Kedah na mah ka hiji akang bahas heula eta ketarangan dina sesi2 , coba akang taliti
lamun di Syiah mah tentu wae tos disebatkeun ti awal keneh yen mutah halal hukum dasar, kusyarat tentuna. tapi bisa oge makruh bisa oge haram. ngan meureun ngabahas oge akang beuki lieur deui... kulantaran akang kedah siap kana kaidah hadits di syiah, kedah apal , kaidah rijal, kedah apala kaidah ushul, mana ciri hadits dhaif jeung sahih, boh dina kitab man la yahdhuru alfaqih , kitab istibshar, kitab alkafi , kitab wasailussiah jeung nu sejenna kulantaran di syiah teu aya kitab hadits anu sahih 100% jadi kedah apal heula kaidahna. kedah apal kadiah2 nu sanesna, ieu oge kuring ngajelaskeun nu suni kulantaran kapaksa, akang ku kopi paste kitab wahabi nyerang ku kasar. ayeuna ngarti henteu kaidah suni anu tos ditulis dihandap dina sesi2??? kieu we salah sahiji riwayat sahih zararah dina kitab wasailussiah 26359 وعنه عن أبيه، عن ابن أبي عمير، عن عمر بن اُذينة، عن زرارة قال: جاء (عبدالله بن عمير) (1) الليثي إلى أبي جعفر (عليه السلام) فقال: ما تقول في متعة النساء؟ فقال: أحلها الله في كتابه وعلى سنة (2) نبيه، فهي حلال إلى يوم القيامة، فقال: يا ابا جعفر، مثلك يقول هذا وقد حرمها عمر ونهى عنها، فقال: وإن كان فعل، فقال: فاني أعيذك بالله من ذلك أن تحل شيئا حرمه عمر، فقال له: فأنت على قول صاحبك، وأنا على قول رسول الله (صلى الله عليه وآله) .....Dongkap Abdullah ibn Umari : ka Abu Ja'far as , naros : Naon pendapat anjeung mengenai nikah Mut'ah? Imam Ngajawab : Ari eta teh perkara anu dihalalkeun ku Allah dina kitabna jeung sunnah nabina, maka eta nikah mutah halal nepi ka hari kiamah, anjeuna nyarios ka imam : tapi Umar (bin khatab) tos ngalarang kana nikah mutah, walupun sateuacana dihalalkeun, Imam Ngajawab : kami berlindung ka Allah tina perkara anu tos dihalalkeun tapi diharamkeun ku Umar, anjeun ngiringan pendapat junjungan anjeun (Umar) , tapi kuring ngiringan kana sabda rasulullah saww. wassalam ________________________________ From: Sp Saprudin <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Tuesday, December 27, 2011 5:21 AM Subject: Bls: [kisunda] Tabiin jeung Ulama Anu ngahalalkeun nikah mutah (sesi ka 4) Kahatur Mang Zen Uing lain rek ngabantah pamaran mang Zen, uing hayang nyaho eusi anu sajujurna tina kitab-kitab Syiah saperti Kitab "MAN LAA YAHDHURUHU AL FAQIH jeung Tafsir Minhaj Ash-Shadiqin. Tulisan Mang Zen kopi paste ti kalangan pendapat Ahlussunah, ieu Mang jeung katingali inkonsistensi. Pan ieu ngenaan KAWIN MUT'AH, anu mana loba beda faham ti kalangan Ahlussunah, cig uing hayang maca paparan sakumaha anu aya di kitab-kitab ageman Syiah. Naha ieu tina raga ngajalankeun taqiyah tea, loba bohong leuwih loba fahalana, nyah? Dari: Mohammad zen <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Senin, 26 Desember 2011 3:17 Judul: [kisunda] Tabiin jeung Ulama Anu ngahalalkeun nikah mutah (sesi ka 4) Sesi ka opat Keterangan Para tabiin jeung ulama suni kana Nikah Mutah 1. Malik Ibn anas (pengasas mazhab Maliki) (Wafat 179 H) Keterangan dicandak ti sarkhasi anu mazhab Hanafi nyarios kieu : تفسير المتعة ان يقول لأمرأة : استمتع بكِ بكذا من المدّة بكذا من المال، و هذا باطل عندنا، جائز عند مالك بن أنس ، و هو من قول ابن عباس Tafsir nikah Mutah ku nyarios kie ka awewe anu bade di mut’ah : nikah mut’ah ku (mahar sekian) dina waktu sakian , mazhab kami ngayakinan teu sah, tapi mazhab Malik Ibn anas ngahalalkeun eta dicandak dina qaul (riwayat) Ibn Abbas. (Almabsuth , jilid 5, hal 152) Keterangan sanesna yen Malik Ibn Anas ngahalalkeun