kh Bustomi cisantri sanes ?, anu kungsi duel jeung jaro karis ?

On 12/28/11, Sp Saprudin <[email protected]> wrote:
> Hatur nuhun kana wejangana, tapi uing tetep henteu bisa mulungan naon anu
> geus dipaparkeun ku Dr. Muhammad Zen.
> Pikeun pamahaman masalah ageuman kuring tetep aya di jalan Manhaj
> Ahlussunah, sanajan Dr. Muhammad Zen geus ngalungkeun paparan komparasina.
> Tapi hiji hal anu tetep uing panasaran ngenaan kitab-kita Syiah. Ieu uing
> boga koleksi warisan ti aki uing K.H. Bustomi nyaeta kitab-kitab Syiah :
> 1. Al Kafi anu dikarang ku Al Kulaini
> 2. Man La Yahdhuruhul Faqih dikarang ku Shaduq
> 3. Al-Istibshar : Ath-Thusi
> 3. At-Tahdzib : Ath-Thusi
> Kahayang uing, sangkan bisa nilik mana anu leuwih bisa asup akal jeung mana
> anu henteu asup akal antara Faham Sunni jeung Syiah,  bisa teu  Dr. Muhammad
> Zen pengikut syiah nukilkeun atawa nyokot referensina tina kitab-kitab
> ageuman Syiah anu kahot tea.
> Faham Syiah tapi nyutat periwayatan anu aya di kitab-kitab Ahlussunah, atuh
> dimana kaabsahan kitab-kitab Syiah eta, mangkana uing ngangggap Dr. Muhammad
> Zen inkonsistensi.
> Uing hayang nempo perbandingan anu asup akal, lain asal nyutat pendapat,
> komo bari nyutat pendapat Ahlussunah.
>
> Sakitu we, uing moal ilu nembalan deui mun aya pakait jeung faham syiah, hal
> ieu lain uing satuju, tapi henteu aya paedahna pikeun uing.
>
>
>
>
>
>
> ________________________________
>  Dari: Mohammad zen <[email protected]>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Rabu, 28 Desember 2011 2:38
> Judul: Re: Bls: [kisunda] MUtah dina Syiah (kang SP)
>
>
>
>
>
> Kedah na mah ka hiji akang bahas heula eta ketarangan dina sesi2 , coba
> akang taliti
>
>
> lamun di Syiah mah tentu wae tos disebatkeun ti awal keneh yen mutah halal
> hukum dasar, kusyarat tentuna. tapi bisa oge makruh bisa oge haram.
> ngan meureun ngabahas oge akang beuki lieur deui... kulantaran akang kedah
> siap kana kaidah hadits di syiah, kedah apal , kaidah rijal, kedah apala
>
> kaidah ushul, mana ciri hadits dhaif jeung sahih, boh dina kitab man la
> yahdhuru alfaqih , kitab istibshar, kitab alkafi , kitab wasailussiah jeung
> nu sejenna
> kulantaran di syiah teu  aya kitab hadits anu sahih 100% jadi kedah apal
> heula kaidahna.
>
> kedah apal kadiah2 nu sanesna, ieu oge kuring ngajelaskeun nu suni
> kulantaran kapaksa, akang ku kopi paste kitab wahabi nyerang ku kasar.
> ayeuna ngarti henteu kaidah suni anu tos ditulis dihandap dina sesi2???
>
> kieu we salah sahiji riwayat sahih zararah dina kitab wasailussiah  26359
>
>
>  وعنه عن أبيه، عن ابن أبي عمير، عن عمر بن اُذينة، عن زرارة قال: جاء (عبدالله
> بن عمير) (1) الليثي إلى أبي جعفر (عليه السلام) فقال: ما تقول في متعة النساء؟
> فقال: أحلها الله في كتابه وعلى سنة (2) نبيه، فهي حلال إلى يوم القيامة، فقال:
> يا ابا جعفر، مثلك يقول هذا وقد حرمها عمر ونهى عنها، فقال: وإن كان فعل، فقال:
> فاني أعيذك بالله من ذلك أن تحل شيئا حرمه عمر، فقال له: فأنت على قول صاحبك،
> وأنا على قول رسول الله (صلى الله عليه وآله)
>
> .....Dongkap Abdullah ibn Umari : ka Abu Ja'far as , naros : Naon pendapat
> anjeung mengenai nikah Mut'ah? Imam Ngajawab : Ari eta teh  perkara anu
> dihalalkeun ku Allah dina kitabna jeung sunnah nabina, maka eta nikah mutah
> halal nepi ka hari kiamah, anjeuna nyarios ka imam : tapi Umar (bin khatab)
> tos ngalarang kana nikah mutah, walupun  sateuacana dihalalkeun, Imam
> Ngajawab : kami berlindung ka Allah tina perkara anu tos dihalalkeun tapi
> diharamkeun ku Umar, anjeun ngiringan pendapat junjungan anjeun (Umar) ,
> tapi kuring ngiringan kana sabda rasulullah saww.
