Inget keur jaman budak. Lamun geus heureuy kapapanjangan, boh silih ledek
jeung dulur atawa babaturan, otel silih tepak jeung silih jenggut, ku
indung sok dicarek, "Geus atuh repeh, bisi tuluy bauna!" cenah. Meureun
maksudna, "tuluy bauna"-na teh, kateterusan heureuyna, nu antukna nepi ka
aya nu hing ceurik sagala.

Jigana lain perkara gampang nya, lamun urang keur adu renyom, nangtukeun
wates, nepi ka mana urang diskusi, sangkan teu nepi ka tuluy bauna. Kumaha
nya cara nangtukeun ijiranana. Sangkan diskusi teh, tetep dina wates anu
sehat.

Cing sugan aya bongbolongan.

Kirim email ke