Ti Abu Hurairah ra., saestuna Rasulallah Saw. ngadawuh : "Tanda jalma munafik
eta aya tilu, mun ngomong (nyarita) manehna bohong, mun janji manehna sok
ingkar (henteu nohonan), jeung mun dibere amanat (dipercaya), manehna sok
khianat" (HR. Muslim).
Diantara ujian pangberatna Ummat Islam ayeuna ieu nyaeta tina ngahareupan
kamunafikan. Kamunafikan hampir ngarupakeun sikap jeung budaya. Ironina,
maranehna henteu hayang disebut munafik, malahan nyatut ngaran diri salaku
masyarakat modern, masyarakat anu ngutamakeun harkat jeung martabab kamanusaa,
anu ngajuangkeun kaum lemah, anu ngajuangkeun kaadilan, anu ngajuangkeun
pangajeg hukum, anu ngajuangkeun padamean dunia, ngajuangkeun hak azasi manusa,
ngalestarikeun alam jeung sajabana. Sikap munafik model ieu anu umum jeung
sering urang saksikeun tiap poe lewat tayangan media elektronik boh liputan
politik atawa hukum jeung forum-forum diskusi, debat jeung sajabana.
Sikap jalma munafik anu pang nonjolna nyaeta culas. Sajarah dakwah Islam
nyutat, kamunafikan eta mucunghul sanggeus Ummat Islam hijrah ka Madinah. Kaum
munafik aya jeung bisa dikanyaho sanggeus kajadian perang Badar. Yakni sabot
para panggede Quraisy paeh tina paperangan kasebut, jeung ummat Islam aya dina
kajayaan menangkeun paperangan. Sabot eta loba jalma-jalma musrik anu sieun
kana kasalamatan dirina, sieun kaleungitan hartana. Tuluy sabage alternativena,
maranehna nembongkeun diri salaku jalma Islam, padahal tina jero hate maranehna
aringkar. Salah sahiji enteung kakerdilan jiwa jeung pengecut anu nyata. Allah
Swt. ngagambarkeun maranehna tina dawuhan-Na : "Jeung mun maranehna panggih
jeung jalma-jalma anu ariman, maranehna ngomong : 'Kuring geus ariman'. Jeung
mun maranehna balik deui ka syaitan-syaitan maranehna, maranehna ngomongkeun :
'Saestuna kuring sapamadegan jeung maneh, kuring ngan sakadar ngalelewe". (Q.S.
Al Baqarah : 14).
Kaum munafik hayang salamet, tapi henteu ngabogaan kakuatan, kusabab maranehna
marake baju jeung atribut Islam sabage tameng, padahal hakekatna, maranehna
pang mikahewa jeung musuhan Islam.
Kanyataan ieu beda pisan jeung kaayaan Rasulallah Saw. jeung para sahabat
saencan hijrah ka Madinah. Mumusuhan jeung kahewaan maranehna eta diwujudkeun
tina sikap anu pang radikalna, jeung offensive. Rea cara maranehna, saperti
moyokan, hinaan, boikot sosial, embargo ekonomi, siksaan, panyerangan jeung
sanjata sampe ka maehan. Kabeh serba poek, henteu aya basa basi. Laku lampah
dholim, kejam jeung nindes, sarta ngahancurkeun ummat Islam. Kabehna dilakukeun
mangsa maranehna boga kakawasaan, mangsa sagala kakuatan aya di leungeun
maranehna. Henteu aya sumput salindung, henteu aya kapura-puraan. Anu henteu
nurut baris diparaeuhan.
Sacara umum, jalma munafik nyaeta jalma anu nembongkeun kaalusan, tapi dina
jero hatena nyimpen kajahatan. Nurutkeun Ibnu Katsir, Nifaq (sifat munafik) eta
aya dua macam :
1). Nifaq I'tida anu ngarupakeun kayakinan hate, anu hal ieu nyebabkeun
palakuna kekal di jero naraka,
2). Nifaq amali, yakni mangrupakeun amalan jeung sikap hirup, anu hal ieu
mangrupakeun dosa gede.
Sacara etimologi, nifak asalna tina kecap "anafiqoul yarbu" yakni lobang sayang
sato ti jenis beurit. Sato eta nyieun lobang (liang) di jero taneh, tuluy
sacara cicingeun di ujung ti panto liang hareup manehna nyieun liang panto
lain, nepi ka manehna bisa kaluar tina panto tukang sawaktu-waktu. Lamun mangsa
aya jalma rek newakna ti liang panto hareup, baris gampang manehna
nyalameutkeun diri ti liang panto tukang. Tah kitu, sahingga munafik nyaeta
jalma anu sacara lahiriah nembongkeun kaalusan, tapi di jero hatena manehna
nyimpen kajahatan. Tampil salaku jalma Islam, tapi dijero hatena manehna
ngingkaran malahan moyokan (ngalecehkeun).
Hanca...................