Sae Mang Sp Saprudin, nambihan langkung seueur oge langkung sae.

Mairan patarosan Amang : "Tuluy Pamimpin nagara jeung pamimpin agama, naha 
beda?"

Ke urang samikeun heula definisina "Ngabedakeun" sareng "Ngamisahkeun", ieu dua 
hal anu teu sami mung mirip. Ngabedakeun mah  langkung condong kanu konsep 
pamikiran, nunjukkeun, ngategorikeun, ngasistematisasi sesuai sareng 'domain'na 
(ambahan / wilayahna).  
Ngamisahkeun/misahkeun mah jelas-jelas aya dua hal, jenis, aspek nu teu aya 
pakuat-pakaitna, langkung ka 'phisicaly'.

Contoh gambaran anu sae, nalika Gus Dur janten pamingpin nagara urang, ieu 
gambaran jelema anu jadi pamimpin (umat agama islam khususon versi NU/ 
budayawan) sakaligus jadi pamingpin nagara. Contoh nu sanes kapamingpinan di 
Iran ayeuna sami teu misahkeun sareng teu ngabedakeun kapamimpinan 
agama/nagara.    

Contoh anu sejenna, di urang saleresna aya nu namina  presiden salaku Kepala 
Nagara, aya oge presiden salaku Kepala Pamarentahan. Di nagara Itali mah 
dibedakeun,
Kapala Nagara dipimpin ku Presiden, ari Kapala Pamarentahna dipimpin ku Perdana 
Mentri. (beda pacabakan).

Teras agama dasarna aya lima, nyaeta : 1. Sahadat, 2. Shalat, 3. Zakat, 4. 
Puasa, 5. Haji
Ieu nu namina disebat dadasar syareat tea. Syareat pikeun ngudag hirup cageur, 
bageur,
bener jeung pinter pikeun akur, makmur jeung papada jelema  Dasar nu leuwih 
jero namah
soal hubungan makhluk jeung nu nyiptakeunana (Gusti nu Mahasuci jeung 
Mahakawasa).
Lamun dasarna pisan acan kakobet, teu aneh lamun aya jalma ladang duit hasil 
korupsi bari dimimitian ku bismillah, geus meunang duit alhamdulillah terus 
jarah ka Mekah. Teu boga kaera. 
 
Balik deui ka soal utama, anu jadi pamikiran sim uing, - hasil maca buku 
karangan mang Ahsa, - Aliran-aliran dalam Islam, kacaturkeun dina buku eta, yen 
Kangjeng Ali harita teu nungtut bales ngarebut deui kakawasaan anu diserahkeun 
ka katurunan Muawiyah, padahal harita  wadya balad jeung nu ngadukung sareng 
kakiatan cekap kanggo merangan Muawiyah. Why ? (legegna), Kunaon ? Make tanda 
tanya ageung!. (malihan anu kuciwa, ngadamel kelompok nyalira anu katelah kaum 
Khawarij tea). Dinu hal ieu pisan ceuk pamanggih kuring islam kabagi ka dua 
aliran  Syiah sareng Sunni kusabab alatan para pangikutna kuanjeun/sorangan. 
Tiasa oge kusabab dina mempertahankeun kakawasaan
ti kaum Muawiyah anu embung karebut deui kakuasaanna, terus mojokeun ngadamel 
trik ka Ali katut pangikut-pangikutna. Dina hal ieu jelas leuwih condong kanu 
urusan politik tibatan urusan agama.

Nu katangkep ku pamikiran sim uing mah, oh numatak kitu oge(meureun) aya beda 
udagan aya beda fisi, misi, strategi dina ngokolakeun agama jeung 
(pamarentahan) hiji nagara.  Ari agama mah teu aya kompromi da nu diudag urusan 
akherat, sedengkeun ari ngurus nagara mah tangtu kedah seueur kompromi da 
dasarna teu leuwih jeung teu kurang, leuwih condong ngurus soal kadunyaan.

Terakhir, apan dina Al Qur'an oge(al baqoroh kitu, punten hilap) , aya anu 
kasebut Ulama aya oge Ummaro. Atuh lamun kitu, numawi dibedakeun ge 
hartosna/tangtosna aya bedana.   