>
>
>
> wassalam
>
>
>
> ________________________________
>  From: Sp Saprudin <[email protected]>
> To: "[email protected]" <[email protected]>
> Sent: Tuesday, December 27, 2011 5:21 AM
> Subject: Bls: [kisunda] Tabiin jeung Ulama Anu ngahalalkeun nikah mutah
> (sesi ka 4)
>
>
>
> Kahatur Mang Zen
> Uing lain rek ngabantah pamaran mang Zen, uing hayang nyaho eusi anu
> sajujurna tina kitab-kitab Syiah saperti Kitab "MAN LAA YAHDHURUHU AL FAQIH
> jeung Tafsir Minhaj Ash-Shadiqin. Tulisan Mang Zen kopi paste ti kalangan
> pendapat Ahlussunah, ieu Mang jeung katingali inkonsistensi. Pan ieu ngenaan
> KAWIN MUT'AH, anu mana loba beda faham ti kalangan Ahlussunah, cig uing
> hayang maca paparan sakumaha anu aya di kitab-kitab ageman Syiah. Naha ieu
> tina raga ngajalankeun taqiyah tea, loba bohong leuwih loba fahalana, nyah?
>
>
>
> ________________________________
>  Dari: Mohammad zen <[email protected]>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> Dikirim: Senin, 26 Desember 2011 3:17
> Judul: [kisunda] Tabiin jeung Ulama Anu ngahalalkeun nikah mutah (sesi ka 4)
>
>
>
> Sesi ka opat
> Keterangan Para
> tabiin jeung ulama suni kana Nikah Mutah
>
> 1. Malik Ibn
> anas  (pengasas mazhab Maliki) (Wafat 179
> H)
> Keterangan dicandak ti sarkhasi
> anu mazhab Hanafi nyarios kieu :
> تفسير المتعة ان يقول لأمرأة : استمتع بكِ بكذا من المدّة بكذا من
> المال، و هذا باطل عندنا، جائز عند مالك بن أنس ، و هو من قول ابن عباس
> Tafsir nikah Mutah ku nyarios kie ka awewe anu bade di mut’ah
> : nikah mut’ah ku (mahar sekian) dina waktu sakian , mazhab kami ngayakinan
> teu
> sah, tapi mazhab Malik Ibn anas ngahalalkeun eta dicandak dina qaul
> (riwayat)
> Ibn Abbas.
> (Almabsuth , jilid 5, hal 152)
> Keterangan sanesna yen Malik Ibn Anas ngahalalkeun ieu nikah
> قال مالك هو – اي نكاح المتعة – جائز : لأنّه كان مشروعاً فيبقى الى
> أن يظهر ناسخه، و اشتهر عن إبن عباس تحليلها، و تبعه على ذلك أكثر اصحاب من
> اليمن
> و مكة، و كان يستدلّ على ذلك بقوله تعالى : "فما استمتعتم به ..."
> Malik Ibn Anas nyarios , eta nikah mutah boleh (halal):
> kulantaran disyareatkeun , nepi ka zaman dinasakh (Zaman Umar ) , Masyhur ti
> Ibn Abbas kana penghalalanana, sareng anu ngiringan kana Ibn Abbas jeung
> ngalaksanakeunana seueur ti para sahabat ti Yaman, jeung Mekkah, ku dalil
> dina
> ayat alquran (annisa 24)
>
> 2. Ahmad Ibn Hanbal (Wafat 241 H)
> Ahmad Ibn Hanbal henteu Ngaharamkeun tapi ngamakruhkeun.
> لأنّ ابن منصور سأل أحمد عنها فقال ك يجتنبها احبّ اليّ : فظاهر هذا
> الكراهة دون التحريم
> Kulantaran Ibn Manshur naros ka Ahmad ibn Hanbal perihal
> nikah mutah: anjeunna nyarios, kuring lewih resep anjeun ngajauh tina hal
> eta,
> maka dhahir tina kalimahna sanes haram tapi makruh.
