perkawis munafek aya ayat-ayat quran nu ngajentrekeun saha wae nu kaasup munafek jaman Kangjeng Nabi. ayat dina quranna sabagianna dina surah at-taubah ayat 45-47 sareng 101-102; al-ahzab ayat 12; ali imran ayat 154; al-hujurat ayat 14; al-anfal ayat 15-16. mangga geura toong dina tarjamah quran sareng asbabun nuzul mun teu salah mah lolobana ngenaan sohabat nabi nu munafek teh :-)
Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 8:57 Judul: Bls: [kisunda] MUNAFIK Mang Agus, i will not comment related to the case. because the problem isn't my portion. perhaps political observers need to talk. Dari: Agus Wirabudiman <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 8:17 Judul: Re: [kisunda] MUNAFIK Upami dina kasus "Raja Abdullah Intruksikan Teror Terhadap Tariq al-Hashim"----aya kamunafikan teu aya nya? http://indonesian.irib.ir/hidden-1/-/asset_publisher/m7UK/content/hapus-jejak-raja-abdullah-intruksikan-teror-terhadap-tariq-al-hashimi?redirect=http%3A%2F%2Findonesian.irib.ir%2Fhidden-1%3Fp_p_id%3D101_INSTANCE_m7UK%26p_p_lifecycle%3D0%26p_p_state%3Dnormal%26p_p_mode%3Dview%26p_p_col_id%3Dcolumn-2%26p_p_col_count%3D1 nuhun... Agus Wirabudiman http://sukapura.wordpress.com From: Sp Saprudin <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Sent: Monday, January 9, 2012 3:05 PM Subject: [kisunda] MUNAFIK Ti Abu Hurairah ra., saestuna Rasulallah Saw. ngadawuh : "Tanda jalma munafik eta aya tilu, mun ngomong (nyarita) manehna bohong, mun janji manehna sok ingkar (henteu nohonan), jeung mun dibere amanat (dipercaya), manehna sok khianat" (HR. Muslim). Diantara ujian pangberatna Ummat Islam ayeuna ieu nyaeta tina ngahareupan kamunafikan. Kamunafikan hampir ngarupakeun sikap jeung budaya. Ironina, maranehna henteu hayang disebut munafik, malahan nyatut ngaran diri salaku masyarakat modern, masyarakat anu ngutamakeun harkat jeung martabab kamanusaa, anu ngajuangkeun kaum lemah, anu ngajuangkeun kaadilan, anu ngajuangkeun pangajeg hukum, anu ngajuangkeun padamean dunia, ngajuangkeun hak azasi manusa, ngalestarikeun alam jeung sajabana. Sikap munafik model ieu anu umum jeung sering urang saksikeun tiap poe lewat tayangan media elektronik boh liputan politik atawa hukum jeung forum-forum diskusi, debat jeung sajabana. Sikap jalma munafik anu pang nonjolna nyaeta culas. Sajarah dakwah Islam nyutat, kamunafikan eta mucunghul sanggeus Ummat Islam hijrah ka Madinah. Kaum munafik aya jeung bisa dikanyaho sanggeus kajadian perang Badar. Yakni sabot para panggede Quraisy paeh tina paperangan kasebut, jeung ummat Islam aya dina kajayaan menangkeun paperangan. Sabot eta loba jalma-jalma musrik anu sieun kana kasalamatan dirina, sieun kaleungitan hartana. Tuluy sabage alternativena, maranehna nembongkeun diri salaku jalma Islam, padahal tina jero hate maranehna aringkar. Salah sahiji enteung kakerdilan jiwa jeung pengecut anu nyata. Allah Swt. ngagambarkeun maranehna tina dawuhan-Na : "Jeung mun maranehna panggih jeung jalma-jalma anu ariman, maranehna ngomong : 'Kuring geus ariman'. Jeung mun maranehna balik deui ka syaitan-syaitan maranehna, maranehna ngomongkeun : 'Saestuna kuring sapamadegan jeung maneh, kuring ngan sakadar ngalelewe". (Q.S. Al Baqarah : 14). Kaum munafik hayang salamet, tapi henteu ngabogaan kakuatan, kusabab maranehna marake baju jeung atribut Islam sabage tameng, padahal hakekatna, maranehna pang mikahewa jeung musuhan Islam. Kanyataan ieu beda pisan jeung kaayaan Rasulallah Saw. jeung para sahabat saencan hijrah ka Madinah. Mumusuhan jeung kahewaan maranehna eta diwujudkeun tina sikap anu pang radikalna, jeung offensive. Rea cara maranehna, saperti moyokan, hinaan, boikot sosial, embargo ekonomi, siksaan, panyerangan jeung sanjata sampe ka maehan. Kabeh serba poek, henteu aya basa basi. Laku lampah dholim, kejam jeung nindes, sarta ngahancurkeun ummat Islam. Kabehna dilakukeun mangsa maranehna boga kakawasaan, mangsa sagala kakuatan aya di leungeun maranehna. Henteu aya sumput salindung, henteu aya kapura-puraan. Anu henteu nurut baris diparaeuhan. Sacara umum, jalma munafik nyaeta jalma anu nembongkeun kaalusan, tapi dina jero hatena nyimpen kajahatan. Nurutkeun Ibnu Katsir, Nifaq (sifat munafik) eta aya dua macam : 1). Nifaq I'tida anu ngarupakeun kayakinan hate, anu hal ieu nyebabkeun palakuna kekal di jero naraka, 2). Nifaq amali, yakni mangrupakeun amalan jeung sikap hirup, anu hal ieu mangrupakeun dosa gede. Sacara etimologi, nifak asalna tina kecap "anafiqoul yarbu" yakni lobang sayang sato ti jenis beurit. Sato eta nyieun lobang (liang) di jero taneh, tuluy sacara cicingeun di ujung ti panto liang hareup manehna nyieun liang panto lain, nepi ka manehna bisa kaluar tina panto tukang sawaktu-waktu. Lamun mangsa aya jalma rek newakna ti liang panto hareup, baris gampang manehna nyalameutkeun diri ti liang panto tukang. Tah kitu, sahingga munafik nyaeta jalma anu sacara lahiriah nembongkeun kaalusan, tapi di jero hatena manehna nyimpen kajahatan. Tampil salaku jalma Islam, tapi dijero hatena manehna ngingkaran malahan moyokan (ngalecehkeun). Hanca...................