Salam

--- On Wed, 7/12/11, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:

From: Sp Saprudin <[email protected]>
Subject: Bls: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: 
[kisunda] 10 Muharam ( Asyura Huseina)
To: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Wednesday, 7 December, 2011, 11:00 AM








 



  


    
      
      
      Punten Kang Gus Maman nambihan alit we kana masalah iraha ayana nagara. 
Ceuk kuring mah ku ayana jelema di luhur dunya. He..he....dunya mun teu dieusi 
jelema moal aya nagara Indonesia. 
Tuluy sarat nagara anu tos di pedarkeun aya 4 ieu kalebet syarat primerna, uing 
nambahan hiji we. Conto Palestina opat syarat geus kacumponan, ngan hiji anu 
can kacumponan nyaeta syarat sekunder pangakuan ti nagara-nagara sejen anu hal 
ieu meureun pangakuan ti PBB. Jadi dasar nagara aya lima perkara. 
Tuluy agama dasarna naon? Ceuk anak uing agama dasarna aya lima, nyaeta :
1. Sahadat
2. Shalat
3. Zakat
4. Puasa
5. Haji
 
Ngenaan masalah pamimpin jeung agama. Ceuk kuring mun pamimpin teu boga agama 
ngarana atheis nyah. Tuluy mun pamimpin boga agama tapi teu boga kataqwaan 
meureun sok deket jeung Komariah nyah? Jadi dina hal ieu pamimpin nagara kudu 
boga ageman lain sakadar tanda di KTP. Anu mana nilai-nilai agama baris matri 
dina dirina tur ditembongkeun ku laku lampah sajalan jeung saayunan. Agama lain 
sakadar kapercayaan henteu ngabuah, hal ieu sarua jeung ember bolong. apan 
buahna agama teh nyaeta ibadah ritual jeung ibadah sosial.
 
Tuluy Pamimpin nagara jeung pamimpin agama, naha beda? Atuh beda lah. Pamimpin 
nagara bisa Presiden, PM atawa Raja, sedengkeun Pamimpin agama bisa meureun 
Ajeungan nyah.....he..he.. Meureun bisa oge pamimpin nagara sakaligus pamimpin 
agama, model Gus Dur basa jadi Presiden.
Kuring rada bingung masalah Kapamimpinan jeung agama, naha misah? Aduh kumaha 
nyah, ah ieu mah ceuk kuring yen jadi pamimpin kudu ngabogaan kualitas spritual 
sasuai jeung nilai-nilai agama eta sorangan. Jadi mun aya pamimpin beuki kana 
Kolusi jeung Korupsi, eta pamimpin can ngabogaan kualitas spritual (nilai-nilai 
agama).
 
Kitu we lah.......salah ceukmaneh, bener ceuk uing tah......
Wallahu'alam
 


Dari: Gus Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Rabu, 7 Desember 2011 9:24
Judul: Politik vs Nagara Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 
Muharam ( Asyura Huseina)
 

  





Salah sahiji definisi politik nyaeta seni jeung ilmu pikeun ngaraih/meunangkeun 
kakawasaan. Kakawasaan naon? Marentah dihiji daerah atanapi wilayah atanapi 
nagara kusabab boga kakakawasaan/kawenangan.  Kawenangan marentah batur, ngatur 
batur, ngatur hirup di hiji daerah kakawasaan, boh tina mayar pajek, ngatur 
katertiban umum, jeung ngatur kamakmuran masyarakatna. 
Timana bijilna atanapi sumberna jeung legalitas ayana kakawasaan marentah hiji 
nagara? 
Aya sababaraha riwayat : 1 pamere ti numaha kawasa, 2 ti asal usul 
katurunan(raja), 3. kakuatan senjata/militer, 4. ti paloba-loba dukungan sora 
ti masyarakatna/rakyatna nu ayeuna katelah demokrasi.

Iraha mimitina aya 'nagara' , numutkeun catetan sejarah(nu aya tulisan) mah  
kirang langkung ti 3000-2500 sebelum tahun Masehi, dibuktikeun ku ayana Sphinx 
jeung Piramida di Mesir anu kaungkap tina hurup Hierogliph. Teu kaungkap kabeh 
misteri
kahirupan
 masyarakat dina waktu harita, kusabab catetan / lambang-lambang anu aya
dina dinding Piramid teu sadayana kapecahkeun. Nu jelasmah harita
geus aya strata/tingkat golongan masyarakat cacah, menak/juru tulis, dukun 
jeung turunan raja-raja. 