> (Almughanna : jilid 6 hal 644)
>
> 3. Sa’id Ibn Jubair ( wafat 95 H)
> اخبرني أنّ سعيداً قال له : هي احلّ من شرب الماء
> Sa’id nyarios ka kami yen Nikah mut’ah lewih halal ti nginum
> cai
> (Almushannaf , Abdurrazzaq, jilid 7 hal 496)
>
> 4. Abdullah Malik Ibn Abdil Aziz Ibn Jarih ( Wafat 150 H)
> Adzahabi dina mizan i’tidal jilid 2 hal 659 nyaritakeun
> perihal tabiin nu name Jarih ieu
> قال أبو غسان زنيج سمعت جريرا الضبي يقول كان ابن
> جريج يرى المتعة تزوج بستين إمرأة
> Abu Ghasan Zanij nyarios kuring ngadangu Jarir Adhabbi, nyarios tos
> ngalaksanakeun nikah mutah ka 60 istri  ..
> Dzahabi nambihan yen anjeunna termasuk tabiit anu tsiqqat walau resp
> kana nikah mut’ah.
>
> 5. Atha Ibn Abi Ribah (wafat 115 H)
> Mufti Mekkah muhaddits lahir di zaman utsman
> عده ابن حزم ممن ثبت على تحليل المتعة
> Ibn Hazam din a Kitab Almuhalla (9:519) nyebutkeun yen manehna termasuk
> anu ngahalalkeun nikah mut’ah
>
> 6. Thawus Yamani (wafat 106 H)
> Mufti Yaman , sering berhaji, Ibn Hazam nyebutkeun yen anjeuna oge
> termasuk anu ngahalalkeun nikah
> Tiasa ditingali dina kitab almuhalla
> 7. Amru Ibn Dinar ( Wafat 126 H)
> Anjeunna Imam Haram Mekkah dizamanna
> أنه قال بنكاح المتعة من أصحاب رسول الله (صلى الله
> عليه وآله): عبد الله بن مسعود (2)، ويعلي بن أمية (3)، و جابر بن عبدالله (4)،
> وعبد
> الله بن عباس (5)، وصفوان بن أمية (6)، ومعاوية بن ابي سفيان وجماعة من
> التابعين، منهم: عطاء (2)، وطاوس (3)، وسعيد بن جبير
> (4)، وجابر بن يزيد (5)، وعمرو بن دينار (6)، وابن جريج (7)، وجماعة من أهل مكة
> والمدينة،
> وأهل اليمن، وأكثر أهل الكوفة.
> Dina sajumlah
> sahabat sareng tabiin anu disebatkeun didieu salah sahijina  Amru ibn Dinar
> anu ngahalalkeun Nikah Mut’ah (almasail
> as-shaghaniah hal 37.
>
> 8. Hakam Ibn
> Utaibah ( Wafat 125 H)
> Di Jamiul bayan hal
> 18 jilid 4 no 7115 nyebatkeun yen Anjeunna kantos ditaros tina ayat mutah:
> فما استمتعتم به منهنّ ،،،فريضة
> Ari eta ayat tos
> dinasakh , ngajawb anjeunna : teu pernah di nasakh.
>
> 9.  Ibn Abi Malikiah ( 117 H)
> و حكى عن ابن عباس و ابن أبي ملكية و
> ابن جريح و الاماميو جوازه
> Dicaritakeun ti Ibn
> Abbas jeung Ibn Abi Malikiah jeung ibn jarih jeung imamiah kana penghalalan
> nikah mutah ( Alhawa alkabir jilid 11, halaman 449)
>
> 10. Ahli Mekkah jeung Yaman
> اصحاب ابن عباس من اهل مكة و اليمن
> كلّهم يرون المتعة حلالاً على مذهب ابن عباس
> Sahabat Ibn Abbas
> di Mekkah jeung di Yaman sadayana ngahalalkeun nikah mutah sasuai kana
> mazhab
> Ibn Abbas (Fathul Bari jilid 9 hal 173)
>
> Jeung seueur deui
> nu sanesna anu ku kuring dicekapkeun nepi ka dieu.
>
> Salanjutna Sesi Ka LIma kana tanya jawab jeung permasalhan penghapusan atawa
> henteuna ieu hukum, lamun tiasa sateuacan kana sesi kalima urang kedah maca
> dina sesi ka 1-4
>
>
>
> Zen
>
>
>
>
>
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke