ah ku non ngetik a sok lleungit wae?+
Tujuan kuring ngetik nyoba nulis sacara NETRAL.

--- In [email protected], "Abbas" <abas_amin08@...> wrote:
>
> Anu katingal ku sim kuring mah, bahasan ieu teh nonjolkeun kayakinan urang 
> mazhab syiah; nya atuh sumangga wae; da pastina ge Syiah ngabenerkeun Syiah 
> deui mah, wajar.
> Sigana mah memang wajar Abi Thalib disebat jalmi beriman ; tapi naha syahadat 
> ka Muhammad Saw !? Tah nu ieu rada diragukeun.
> 
> Tapi masing kalah kumaha oge; anjeunna teh tos kalangkung pisan, old timer; 
> keur naon dibahas deui di dieu ? Naha bakal NAMBAH atawaa NGURANGAN kaimanan 
> ka urang ? Asa taya  hubunganana ?
> 
> Abi Thalib jelas teu ngahalangan Nabi Muhammad nyiarkun Islam! Etaa mah jelas 
> ! Tapi naha NGIRING hijrah ? Atanapi pupus samemeh jaman Hijrah Nabi ?
> 
> Lamun pupus sateuacan Hijrah Nabi; ku ngukutna Nabi Muhammad ge 
eta teh tos jasa gede pisan.
> Kaciri deui ayeuna Ali pan teu dihalngan asup Syariat Muhammad ? meureun 
> anjeunna ge geus aya niat mah ngan can prak kaburu maot ! Anging Allh nu 
> uninga.
> 
> Tapi mun disebut Abi Thalib Islam tea mah; masih cukup wajar.
> 
> 
> --- In [email protected], Mohammad zen <zenhusein@> wrote:
> >
> > Bagian
> > II
> >  
> >             Bagian Kadua ieu kuring  deuk
> > ngajabarkeun kana kaimanan, katauhidan, kaikhlasan Abu Thalib as dina
> > kitab-kitab Suni, Saacaanna kuring  hoyong mertelakeun yen kayakinan kana 
> > kaimanan
> > Abu Thalib teh tos jadi khabar anu yakin boh diantara mazhab Suni atawa 
> > Syiah,
> > ngan hanyakal sabagean anu ta’asub kana bukhari jeung muslim bari jeung 
> > teu dicek
> > kana kasahehanana, neleg wae kitu, nepi ka Abu thalib kafir wae ditarima, 
> > para
> > perawi di jaman baheula teu sadaya jalmi anu sae, sabagean aya anu ghulu, 
> > aya
> > anu khawarij, aya anu tukang ngabohong , aya oge anu jujur. Kukituna perlu
> > ayana pengetahuan kana elmu rijal (perawian dina hadits). Salain ti eta oge
> > kaimanan bapa sareng Akina Rasul saw tos jelas ayana ( ngan mungkin didieu
> > kuring teu ngabahas masalah ieu , mkn dina kasempatan nu sanesna)
> >             Balik deui kana pembahasan tadi, yen
> > Mazhab Suni ngayakinan kaimnanana Abu thalib saatos diangkatna Muhammad saw 
> > jadi
> > nabi, sabagean saacan wafatna, sabagean saacan diangkatna Muhammad saw 
> > sebagai
> > nabi dimana anjeunna ngageman agama Ibrahim as atawa sabagean agama Isa as. 
> > Mazhab
> > Syiah ngayakinan yen Abu Thalib as jalmi bertauhid ti lahir anjeunna jauh2
> > saacan lahirna Nabi Mustafa saw, bahkan sabagean Ulama ngayakinkeun dina
> > riwayat2 anu aya, yen anjeunna salah sahiji washi (wakil) para nabi
> > sateuacanana nyaeta salahsahiji washi nabi Ibrahim as sareng Ismail as, 
> > saperti
> > anu disebatkeun dina sabagean riwayat yen seluruh para nabi ngagaduhan 
> > wakil.
> >  #Hayu urang tingali dalil2 ti pihak Ulama
> > Syiah kana kaimananan anjeunana. Saperti:
> > 1. Kitab Tibyan
> > Fi tafsir Al-Quran, jilid 8 hal 64, maktabah Al-I’lam Al-Islami:
> > وعن أبي عبد الله وأبي جعفر إن أبا
> > طالب كان مسلما 
> > عليه اجماع الامامية، لا يختلفون فيه،
> > ولهم على ذلك أدلة قاطعة موجبة للعلم
> > Ti Imam Abi
> > Abdillah (Imam Ja’far as) as sareng Imam Abi Ja’far as (Imam Baqir as),
> > saenya-enyana yen Abu Thalib the Muslim .