Definisi nagara numutkeun teori  nyaeta lamun minimal geus  aya  nyumponan 4 
hal, Kahiji aya anu marentahna/pamarentah, 2 aya wilayahna, 3 aya rakyatna 
jeung ka-4 aya kadaulatan/boga aturan sorangan.

Politik dina arti sempit nyaeta siasat atanapi taktik, padahal dina awahan anu 
leuwih lega mah lain ngan ukur soal kumaha siasat meunangkeun kedudukan atanapi 
jabatan atanapi kapamimpinan,  ngamasalahkeun kumaha kuduna hirup bersama, 
kuduna kumaha hirup  bermasyarakat disagala bidang, sosial, budaya, 
kasejahteraan ekonomi, pendidikan, kasehatan, luar angkasa, militer jste.  

Ari agama dasarna naon atuh, sarua soal kakuasaan oge?

Ngahaja dibeber-beber soal
 politik diluhur maksudna supaya bisa ngabedakeun dina hal  naha nyaan ekonomi, 
budaya, pendidikan, militer kabeh kudu diatur  (pamingpin) agama. 

Nu matak ceuk dugaan (hipotesa) kuring, nu ngarana urang Islam matak teu 
maju-maju mangsa kirwari, katinggaleun ku non Islam nyaeta LOBA BINGUNG 
NGALABELAN umpamana  Ekonomi Islami, Pendidikan Islami, Budaya Islami, 
Kepemimpinan Islami sabari neneangan DALIL/Katerangan nana dina Hadits Shoheh / 
teu shoheh. 
Ngagugulung dalil jeung pakuat-kuat keterangan dinu catetan heubeul, diluar eta 
teu Ilmiah teu Islami. Poho udagan mangsa kiwari. Antukna jadi nagara siga 
Irak, Afganistan, Mesir
Yaman dikekeyek bangsa deungeun, jeung ribut ambon sorangan kusabab teu boga 
konsep/ide nu ajeg.

Ayeuna ngajurus ka soal katurunan Ali vs katurunan Muawiyah.
Singket we sim uing mah:   Ali mah pamimpin Agama, ari Muawwiyah mah pamimpin 
Nagara.  Kuring moal ngaluarkeun DALIL bisi
 weureu.


Salam
 


--- On Wed, 7/12/11, Mohammad zen <[email protected]> wrote:


From: Mohammad zen <[email protected]>
Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
Huseina)
To: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Wednesday, 7 December, 2011, 2:43 AM



  


Ngan ari pamahaman kuring dina ayat alquran, yen politik anu dimaksud Islam 
lebet kana ajaran Islam, ku kituna ayana ajaran kapamimpinan, kunaon aya fiqih 
siasah.
kunaon aya ayat politik : Athiullah wa athiurrasul wa ulil amri minkum ( 
taatlah anjeun ka Allah, Ka Nabi sareng ka Ulil Amri minkum), atawa ayat 
saenya2na wali anjeun teh rasul sareng orang-orang beriman, atawa ayat anu 
nyebatkeun yen Ibrahim ngadoa ka Pangeran supaya ngajadikeun katurunanana Imam 
( Pamimpin), Allah dina ayt firmnanNA : Janji urang (perihal kapimimpinan ieu ) 
moal beunang ka jalmi anu dzalim.

masalah darah, biru, apanan para nabi oge dina hiji katurunan, boh katurunan 
isaq, atawa ismail...
anu dimaksud ahlulbait ieu sanes umumna katurunan nabi, tapi anu dikhususkeun 
dina alquran nyaeta Ali, Fatimah, Hasan, Husein, sareng salapan keturunan ti 
Sulbi Alhusein nepi ka Imam Namina Muhammad ibn hasan Al askari anu lahirna di 
samara iraq 255 Hijriah anu ayaeuna ghaib ( menurut kayakinan Syiah)...

