Kahatur Mang Zen, uing ngiring tumaros :
1. Malik Ibn Annas nyaeta Tabiin, pamilu anjeuna disebat Majhab Maliki, teras 
eta katerangan ti Sarkhasi anu Mazhab Hanafi  (Muhammad bin Al Hanafiyah w 8o 
H), naon pakaitna ieu? Pan meureun kudu aya patalina jeung pendapat Majhab 
Malikiyah lain disoledatkeun jeung Sarkhasi anu nganut faham Hanafiyah. Peryogi 
dijentrekeun ku Mang Muhamad Zen.
2. Ahmad Ibn Hambal nyaeta Tibiut Tabiin anjeuna geus eces negeskeun yen mut'ah 
kudu dijauhan, hukum makruh teh naon? Mun eta ditinggalkeun meunang fahala, mun 
digawean teu meunang fahala. Ayeuna Mang Zen milih mana? Ceuk uing mening 
menang fahala. Ulama-ulama mengqiyaskan dengan merokok lain numpakan bikang.
3. Abdullah Malik Ibn Abdil Aziz Ibn Jarih ( Wafat 150 H), ieu uing rada 
IHEUNG, sapanyaho uing ulama-ulama di masa tabiin teh :
a) Said bin Al Mussayyab w 90 H
b) Urwah bin Zubari w 99 H
c) Said bin Jubair w 95 H
d) Ali bin Al Husain Zainal Abidin w 93 H
e) Muhammad bin Al Hanafiyah w 80 H
f) Ubaidullah bin Abdillah bin Utbah bin Masud w 94 H
g) Salim bin Abdullahbin Umar 
h) Al Qasim bin Muhammd bin Abi Bakr Ash Shiddiq 
i) Al Hasan al Bashri
j) Muhammad bin Sirin w 110 H
k) Umar bin Abdul Aziz w 101 H
h). Nafi bin Hurmuz w 117
l) Muhammd bin Syihab Az Zuhri w 125 H
m) Ikrimah w 105 H
n) Asy Syaby w 104 H
o) Ibrahim an Nakhaiy w 96 H
p) Aqamah w 62 H
Jadi anu disebut Abdullah Malik Ibn Abdil Aziz Ibn Jarih ( Wafat 150 H) ieu 
saha?
 
 
  
________________________________
 Dari: Mohammad zen <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Dikirim: Senin, 26 Desember 2011 3:17
Judul: [kisunda] Tabiin jeung Ulama Anu ngahalalkeun nikah mutah (sesi ka 4)
 

   
 
Sesi ka opat 
Keterangan Para
tabiin jeung ulama suni kana Nikah Mutah 

1. Malik Ibn
anas  (pengasas mazhab Maliki) (Wafat 179
H) 
Keterangan dicandak ti sarkhasi
anu mazhab Hanafi nyarios kieu : 
تفسير المتعة ان يقول لأمرأة : استمتع بكِ بكذا من المدّة بكذا من
المال، و هذا باطل عندنا، جائز عند مالك بن أنس ، و هو من قول ابن عباس 
Tafsir nikah Mutah ku nyarios kie ka awewe anu bade di mut’ah
: nikah mut’ah ku (mahar sekian) dina waktu sakian , mazhab kami ngayakinan teu
sah, tapi mazhab Malik Ibn anas ngahalalkeun eta dicandak dina qaul (riwayat)
Ibn Abbas. 
(Almabsuth , jilid 5, hal 152) 
Keterangan sanesna yen Malik Ibn Anas ngahalalkeun ieu nikah 
قال مالك هو – اي نكاح المتعة – جائز : لأنّه كان مشروعاً فيبقى الى
أن يظهر ناسخه، و اشتهر عن إبن عباس تحليلها، و تبعه على ذلك أكثر اصحاب من اليمن
و مكة، و كان يستدلّ على ذلك بقوله تعالى : "فما استمتعتم به ..." 
Malik Ibn Anas nyarios , eta nikah mutah boleh (halal):
kulantaran disyareatkeun , nepi ka zaman dinasakh (Zaman Umar ) , Masyhur ti
Ibn Abbas kana penghalalanana, sareng anu ngiringan kana Ibn Abbas jeung
ngalaksanakeunana seueur ti para sahabat ti Yaman, jeung Mekkah, ku dalil dina
ayat alquran (annisa 24) 

