hatur nuhun mang oman, kuring mah teu jadi ka dituna teh. keuna ku panyakit haro. padahal baju bulao kahideunganna, nu jadi pakean kode, meunang meuli ti mang pulung urang ciranji teh geus dipoe, da bulukan balas tara dipake, :), bubuhan enya eta, sami jeung mo, lain budayawan. boga iket baduy luar ukur dipake jiga slayer tukang motor. lain wae keur nutup hulu. tapi oge bisa obah jadi salampe, jadi tergos, atawa jadi bungkus seureuh basa seserahan si adi! haha... sarwa guna weh tah si iket teh...
:p Pada 13 Desember 2011 14:12, oman abdurahman <[email protected]> menulis: > ** > > > Kaparengkeun poe Saptu, 10 Des 2011 anu karek liwat si kuring jeung kang > Nana nganjang ka Bogor, nohonan panguleman panitia riungan sarasehan > budayawan Bogor. Diantara jejerna eta riungan teh nyukruk laratan kisunda. > Lain pedah budayawan miluan soteh, dumeh keur rada salse bari jeung seja > ngalogok ma ageung (Ibu Tien Rostini Asikin, toong upamana wae di dieu: > http://www.sundanet.com/?p=107 ) anu mulih dioperasi masang kateter > jantung. > > Diudag gancangna wae, dina jeurangan tanya jawab, abah Dasep Arifin, raina > ma ageung, budayawan Sunda linggih di Bogor, ngaguar falsafah ngeunaan > iket. Pedaran anjeunna diringkeskeun ku kuring siga kieu: > > 1) Iket ngandung falsafah silib "beungkeuta pikeun ngaleutikan hulu". > Maksunda: sangkan hirup henteu gede hulu, nya hulu teh dibeungkeut ku kaen > supaya henteu ngagedean (silib atawa kiasan supaya hirup henteu sombong, > henteu adigung adiguna) > > 2) Nyoko kana falsafah iket anu kasebut di luhur, asal muasal jenis > beungkeutan iket (model) iket Sunda henteu loba rupana, balikta hiji wae: > model beungkeutan sederhana anu geus dipake mangratus-ratus taun ku urang > Kanekes. Saur abah Dasep kl: "Loba unak-anik model iket siga ayeuna eta mah > rumus anu dagang, anu nyieun iket sangkan payu". "Tapi nya hade wae, > nuduhkeun kreativitas, ngan ulah nepi ka cul dog dog tinggal igel, falsafah > / atawa hikmah iketna geus henteu dilakonan", saur anjeunna kurang leuwih, > neruskeun; > > 3) Fungsi sejen iket keur urang Kanekes: pikeun nyimpen rupa-rupa pakakas > anu bisa disimpen dina lipetan iket, saperti obat (herbal) pikeun ngobaran > awak samangsa-mangsa dipacok oray atawa diseureud ku seungseureudan, jsb. > > cag heula, > manar > > > 2011/12/13 Dudi Herlianto <[email protected]> > >> ** >> >> >> punten mun ripos gan, >> >> --- >> >> http://nasional.kompas.com/read/2008/11/20/22020314/mencari.identitas.sunda.lewat.iket >> >> Mencari Identitas Sunda Lewat Iket >> >> >> -- d-: dudi herlianto :-q paciringan.wordpress.com kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk
