> Sent: Monday, January 02, 2012 1:27 PM
> Iraha? ke lamun geus alam ruksak saruksak ruksakna. Ruksak leuleutikan pan
> enggeus, leuweung digundulan manusa di punah ku
> banjir bandang.
Manusa di Dunya, saprakna ngarti "rahasia" langit jeung eusina, jadi panasaran
kana ayana KAHIRUPAN di luar Dunya. Terus lamun aya, kumaha peradabanana naha
samaju manusa di Dunya atawa leuwih maju deui? Lamun leuwih maju, naha tepika
ayeuna manusa di Dunya acan bisa ngadeteksi peradaban nu leuwih maju ieu. Cenah
ceuk nu pesimistis mah, kahirupan di luar dunya kamungkinan gede pasti aya,
ngan peradabanana moal leuwih maju ti manusia. Ari sababna, beuki maju
peradaban, malah beuki ngarusak sorangan...hehehe, nepika akhirna tumpur ku
polah sorangan.
Contona di Manusa sorangan, manusa ngan perlu 200-300 taun keur meakkeun
cadangan enerji fossil nu tadina dijieun ku proses alam mangjuta-juta taun
(Minyak Bumi jeung Batubara). Tah lamun geus beak enerji fossil, manusa rek
make enerji naon deui? Rarasaan mah acan aya gantina nu saloba enerji fossil.
Lamun gantina euweuh, padahal enerji fossil kaburu beak, sigana peradaban
manusa mimiti "turun" deui, lila-lila balik deui ka jaman batu, saterusna punah
weh.
Nu langgeng mangkeluk naon? Sarangga jigana mah, sabab mangkeluk ieu nu paling
bisa ngadaptasi lingkungan.
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/