Lain euy Kang da puguh kitu... Kuring boga budak 3 lalaki 2 daaa puguh eta 
barudak adi lanceuk satungtung can ceurik mah hayoooh weh ocon hehehe. 

Ari kuring mah antep keun weh... Satungtung heureuyna teu ngabahayakeun mah 
hehehe... Da budak mah usumna heureuy hehehe. Ngan lamun aki-2 geus tujuh pulud 
kitu keneh mah berarti kasebutna aki-aki awet ngora atawa bahasa halusna mah 
bubudakeun lin hehehe


Nuhuuuuuns,
Mang Kabayan
www.dkabayan.com
ti urang, ku urang, keur balarea

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 19 Dec 2011 13:40:55 
To: Ki Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Babasan - Tuluy Bauna?

Inget keur jaman budak. Lamun geus heureuy kapapanjangan, boh silih ledek
jeung dulur atawa babaturan, otel silih tepak jeung silih jenggut, ku
indung sok dicarek, "Geus atuh repeh, bisi tuluy bauna!" cenah. Meureun
maksudna, "tuluy bauna"-na teh, kateterusan heureuyna, nu antukna nepi ka
aya nu hing ceurik sagala.

Jigana lain perkara gampang nya, lamun urang keur adu renyom, nangtukeun
wates, nepi ka mana urang diskusi, sangkan teu nepi ka tuluy bauna. Kumaha
nya cara nangtukeun ijiranana. Sangkan diskusi teh, tetep dina wates anu
sehat.

Cing sugan aya bongbolongan.

Kirim email ke