Sanes "ondernimeng" jigana nya Bah AA, tapi "onderneming" (perusahaan).
2012/1/12 Abbas Amin <[email protected]> > ** > > > Sanggeus nganuhunkeun gedig we Jalma kaluhur; masih kadenge Upas nyarita > ka babaturanana:”Teu wudu eta urang kampung boga duit oge; hahaha, meureun > di kampungna mah anak nu jegud tah budak boloho teh.” hahahaha opatanana > sareuri mani rame. > > > Jalma bungah lantaran ahirna bisa oge nempo eta nu disebut Ondernimeng > teh; wah enya lega pisan; manehna nuturkeun tapak kareta si cina nu tadi; > keur kitu di hareup ti tonggoh aya kareta laju pisan ditarik opat kuda; > kudana siga nu ambek pisan, kusirna meureun geus kabantingkeun da kaciri > euweuh kusiran; dijero kareta jejeritan sora awewe. > > > Jalma geus teu loba mikir deui, ngaluarkeun elmu ngahampangkeun raga, bari > maca jangjawokan supaya kuda ulah ngadat teuing; terus luncat bari newak nu > masih bisa katewak. Saenyana ieu teh risiko gede pisan; bisa wae manehna > teu bisa nyekel nanaon, lantaran kudana keur mangpreng tarik pisan; untung > Jalma masih bisa nyekel berego kuda; tapi eta ge ampir2an. Enya ge ka cekel > tapi Jalma mani tibabaranting; karasa nyeri; tapi nulungan jelema leuwih > penting; teu ngingetkeun risikona Jalma terus we mancal ka luhur nyekel > kadali; nya hese beleke bisa oge kuda teh eureun; persis hareupeun pos > jaga. Barang nempo Jalma nu naek bari nyenyekel kadali kuda; eta Upas jeung > nu tiluan mani reup beureum ray pias; teu tata pasini deui Jalma didudut > nepi ka ngajongkeng tigugulitik; si nu pang dedegna nyentak:”Dibere hate > menta jantung! Rek nyoba maling kareta , hah !?” > > > Keur kitu awewe nu jejeritan kaluar ti na kareta, langsung nyentak tarik > pisan :”Gott perdom ( god Damn tea )inlander ! de man holfe ik. U bodoh2 > semua ! minggir kowe !” > > > Atuh si Upas jeung nu opatan teh mani pupurungkutan; dicarekanan laklak > dasar ku eta none kumpeni; si Upas jeung nu tiluan ngan ukur bisa ngomong > ya nona, sababaraha kali; bari sirahna ngareluk. Maranehna ngarti ayeunaa > mah yen Jalma teh geus nulungan si nona nu ampir cilaka kabawa kabur ku > kuda ngadat. > > > Si nona nyarita deui ku basa Melayu nu teu pati kaharti ku Jalma:”ni > kereta en kuda tahan disini.......... en kamu kamu......... eee gotong ini > man bawa kerumah ku, ngerti !?” > > > Ya non ngarti non. Kabeh ngan ukur bisa ngomong kitu. > > > Memang Jalma rada ripuh, lantaran tadi waktu luncat mancal kuda, rada > tibabaranting, awak nyareri keneh; ari pek digusrakkeun ku nu opatan, jadi > Jalma ngarasa leuleus, pasrah we waktu digarotong ku nu daredeg ka tonggoh; > mangkaning ti pos jaga ka tonggoh teh lumayan jauh; tapi terus we Jalma > digarotong dituturkeun ku si NONA Blanda. Sajajalan eta nu ngagarotong, > rada kukulutus lalaunan; teu kadenge ku si Nona mah; siah mamawa cilaka ka > aing siah ! Hanjakal make dibere asup siah ! Mere saperak deui ge masih > kurang siah! Awas mun teu mere saringgit ditampilingan siah. Jalma api2 > peureum we; da jeung enyana badan asa pasiksak. > > > Barang nepi ka imah nu gede jeung sigrong , Jalma satengah dibeubeutkeun > ka na kursi nu kacida empukna ( engke Jalma nyaho, eta teh ngaranna sofa); > nempo kalakuan nu ngagarotong sentak deui si Nona ngambek; atuh mani > murungkut2 we nu tiluan teh; terus we barirat, sieuneun digelendeng. > > > “Eh.......... Emeh........... kowe panggil tuan dokter kesini...........” > > Ya nona............; bari gancang we nu disebut Emeh teh gesat gesut > kaluar......... > > Jalma kaget, emeh ? Naha emeh urang Leuwiseeng kituh ? Wah......... teu > sangka .......... di dieu bakal panggih; tapi Jalma cicing we; teu loba > gerak; lantaran konsentrasi keur nyageurkeun sorangan awakna nu nyareri. > Aing kudu nyieun alesan supaya bisa lila didieu, pikeun nyilidik nu disebut > Nyi Emeh tea. Alah naha asa loba kabeneran pisan, yeuh? Cek hatena. > > > HANCA > > >
