Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. Boh keur urang syiah oge sunni.
Sabab nangtukeun estafet penggantian pimpinan. Tah lebah dieu miripna jeung
Super Semar teh.

Keur urang syiah, tangtu ieu teh dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun
justifikasi yen kapamingpinan Islam teh kudu make jalur garis darah biru,
nu dipake acuan ku urang syiah.

Keur urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen kapamingpinan Islam
teh diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model demokrasi tea.

Mun ninggali dua model alih kuasa model di luhur. Jigana nepi ka iraha ge,
hese neangan titik temuna antara syiah jeung sunni teh.

Ayeuna keur umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka
Kanjeng Nabi. Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah
sarua-sarua keneh. Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing
mana nu leuwih nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah?


2011/12/6 Mohammad zen <[email protected]>

> **
>
>
> Sanes super semar, ari supersemarmah teu aya suratna, ari Ghadir khum mah
> dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni jeung syiah
> jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG HENTEU
> KANYATAAN. kitu meureun.
> buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 deui...
>
>
>   ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Tuesday, December 6, 2011 11:50 AM
> *Subject:* Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam (
> Asyura Huseina)
>
>
> Lain dipikir-pikir, masalah "ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya.
> Duanana peristiwa nu nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan.
> Duanana misteri pada ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus.
>

Kirim email ke