Jadi Sorga/Syurga/Swarga teh hak Manusa nya Bah Engkus... Pami ngke tos tilar ti dunya kumaha swargana, bah...
Salam ka Sadayana Ereeleeuuuuu... Cecep Gundala Putra Ketir ================== Dikintun ku pun Blekbengker® hape pinter tina Sinyal Cageurrr.... -----Original Message----- From: engkus ruswana <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 11 Jan 2012 18:28:38 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Trs: MUNAFIK (bagian ka 3) Sampurasun nun. Bagea baraya, hapunten simkuring nembe ngulampreng deui, tos sono yeuh.... Ngiring mairan kang Ilen, nu dimaksad kang Ilen teh pami dina pawayangan mah disebatna teh Swargamaniloka (swarga = sawaruga; mani = bahan diri; loka = tempat), tempat sagala kangeunahan nu dijagana ku Dewa kembar, nyaeta Dewa Patuk (sungut) jeung Dewa Tumboro (beungeut), matak sing saha wae nu rek asup ka sawarga kudu taranjang (teu meunang jeung bungkusna), terus dipariksa heula ku dewa patuk kalayan taliti mun teu ditarima dikaluarkeun (diutahkeun), nya kana roman beungeut ge bakal robah...rasa pait, peuheur, lada, asin,.... eta roman beungeut ngilu robah. Tah dina sajeroning swargamaniloka aya Kawah Candradimuka (candra=bulan=gambaran, di=hadi=utama; muka = beungeut), matak mun aya kajadian mamala di marcapada (katugenah dina kahirupan) antawa aya nu maksa mirusa ngaganggu sawarga, kawah candradimuka siok ngagolak..... bisa hohoak bari beungeut beureum..... nu matak teu ngeunah kana diri (naraka tea). Tah janten tempat sagala kangeunahan jeung sagala katugenahan teh nya nganggo diri tea sane?...... pami henteu nganggo naon atuh..... da kang Ilen atanapi akang-akang nu sanes tangtosna ge moal kersa pami dipasihan sagala kanikmatan (syurga) tapi teu nganggo diri. Kitu sanes? Tapi punten...... cag. ________________________________ Dari: ilen kardani <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 10 Januari 2012 20:32 Judul: Re: [kisunda] Trs: MUNAFIK (bagian ka 3) Ceuk urang Karesten, sakabeh jelema anu teu ngagem Karesten wayahna bakal diasupkeun ka naraka ku Allah. Ceuk Islam, sakabeh jelema anu teu ngagem Islam wayahna disiksa ku Allah di Naraka. Ceuk kuring, sakabeh jelema nu kungsi hirup bakal ngalaman syurga jeung naraka.....didieu pisan di alam ayeuna. ________________________________ From: Sp Saprudin <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Sent: Tuesday, January 10, 2012 11:31 AM Subject: [kisunda] Trs: MUNAFIK (bagian ka 3) Kasimpulan : 1). Aya tilu golongan manusia : kaum ariman, kaum munafik, jeung kaum kafir. Kaum munafik jeung kaum kafir nyaeta maranehna kekel di jero naraka 2). Nifaq aya dua macam. Kahiji nyaeta Nifaq Itiqadi, nyaeta manehna nembongkeun iman jeung kaalusan scara lahiriah, tapi hakekatna nyimpen dendam, kahewaan, jeung kakufuran. Nifaq Itiqadi ieu anu ditempokeun ku sabagian jalma ti zaman Nabi Saw. Sakumaha anu dijelaskeun ku Allah tina awal surat Al Baqarah. Jalma-jalma munafiq ti golongan ieu bakal aya sapanjang zaman. Engke maranehna bakal disiksa di naraka pang handapna, sakumaha Allah jelaskeun tina Dawuhan-Na : "Saestuna jalma-jalma munafiq eta (ditempatkeun) tina tingkatan anu pang handapna di naraka" (Q.S. An-Nisa : 145). Araya di naraka anu pang handapna jeung siksaan anu pang perihna anu henteu kaliwat langkung. Wallahu'alam, maranehna nyaeta musuh anu hese dieceskeun jeung kajahatan jeung dendam kasumat anu pohara, anu hakekatna maranehna jalma-jalma Islam jeung ummatna. Kadua nifaq amali, nyaeta kamunafikan anu disebabkeun ku lemahna iman, sahingga manehna migawe kalakuan-kalakuan anu kacida gorengna jeung dilarang Islam. Ciri-cirina nyaeta aya opat sakumaha dijelaskeun di luhur. Jalma Islam anu ngalakukeun salah sahiji ti opat hal di luhur, hartina manehna ngabogaan sifat munafik. Jeung mun manehna ngalakukeun laku lampah eta, manehna kaasup golongan salaku jalma munafik murni. 3). Difinisi munafik nyaeta jalma anu nembongkeun kaalusan, tapi dina jero hatena nyimpen maksud jahat. Jalma ngabohong disebut munafik kusabab manehna ngomong bohong, ucapanna ngan ukur amis di biwir, tapi hatena nolak naon anu dikecapkeun lisanna (nyimpen maksud jahat). Jalma ngajanji tapi henteu nepatan janjina disebut munafik kusabab manehna nyikapkeun anu bener-bener ka jalma lain jeung janjina (nembongkeun kaalusan) tapi dina jero hatena manehna hayang ngingkaran janji anu manehna kecapkeun (nyimpen maksud jahat). Jalma anu dipercaya tapi katerusna ngahianatan disebut munafik kusabab ti awalna manehna ngayakinkeun jalma anu mere amanat yen manehna bakal nyampekeun amanat kasebut, tapi kanyataana manehna henteu nyampekeun amanat malah ngahianatan. Jalma anu beda faham jeung bawahanna, tuluy manehna boga laku lampah doraka (zalim) disebut munafik kusabab dina lahirna, mangsa paharep-harep manehna nganggap beda faham teh biasa jeung geus dianggap beres, tapi tungtungna manehna neangan tipu daya muslihat pikeun nyilakakeun bawahanna (nikam ti tukang). Kukituna, kaopat ciri-ciri jalma munafik anu dijelaskeun ku hadits Nabi Saw. sasuai jeung definiisi umum jalma munafik. Wallahu'alam, Maraji : 1. Syarhu Riyadhus Shalihin, juz IV/576, Ibnu Utsaimin 2. Fi Dhilalil Qur'an, I/30-32 jeung 42-43, Sayyid Qutb 3. Tafsir Ibnu Katsir, I/78