tetapi katerangan perihal imam anu 12 teh sanes ngan saukur disebatkeun dina 
kitab2 syiah, dina kitab2 suni pun seueur anu ngajelaskeun perihal ieu, saperti 
nami2 na disebutkeun dina kitab yanabi almawaddah filqurba, atawa dina kitab2 
sanesna, buktina coba buka sahih muslim yen dunia ieu moal kiamat sateuacan 
tegakna 12 amir /khilafah..


jadi masalah kapamimpinan perihal anu asas oge dina quran... eta sabagean ayat, 
komo deui lamun dibahas khusus perihal ayat2 kepemimpinan dina Quran.

perihal Suni jeung Syiah... urang kedang ningali dina dua sisi, hiji sisi :mana 
anu langkung kiat dalilna , anu sisi kadua : bebas memilih, masalah moal 
paamprok hiji jeung nu sanesna etamah masalah lain deui... memang moal paamprok 
dina masalah bebeneran mah kulantaran bebeneran mah ngan saukur hiji.
tapi suni jeung syiah bisa paamprok dina wilayah persatuan kemasyarakatan, 
sosial dll

jadi lamun ngabahas mana anu paling bener --- eta pembahasan dalil ( artina 
manusa moal eureun tina pencarian ieu mah fitrah manusa), lamun disetop maka 
ngalanggar fitrah anu disebatkeun QATHA'A Al'uqul

tapi lamun ngabahas kumaha bisa akur aya dua sisi : sisi dalil memang beda 
(ngan saling ngahormatan), sisi anu kadua akur palebah sosial kemasyarakatan

kesimpulanana : ulah pajeulit dina eta sisi teh... kuring didieu ngabahas 
perihal naon anu dikaji, mangga wae tanggapan , pilihan mah bebas...

anu terakhir Imam Ali as nyarios : Nahnu abnauddalil , kuring putra2 para 
dalil, jadi hirup urang timana, keur kumaha kumaha, deuk kamana kudu aya dalil 
pikeun dipertanggungjawabkeun di hareupeun hakim akhhirat, apanan dina kuburan 
bakal ditanya : Man Rabbuka, man nabiyuka, man Imamuka (saha Pangeran anjeu, 
saha nabi anjeun saha imam anjeun)

jadi lamun aya statemen akang  yen politik(kapamimpinan) sareng agama teh misah 
NAON DALILNA???


wassalam

zen

 


From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Tuesday, December 6, 2011 2:20 PM
Subject: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
Huseina)
 

  

Kasimpulan kuring mah keukeuh ti awal awal oge : Salila acan bisa ngabedakeun 
politik jeung agama salila eta pasualan moal aya anggeusna. On Tue, Dec 6, 2011 
4:38 PM ICT Ki Hasan wrote: >Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. Boh 
keur urang syiah oge sunni. >Sabab nangtukeun estafet penggantian pimpinan. Tah 
lebah dieu miripna jeung >Super Semar teh. > >Keur urang syiah, tangtu ieu teh 
dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun >justifikasi yen kapamingpinan Islam 
teh kudu make jalur garis darah biru, >nu dipake acuan ku urang syiah. > >Keur 
urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen kapamingpinan Islam >teh 
diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model demokrasi tea. > >Mun ninggali 
dua model alih kuasa model di luhur. Jigana nepi ka iraha ge, >hese neangan 
titik temuna antara syiah jeung sunni teh. > >Ayeuna keur
 umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka >Kanjeng Nabi. 
Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah >sarua-sarua keneh. 
Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing >mana nu leuwih 
nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah? > > >2011/12/6 Mohammad zen 
<[email protected]> > >> ** >> >> >> Sanes super semar, ari supersemarmah teu 
aya suratna, ari Ghadir khum mah >> dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni 
jeung syiah >> jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG 
HENTEU >> KANYATAAN. kitu meureun. >> buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 
deui... >> >> >> ------------------------------ >> *From:* Ki Hasan 
<[email protected]> >> *To:* [email protected] >> *Sent:* Tuesday, 
December 6, 2011 11:50 AM >> *Subject:* Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: 
[kisunda] 10 Muharam ( >> Asyura Huseina) >> >> >> Lain dipikir-pikir, masalah 
"ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya. >> Duanana peristiwa nu
 nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan. >> Duanana misteri pada 
ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus. >> 

    
     

    
    






  



Kirim email ke