> > Sareng hal Ijma’
> > Ulama Syiah Imamiah, teu aya perbedaan pendapat, kukituna ieu dalil anu kuat
> > sareng ditarima ku elmu (yakin).
> >  
> > 2. Alamah
> > Majlisi dina kitab Biharul Anwar, jilid 35 hal 139, nyarios:
> > Tos sapakat
> > sadaya ulama Syiah kana kaislaman sareng kaimanana (Abu Thalib) ka Nabi saw 
> > ti awal
> > keneh (ti awal hirupna Abu Thalib), teu pernah nyembah patung sateuacanana,
> > Anjeuna salah sahiji wakil Ibrahim as, masyhur kaislamanana dina mazhab 
> > Syiah…tos
> > mutawatir khabar kana kaimananana, boh ti pihak mazhab Syiah atawa ti pihak
> > Mazhab Suni.
> >  
> > #Sabagean dalil kana kaimanan ti pihak Mazhab
> > Suni dina kitab-kitabna. Kami bagi kana tilu bagian :
> > 1. Pangakuan sahabat Nabi dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalib
> > 2. Pangakuan Ulama Suni kana kaimanana
> > 3. Potongan-potongan syair Abu Thalib as kana keimanana sareng komentar
> > anu nguatkeun kana kaimanana ti Ulam Suni.
> >  
> > 1. Pangakuan sahabat Nabi saw dina kitab Suni kana kaimanan Abu Thalin
> > as.
> > 1. Ibn Abil Hadil (salah sahiji ulma suni Muktazilah) nyeratkeun dina
> > kitab syarah NAHJUL BALAGHAH jilid ka 13 hal 170, terbitan Darul Ilmiah 
> > Beirut.
> > روي بأسانيد كثيرة، بعضها عن العباس
> > بن عبد المطلب، وبعضها عن أبي بكر بن أبي 
> > قحافة: أن أبا طالب ما مات حتى قال: لا
> > إله إلا الله، محمد رسول الله.
> > Diriwayatkeun
> > ku sanad anu sae, sabagean ti Abbas bin Abdulmuthalib, sareng sabagean nu
> > sanesna ti Abu Bakar ibn Abi Qahafah: "Saenya-enyana Abu Thabil teu wafat 
> > kacuali
> > anjeuna nyebatkeun kalimah ‘laailaahaillallah 
> > muhammadarrasuulullah’’’’.
> >  
> > 2. Tabrani dina Kitab Mu’jam Kabir, jilid ka 9 hal 40
> > Abu Bakar ibn Qahafah nyarios : ...Kuring langkung resep kana
> > kaislaman Abu thalib tibatan kana kaislaman bapa kuring...
> >  
> > 2. Pangakuan Ulama Suni Kana Kaimanan Abu Thalib.
> > 1. Kitab Assiirah An-Nabawiyah Wal-Astar Al-Muhammadiyah , karya Zaini
> > Dahlan Syafe’i (mazhab Syafei) hal 43, jilid 1, terbitan Darul Ahya, 
> > Beirut.
> > قال الإمام عبد الواحد السفاسقي (ابن 
> > التين) في شرح
> > البخاري: إنÙ`
> > في شعر أبي طالب هذا دليلا على أنه كان يعرف 
> > نبوة النبي صلى اللÙ`ه عليه وآله وسلم
> > قبل أن يبعث، لما أخبره به بحيرا الراهب 
> > وغيره من شأنه، مع ما شاهده من أحواله،
> > ومنها الاستسقاء به في صغره ومعرفة أبي 
> > طالب بنبوته صلى اللÙ`ه عليه وآله وسلم،
> > جاءت في كثير من الأخبار زيادة على أخذها 
> > من شعره
> >  
> > Nyatios Al-Imam Abdul Wahid dina Syarah Al-Bukhari : Saenya-enyana dina
> > Syair Abu thalib katingali dalilnya saenyana anjeuna makrifat kana kanabian 
> > nabi
> > saw, saacan diangkatna anjeunna (Muhammad jadi nabi ), ku dalil 
> > dituduhkeunana
> > khabar ti Bukhairah salah sahiji rahib jeung tina sagala tanda-tanda anu
> > nunjukkeun kaimanana, salah sahijina nyaeta istisqa (doa menta hujan) ku
> > tawasul ngaran Muhammad saw dina waktu anjeunna(Muhammad saw) nuju 
> > murangkalih
> > keneh, sareng anjeunna makrifat kana kanabian Muhammad saw anu dicandak dina
> > seueur syair Abu thalib as.
> >  
> >  Ku kituna abdi cukupkeun
> > pernyataan ulama suni diluhur.
> > Zen
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke