Hehehe. Teruskeun Kang Udin
Keun ieu mah intermezo we nya
Bi Oeti na oge tos ngahampura cenah

2011/12/19 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Kang Kabayan uing kaasup aki-aki bubudakeun nyah? Tobat !!!
> uing moal heureuy akh di ieu milis, sieun disebut aki-aki bubudakeun
> ceup we akh.....rek balem
> hampura ka Bi Oeti uing sok ngecap jorang, tadina kieu pan kiwari jaman
> transparansi, uing ngarojong we kana sikap transparan, ulah ieu katingali
> kalem jiga anu heueuh, eh....sing horeng ucing burik teu kaop meleng
> langsung sikat
> eta Ucing burik saperti si NAZARUDIN, si NUNUN jeung loba anu sejenna
> samodel jeung manehna
> He..he..he...
>
>   *Dari:* Mang Kabayan <[email protected]>
> *Kepada:* Kisunda <[email protected]>
> *Dikirim:* Senin, 19 Desember 2011 13:03
> *Judul:* Re: [kisunda] Babasan - Tuluy Bauna?
>
>
>  Lain euy Kang da puguh kitu... Kuring boga budak 3 lalaki 2 daaa puguh
> eta barudak adi lanceuk satungtung can ceurik mah hayoooh weh ocon hehehe.
>
> Ari kuring mah antep keun weh... Satungtung heureuyna teu ngabahayakeun
> mah hehehe... Da budak mah usumna heureuy hehehe. Ngan lamun aki-2 geus
> tujuh pulud kitu keneh mah berarti kasebutna aki-aki awet ngora atawa
> bahasa halusna mah bubudakeun lin hehehe
>
> Nuhuuuuuns,
> Mang Kabayan
> www.dkabayan.com
> ti urang, ku urang, keur balarea
> *From: * Ki Hasan <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 19 Dec 2011 13:40:55 +0800
> *To: *Ki Sunda<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Babasan - Tuluy Bauna?
>
>
> Inget keur jaman budak. Lamun geus heureuy kapapanjangan, boh silih ledek
> jeung dulur atawa babaturan, otel silih tepak jeung silih jenggut, ku
> indung sok dicarek, "Geus atuh repeh, bisi tuluy bauna!" cenah. Meureun
> maksudna, "tuluy bauna"-na teh, kateterusan heureuyna, nu antukna nepi ka
> aya nu hing ceurik sagala.
>
> Jigana lain perkara gampang nya, lamun urang keur adu renyom, nangtukeun
> wates, nepi ka mana urang diskusi, sangkan teu nepi ka tuluy bauna. Kumaha
> nya cara nangtukeun ijiranana. Sangkan diskusi teh, tetep dina wates anu
> sehat.
>
> Cing sugan aya bongbolongan.
>
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke