean dalil kana kaimanan ti pihak Mazhab Suni dina kitab-kitabna. > Kami bagi kana tilu bagian : > 1. Pangakuan sahabat Nabi dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalib > 2. Pangakuan Ulama Suni kana kaimanana > 3. Potongan-potongan syair Abu Thalib as kana keimanana sareng komentar > anu nguatkeun kana kaimanana ti Ulam Suni. > > *1. Pangakuan sahabat Nabi saw dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalin > as.* > 1. Ibn Abil Hadil (salah sahiji ulma suni Muktazilah) nyeratkeun dina > kitab syarah NAHJUL BALAGHAH jilid ka 13 hal 170, terbitan Darul Ilmiah > Beirut. > روي بأسانيد كثيرة، بعضها عن العباس بن عبد المطلب، وبعضها عن أبي بكر بن أبي > قحافة: أن أبا طالب ما مات حتى قال: لا إله إلا الله، محمد رسول الله. > *Diriwayatkeun ku sanad anu sae, sabagean ti Abbas bin Abdulmuthalib, > sareng sabagean nu sanesna ti Abu Bakar ibn Abi Qahafah: "**Saenya-enyana > Abu Thabil teu wafat kacuali anjeuna nyebatkeun kalimah ‘laailaahaillallah > muhammadarrasuulullah’’’’.* > * * > 2. Tabrani dina Kitab Mu’jam Kabir, jilid ka 9 hal 40 > Abu Bakar ibn Qahafah nyarios : ...*Kuring langkung resep kana kaislaman > Abu thalib tibatan kana kaislaman bapa kuring...* > > *2. Pangakuan Ulama Suni Kana Kaimanan Abu Thalib.* > 1. Kitab Assiirah An-Nabawiyah Wal-Astar Al-Muhammadiyah , karya Zaini > Dahlan Syafe’i (mazhab Syafei) hal 43, jilid 1, terbitan Darul Ahya, Beirut. > قال الإمام عبد الواحد السفاسقي (ابن التين) في شرح البخاري: إنّ في شعر أبي > طالب هذا دليلا على أنه كان يعرف نبوة النبي صلى اللّه عليه وآله وسلم قبل أن > يبعث، لما أخبره به بحيرا الراهب وغيره من شأنه، مع ما شاهده من أحواله، ومنها > الاستسقاء به في صغره ومعرفة أبي طالب بنبوته صلى اللّه عليه وآله وسلم، جاءت > في كثير من الأخبار زيادة على أخذها من شعره > > *Nyatios Al-Imam Abdul Wahid dina Syarah Al-Bukhari : Saenya-enyana dina > Syair Abu thalib katingali dalilnya saenyana anjeuna makrifat kana kanabian > nabi saw, saacan diangkatna anjeunna (Muhammad jadi nabi ), ku dalil > dituduhkeunana khabar ti Bukhairah salah sahiji rahib jeung tina sagala > tanda-tanda anu nunjukkeun kaimanana, salah sahijina nyaeta istisqa (doa > menta hujan) ku tawasul ngaran Muhammad saw dina waktu anjeunna(Muhammad > saw) nuju murangkalih keneh, sareng anjeunna makrifat kana kanabian > Muhammad saw anu dicandak dina seueur syair Abu thalib as.* > * * > Ku kituna abdi cukupkeun pernyataan ulama suni diluhur. > Zen > > >