2. Ahmad Ibn Hanbal (Wafat 241 H) 
Ahmad Ibn Hanbal henteu Ngaharamkeun tapi ngamakruhkeun. 
لأنّ ابن منصور سأل أحمد عنها فقال ك يجتنبها احبّ اليّ : فظاهر هذا
الكراهة دون التحريم 
Kulantaran Ibn Manshur naros ka Ahmad ibn Hanbal perihal
nikah mutah: anjeunna nyarios, kuring lewih resep anjeun ngajauh tina hal eta,
maka dhahir tina kalimahna sanes haram tapi makruh. 
(Almughanna : jilid 6 hal 644) 

3. Sa’id Ibn Jubair ( wafat 95 H) 
اخبرني أنّ سعيداً قال له : هي احلّ من شرب الماء 
Sa’id nyarios ka kami yen Nikah mut’ah lewih halal ti nginum
cai 
(Almushannaf , Abdurrazzaq, jilid 7 hal 496) 

4. Abdullah Malik Ibn Abdil Aziz Ibn Jarih ( Wafat 150 H) 
Adzahabi dina mizan i’tidal jilid 2 hal 659 nyaritakeun
perihal tabiin nu name Jarih ieu 
قال أبو غسان زنيج سمعت جريرا الضبي يقول كان ابن
جريج يرى المتعة تزوج بستين إمرأة  
Abu Ghasan Zanij nyarios kuring ngadangu Jarir Adhabbi, nyarios tos
ngalaksanakeun nikah mutah ka 60 istri  .. 
Dzahabi nambihan yen anjeunna termasuk tabiit anu tsiqqat walau resp
kana nikah mut’ah. 
  
5. Atha Ibn Abi Ribah (wafat 115 H) 
Mufti Mekkah muhaddits lahir di zaman utsman 
عده ابن حزم ممن ثبت على تحليل المتعة 
Ibn Hazam din a Kitab Almuhalla (9:519) nyebutkeun yen manehna termasuk
anu ngahalalkeun nikah mut’ah 
  
6. Thawus Yamani (wafat 106 H) 
Mufti Yaman , sering berhaji, Ibn Hazam nyebutkeun yen anjeuna oge
termasuk anu ngahalalkeun nikah 
Tiasa ditingali dina kitab almuhalla  
7. Amru Ibn Dinar ( Wafat 126 H) 
Anjeunna Imam Haram Mekkah dizamanna 
أنه قال بنكاح المتعة من أصحاب رسول الله (صلى الله
عليه وآله): عبد الله بن مسعود (2)، ويعلي بن أمية (3)، و جابر بن عبدالله (4)، 
وعبد
الله بن عباس (5)، وصفوان بن أمية (6)، ومعاوية بن ابي سفيان وجماعة من التابعين، 
منهم: عطاء (2)، وطاوس (3)، وسعيد بن جبير
(4)، وجابر بن يزيد (5)، وعمرو بن دينار (6)، وابن جريج (7)، وجماعة من أهل مكة 
والمدينة،
وأهل اليمن، وأكثر أهل الكوفة. 
Dina sajumlah
sahabat sareng tabiin anu disebatkeun didieu salah sahijina  Amru ibn Dinar anu 
ngahalalkeun Nikah Mut’ah (almasail
as-shaghaniah hal 37. 
  
8. Hakam Ibn
Utaibah ( Wafat 125 H) 
Di Jamiul bayan hal
18 jilid 4 no 7115 nyebatkeun yen Anjeunna kantos ditaros tina ayat mutah: 
فما استمتعتم به منهنّ ،،،فريضة 
Ari eta ayat tos
dinasakh , ngajawb anjeunna : teu pernah di nasakh. 
  
9.  Ibn Abi Malikiah ( 117 H) 
و حكى عن ابن عباس و ابن أبي ملكية و
ابن جريح و الاماميو جوازه 
Dicaritakeun ti Ibn
Abbas jeung Ibn Abi Malikiah jeung ibn jarih jeung imamiah kana penghalalan
nikah mutah ( Alhawa alkabir jilid 11, halaman 449) 
  
10. Ahli Mekkah jeung Yaman  
اصحاب ابن عباس من اهل مكة و اليمن
كلّهم يرون المتعة حلالاً على مذهب ابن عباس 
Sahabat Ibn Abbas
di Mekkah jeung di Yaman sadayana ngahalalkeun nikah mutah sasuai kana mazhab
Ibn Abbas (Fathul Bari jilid 9 hal 173) 
  
Jeung seueur deui
nu sanesna anu ku kuring dicekapkeun nepi ka dieu.

Salanjutna Sesi Ka LIma kana tanya jawab jeung permasalhan penghapusan atawa 
henteuna ieu hukum, lamun tiasa sateuacan kana sesi kalima urang kedah maca 
dina sesi ka 1-4
 
 

Zen
    
      

Kirim email ke