Mun ceuk kuring mah sual agama lain sual hoyong janten abid. eta sual pilihan 
hirup sareng jalan hirup. sual sunni syiah mah bagean khazanah Islam.
Mangga wae pilih, da urusan agama mah kauntunganna salahijina salamet di 
aherat. Cobi paluruh mana nu langkung ngajamin salamet aherat di antara Sunni 
sareng Syiah atanapi Ahlussohabat sareng Ahlulbait.



________________________________
 Dari: Ki Hasan <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 6 Desember 2011 16:38
Judul: Re: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
Huseina)
 

  


Isu "Ghadir Khum" teh tangtuna ge penting. Boh keur urang syiah oge sunni. 
Sabab nangtukeun estafet penggantian pimpinan. Tah lebah dieu miripna jeung 
Super Semar teh. 

Keur urang syiah, tangtu ieu teh dianggap penting pisan. Sabab dijadikeun 
justifikasi yen kapamingpinan Islam teh kudu make jalur garis darah biru, nu 
dipake acuan ku urang syiah. 

Keur urang sunni, ghadir khum jadi titik tolak oge, yen kapamingpinan Islam teh 
diteruskeun make jalur pemilihan. Meureun model demokrasi tea.

Mun ninggali dua model alih kuasa model di luhur. Jigana nepi ka iraha ge, hese 
neangan titik temuna antara syiah jeung sunni teh.

Ayeuna keur umat muslim non Arab, nu teu boga kaitan hubungan getih ka Kanjeng 
Nabi. Milih antara Sunni jeung Syiah teh, sacara kakawasaan mah sarua-sarua 
keneh. Da ukur hayang jadi abid, ukur hayang diaku umat. Cing mana nu leuwih 
nguntungkeun. Milih Sunni atawa Syiah?



2011/12/6 Mohammad zen <[email protected]>

 
>  
>Sanes super semar, ari supersemarmah teu aya suratna, ari Ghadir khum mah 
>dicaritakeun dina riwayat mutawatir suni jeung syiah
>jadi sanes super semar, anu ngabedakeunana mah NARIMA JEUNG HENTEU KANYATAAN. 
>kitu meureun.
>buktina... sejarah ieu teu bisa ditutup2 deui... 
>
>
>
>
>
>
>________________________________
> From: Ki Hasan <[email protected]>
>To: [email protected] 
>Sent: Tuesday, December 6, 2011 11:50 AM
>Subject: Ghadir Khum vs Super Semar ==> Re: [kisunda] 10 Muharam ( Asyura 
>Huseina)
>
>
>
>  
>Lain dipikir-pikir, masalah "ghadir khum" teh asa jiga "super semar" nya. 
>Duanana peristiwa nu nangtukeun saha nu baris nyepeng pakamingpinan. Duanana 
>misteri pada ngadurenyomkeun, teu anggeus-anggeus.
>




Kirim email ke