Kang Kabayan uing kaasup aki-aki bubudakeun nyah? Tobat !!! uing moal heureuy akh di ieu milis, sieun disebut aki-aki bubudakeun ceup we akh.....rek balem hampura ka Bi Oeti uing sok ngecap jorang, tadina kieu pan kiwari jaman transparansi, uing ngarojong we kana sikap transparan, ulah ieu katingali kalem jiga anu heueuh, eh....sing horeng ucing burik teu kaop meleng langsung sikat eta Ucing burik saperti si NAZARUDIN, si NUNUN jeung loba anu sejenna samodel jeung manehna He..he..he...
________________________________ Dari: Mang Kabayan <[email protected]> Kepada: Kisunda <[email protected]> Dikirim: Senin, 19 Desember 2011 13:03 Judul: Re: [kisunda] Babasan - Tuluy Bauna? Lain euy Kang da puguh kitu... Kuring boga budak 3 lalaki 2 daaa puguh eta barudak adi lanceuk satungtung can ceurik mah hayoooh weh ocon hehehe. Ari kuring mah antep keun weh... Satungtung heureuyna teu ngabahayakeun mah hehehe... Da budak mah usumna heureuy hehehe. Ngan lamun aki-2 geus tujuh pulud kitu keneh mah berarti kasebutna aki-aki awet ngora atawa bahasa halusna mah bubudakeun lin hehehe Nuhuuuuuns, Mang Kabayan www.dkabayan.com ti urang, ku urang, keur balarea ________________________________ From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Mon, 19 Dec 2011 13:40:55 +0800 To: Ki Sunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Babasan - Tuluy Bauna? Inget keur jaman budak. Lamun geus heureuy kapapanjangan, boh silih ledek jeung dulur atawa babaturan, otel silih tepak jeung silih jenggut, ku indung sok dicarek, "Geus atuh repeh, bisi tuluy bauna!" cenah. Meureun maksudna, "tuluy bauna"-na teh, kateterusan heureuyna, nu antukna nepi ka aya nu hing ceurik sagala. Jigana lain perkara gampang nya, lamun urang keur adu renyom, nangtukeun wates, nepi ka mana urang diskusi, sangkan teu nepi ka tuluy bauna. Kumaha nya cara nangtukeun ijiranana. Sangkan diskusi teh, tetep dina wates anu sehat. Cing sugan aya bongbolongan.
