Ceuk urang Karesten, sakabeh jelema anu teu ngagem Karesten wayahna bakal 
diasupkeun ka naraka ku Allah. Ceuk Islam, sakabeh jelema anu teu ngagem Islam 
wayahna disiksa ku Allah di Naraka. Ceuk kuring, sakabeh jelema nu kungsi hirup 
bakal ngalaman syurga jeung naraka.....didieu pisan di alam ayeuna.



________________________________
 From: Sp Saprudin <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]>; 
"[email protected]" <[email protected]>; 
"[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Tuesday, January 10, 2012 11:31 AM
Subject: [kisunda] Trs: MUNAFIK (bagian ka 3)
 

  
Kasimpulan :
1). Aya tilu golongan manusia : kaum ariman, kaum munafik, jeung kaum kafir. 
Kaum munafik jeung kaum kafir nyaeta maranehna kekel di jero naraka
2). Nifaq aya dua macam. Kahiji nyaeta Nifaq Itiqadi, nyaeta manehna 
nembongkeun iman jeung kaalusan scara lahiriah, tapi hakekatna nyimpen dendam, 
kahewaan, jeung kakufuran. Nifaq Itiqadi ieu anu ditempokeun ku sabagian jalma 
ti zaman Nabi Saw. Sakumaha anu dijelaskeun ku Allah tina awal surat Al 
Baqarah. Jalma-jalma munafiq ti golongan ieu bakal aya sapanjang zaman. Engke 
maranehna bakal disiksa di naraka pang handapna, sakumaha Allah jelaskeun tina 
Dawuhan-Na :
"Saestuna jalma-jalma munafiq eta (ditempatkeun) tina tingkatan anu pang 
handapna di naraka" (Q.S. An-Nisa : 145).
 
Araya di naraka anu pang handapna jeung siksaan anu pang perihna anu henteu 
kaliwat langkung. Wallahu'alam, maranehna nyaeta musuh anu hese dieceskeun 
jeung kajahatan jeung dendam kasumat anu pohara, anu hakekatna maranehna 
jalma-jalma Islam jeung ummatna.
 
Kadua nifaq amali, nyaeta kamunafikan anu disebabkeun ku lemahna iman, sahingga 
manehna migawe kalakuan-kalakuan anu kacida gorengna jeung dilarang Islam. 
Ciri-cirina nyaeta aya opat sakumaha dijelaskeun di luhur. Jalma Islam anu 
ngalakukeun salah sahiji ti opat hal di luhur, hartina manehna ngabogaan sifat 
munafik. Jeung mun manehna ngalakukeun laku lampah eta, manehna kaasup golongan 
salaku jalma munafik murni.
 
3). Difinisi munafik nyaeta jalma anu nembongkeun kaalusan, tapi dina jero 
hatena nyimpen maksud jahat.
Jalma ngabohong disebut munafik kusabab manehna ngomong bohong, ucapanna ngan 
ukur amis di biwir, tapi hatena nolak naon anu dikecapkeun lisanna (nyimpen 
maksud jahat).
Jalma ngajanji tapi henteu nepatan janjina disebut munafik kusabab manehna 
nyikapkeun anu bener-bener ka jalma lain jeung janjina (nembongkeun kaalusan) 
tapi dina jero hatena manehna hayang ngingkaran janji anu manehna kecapkeun 
(nyimpen maksud jahat).
Jalma anu dipercaya tapi katerusna ngahianatan disebut munafik kusabab ti 
awalna manehna ngayakinkeun jalma anu mere amanat yen manehna bakal nyampekeun 
amanat kasebut, tapi kanyataana manehna henteu nyampekeun amanat malah 
ngahianatan.
 
Jalma anu beda faham jeung bawahanna, tuluy manehna boga laku lampah doraka 
(zalim) disebut munafik kusabab dina lahirna, mangsa paharep-harep manehna 
nganggap beda faham teh biasa jeung geus dianggap beres, tapi tungtungna 
manehna neangan tipu daya muslihat pikeun nyilakakeun bawahanna (nikam ti 
tukang).
 
Kukituna, kaopat ciri-ciri jalma munafik anu dijelaskeun ku hadits Nabi Saw. 
sasuai jeung definiisi umum jalma munafik.
 
Wallahu'alam,
 
 
Maraji :
1. Syarhu Riyadhus Shalihin, juz IV/576, Ibnu Utsaimin
2. Fi Dhilalil Qur'an, I/30-32 jeung 42-43, Sayyid Qutb
3. Tafsir Ibnu Katsir, I/78
 
 
    




 

Kirim email ke