ieu nikah قال مالك هو – اي نكاح المتعة – جائز : لأنّه كان مشروعاً فيبقى الى أن يظهر ناسخه، و اشتهر عن إبن عباس تحليلها، و تبعه على ذلك أكثر اصحاب من اليمن و مكة، و كان يستدلّ على ذلك بقوله تعالى : "فما استمتعتم به ..." Malik Ibn Anas nyarios , eta nikah mutah boleh (halal): kulantaran disyareatkeun , nepi ka zaman dinasakh (Zaman Umar ) , Masyhur ti Ibn Abbas kana penghalalanana, sareng anu ngiringan kana Ibn Abbas jeung ngalaksanakeunana seueur ti para sahabat ti Yaman, jeung Mekkah, ku dalil dina ayat alquran (annisa 24) 2. Ahmad Ibn Hanbal (Wafat 241 H) Ahmad Ibn Hanbal henteu Ngaharamkeun tapi ngamakruhkeun. لأنّ ابن منصور سأل أحمد عنها فقال ك يجتنبها احبّ اليّ : فظاهر هذا الكراهة دون التحريم Kulantaran Ibn Manshur naros ka Ahmad ibn Hanbal perihal nikah mutah: anjeunna nyarios, kuring lewih resep anjeun ngajauh tina hal eta, maka dhahir tina kalimahna sanes haram tapi makruh. (Almughanna : jilid 6 hal 644) 3. Sa’id Ibn Jubair ( wafat 95 H) اخبرني أنّ سعيداً قال له : هي احلّ من شرب الماء Sa’id nyarios ka kami yen Nikah mut’ah lewih halal ti nginum cai (Almushannaf , Abdurrazzaq, jilid 7 hal 496) 4. Abdullah Malik Ibn Abdil Aziz Ibn Jarih ( Wafat 150 H) Adzahabi dina mizan i’tidal jilid 2 hal 659 nyaritakeun perihal tabiin nu name Jarih ieu قال أبو غسان زنيج سمعت جريرا الضبي يقول كان ابن جريج يرى المتعة تزوج بستين إمرأة Abu Ghasan Zanij nyarios kuring ngadangu Jarir Adhabbi, nyarios tos ngalaksanakeun nikah mutah ka 60 istri .. Dzahabi nambihan yen anjeunna termasuk tabiit anu tsiqqat walau resp kana nikah mut’ah. 5. Atha Ibn Abi Ribah (wafat 115 H) Mufti Mekkah muhaddits lahir di zaman utsman عده ابن حزم ممن ثبت على تحليل المتعة Ibn Hazam din a Kitab Almuhalla (9:519) nyebutkeun yen manehna termasuk anu ngahalalkeun nikah mut’ah 6. Thawus Yamani (wafat 106 H) Mufti Yaman , sering berhaji, Ibn Hazam nyebutkeun yen anjeuna oge termasuk anu ngahalalkeun nikah Tiasa ditingali dina kitab almuhalla 7. Amru Ibn Dinar ( Wafat 126 H) Anjeunna Imam Haram Mekkah dizamanna أنه قال بنكاح المتعة من أصحاب رسول الله (صلى الله عليه وآله): عبد الله بن مسعود (2)، ويعلي بن أمية (3)، و جابر بن عبدالله (4)، وعبد الله بن عباس (5)، وصفوان بن أمية (6)، ومعاوية بن ابي سفيان وجماعة من التابعين، منهم: عطاء (2)، وطاوس (3)، وسعيد بن جبير (4)، وجابر بن يزيد (5)، وعمرو بن دينار (6)، وابن جريج (7)، وجماعة من أهل مكة والمدينة، وأهل اليمن، وأكثر أهل الكوفة. Dina sajumlah sahabat sareng tabiin anu disebatkeun didieu salah sahijina Amru ibn Dinar anu ngahalalkeun Nikah Mut’ah (almasail as-shaghaniah hal 37. 8. Hakam Ibn Utaibah ( Wafat 125 H) Di Jamiul bayan hal 18 jilid 4 no 7115 nyebatkeun yen Anjeunna kantos ditaros tina ayat mutah: فما استمتعتم به منهنّ ،،،فريضة Ari eta ayat tos dinasakh , ngajawb anjeunna : teu pernah di nasakh. 9. Ibn Abi Malikiah ( 117 H) و حكى عن ابن عباس و ابن أبي ملكية و ابن جريح و الاماميو جوازه Dicaritakeun ti Ibn Abbas jeung Ibn Abi Malikiah jeung ibn jarih jeung imamiah kana penghalalan nikah mutah ( Alhawa alkabir jilid 11, halaman 449) 10. Ahli Mekkah jeung Yaman اصحاب ابن عباس من اهل مكة و اليمن كلّهم يرون المتعة حلالاً على مذهب ابن عباس Sahabat Ibn Abbas di Mekkah jeung di Yaman sadayana ngahalalkeun nikah mutah sasuai kana mazhab Ibn Abbas (Fathul Bari jilid 9 hal 173) Jeung seueur deui nu sanesna anu ku kuring dicekapkeun nepi ka dieu. Salanjutna Sesi Ka LIma kana tanya jawab jeung permasalhan penghapusan atawa henteuna ieu hukum, lamun tiasa sateuacan kana sesi kalima urang kedah maca dina sesi ka 1-4 Zen
