Ngan ari pamahaman kuring dina ayat alquran, yen politik anu dimaksud Islam 
lebet kana ajaran Islam, ku kituna ayana ajaran kapamimpinan, kunaon aya fiqih 
siasah.
kunaon aya ayat politik : Athiullah wa athiurrasul wa ulil amri minkum ( 
taatlah anjeun ka Allah, Ka Nabi sareng ka Ulil Amri minkum), atawa ayat 
saenya2na wali anjeun teh rasul sareng orang-orang beriman, atawa ayat anu 
nyebatkeun yen Ibrahim ngadoa ka Pangeran supaya ngajadikeun katurunanana Imam 
( Pamimpin), Allah dina ayt firmnanNA : Janji urang (perihal kapimimpinan ieu ) 
moal beunang ka jalmi anu dzalim.

masalah darah, biru, apanan para nabi oge dina hiji katurunan, boh katurunan 
isaq, atawa ismail...
anu dimaksud ahlulbait ieu sanes umumna katurunan nabi, tapi anu dikhususkeun 
dina alquran nyaeta Ali, Fatimah, Hasan, Husein, sareng salapan keturunan ti 
Sulbi Alhusein nepi ka Imam Namina Muhammad ibn hasan Al askari anu lahirna di 
samara iraq 255 Hijriah anu ayaeuna ghaib ( menurut kayakinan Syiah)...

tetapi katerangan perihal imam anu 12 teh sanes ngan saukur disebatkeun dina 
kitab2 syiah, dina kitab2 suni pun seueur anu ngajelaskeun perihal ieu, saperti 
nami2 na disebutkeun dina kitab yanabi almawaddah filqurba, atawa dina kitab2 
sanesna, buktina coba buka sahih muslim yen dunia ieu moal kiamat sateuacan 
tegakna 12 amir /khilafah..


jadi masalah kapamimpinan perihal anu asas oge dina quran... eta sabagean ayat, 
komo deui lamun dibahas khusus perihal ayat2 kepemimpinan dina Quran.

perihal Suni jeung Syiah... urang kedang ningali dina dua sisi, hiji sisi :mana 
anu langkung kiat dalilna , anu sisi kadua : bebas memilih, masalah moal 
paamprok hiji jeung nu sanesna etamah masalah lain deui... memang moal paamprok 
dina masalah bebeneran mah kulantaran bebeneran mah ngan saukur hiji.
tapi suni jeung syiah bisa paamprok dina wilayah persatuan kemasyarakatan, 
sosial dll

jadi lamun ngabahas mana anu paling bener --- eta pembahasan dalil ( artina 
manusa moal eureun tina pencarian ieu mah fitrah manusa), lamun disetop maka 
ngalanggar fitrah anu disebatkeun QATHA'A Al'uqul

tapi lamun ngabahas kumaha bisa akur aya dua sisi : sisi dalil memang beda 
(ngan saling ngahormatan), sisi anu kadua akur palebah sosial kemasyarakatan

kesimpulanana : ulah pajeulit dina eta sisi teh... kuring didieu ngabahas 
perihal naon anu dikaji, mangga wae tanggapan , pilihan mah bebas...

anu terakhir Imam Ali as nyarios : Nahnu abnauddalil , kuring putra2 para 
dalil, jadi hirup urang timana, keur kumaha kumaha, deuk kamana kudu aya dalil 
pikeun dipertanggungjawabkeun di hareupeun hakim akhhirat, apanan dina kuburan 
bakal ditanya : Man Rabbuka, man nabiyuka, man Imamuka (saha Pangeran anjeu, 
saha nabi anjeun saha imam anjeun)

jadi lamun aya statemen akang  yen politik(kapamimpinan) sareng agama teh misah 
NAON DALILNA???


wassalam

zen



________________________________
 From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Tuesday, December 6, 2011 2:20 PM
Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
Huseina)
 

  
Kasimpulan kuring mah keukeuh ti awal awal oge : Salila acan bisa ngabedakeun 
politik jeung agama
salila eta pasualan moal aya anggeusna.

On Tue, Dec 6, 2011 4:38 PM ICT Ki Hasan wrote:

>Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. Boh keur urang syiah oge sunni.
>Sabab nangtukeun estafet penggantian pimpinan. Tah lebah dieu miripna jeung
>Super Semar teh.
>
>Keur urang syiah, tangtu ieu teh dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun
>justifikasi yen kapamingpinan Islam teh kudu make jalur garis darah biru,
>nu dipake acuan ku urang syiah.
>
>Keur urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen kapamingpinan Islam
>teh diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model demokrasi tea.
>
>Mun ninggali dua model alih kuasa model di luhur. Jigana nepi ka iraha ge,
>hese neangan titik temuna antara syiah jeung sunni teh.
>
>Ayeuna keur umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka
>Kanjeng Nabi. Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah
>sarua-sarua keneh. Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing
>mana nu leuwih nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah?
>
>
>2011/12/6 Mohammad zen <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Sanes super semar, ari supersemarmah teu aya suratna, ari Ghadir khum mah
>> dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni jeung syiah
>> jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG HENTEU
>> KANYATAAN. kitu meureun.
>> buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 deui...
>>
>>
>>   ------------------------------
>> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
>> *To:* [email protected]
>> *Sent:* Tuesday, December 6, 2011 11:50 AM
>> *Subject:* Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam (
>> Asyura Huseina)
>>
>>
>> Lain dipikir-pikir, masalah "ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya.
>> Duanana peristiwa nu nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan.
>> Duanana misteri pada ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus.
>>


 

Kirim email ke