Sanes. Hehehe. Da taya judulan Bah AA. Judulna mah "Cersil Sunda ka 51".

2012/1/13 Abbas <[email protected]>

> **
>
>
> Urang Sunda mh umumna ka na basa asing kitu nu kadenge nya diulis kitu.
> Tapi kamari ge judulna mah ONDERNEMING van Hendrik >sanes ?
>
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Sanes "ondernimeng" jigana nya Bah AA, tapi "onderneming" (perusahaan).
> >
> > 2012/1/12 Abbas Amin <abas_amin08@...>
> >
> > > **
>
> > >
> > >
> > > Sanggeus nganuhunkeun gedig we Jalma kaluhur; masih kadenge Upas
> nyarita
> > > ka babaturanana:†Teu wudu eta urang kampung boga duit oge; hahaha,
> meureun
> > > di kampungna mah anak nu jegud tah budak boloho teh.†hahahaha
> opatanana
>
> > > sareuri mani rame.
> > >
> > >
> > > Jalma bungah lantaran ahirna bisa oge nempo eta nu disebut Ondernimeng
> > > teh; wah enya lega pisan; manehna nuturkeun tapak kareta si cina nu
> tadi;
> > > keur kitu di hareup ti tonggoh aya kareta laju pisan ditarik opat kuda;
> > > kudana siga nu ambek pisan, kusirna meureun geus kabantingkeun da
> kaciri
> > > euweuh kusiran; dijero kareta jejeritan sora awewe.
> > >
> > >
> > > Jalma geus teu loba mikir deui, ngaluarkeun elmu ngahampangkeun raga,
> bari
> > > maca jangjawokan supaya kuda ulah ngadat teuing; terus luncat bari
> newak nu
> > > masih bisa katewak. Saenyana ieu teh risiko gede pisan; bisa wae
> manehna
> > > teu bisa nyekel nanaon, lantaran kudana keur mangpreng tarik pisan;
> untung
> > > Jalma masih bisa nyekel berego kuda; tapi eta ge ampir2an. Enya ge ka
> cekel
> > > tapi Jalma mani tibabaranting; karasa nyeri; tapi nulungan jelema
> leuwih
> > > penting; teu ngingetkeun risikona Jalma terus we mancal ka luhur nyekel
> > > kadali; nya hese beleke bisa oge kuda teh eureun; persis hareupeun pos
> > > jaga. Barang nempo Jalma nu naek bari nyenyekel kadali kuda; eta Upas
> jeung
> > > nu tiluan mani reup beureum ray pias; teu tata pasini deui Jalma
> didudut
> > > nepi ka ngajongkeng tigugulitik; si nu pang dedegna nyentak:†Dibere
> hate
> > > menta jantung! Rek nyoba maling kareta , hah !?â€
> > >
> > >
> > > Keur kitu awewe nu jejeritan kaluar ti na kareta, langsung nyentak
> tarik
> > > pisan :†Gott perdom ( god Damn tea )inlander ! de man holfe ik. U
> bodoh2
> > > semua ! minggir kowe !â€
> > >
> > >
> > > Atuh si Upas jeung nu opatan teh mani pupurungkutan; dicarekanan laklak
> > > dasar ku eta none kumpeni; si Upas jeung nu tiluan ngan ukur bisa
> ngomong
> > > ya nona, sababaraha kali; bari sirahna ngareluk. Maranehna ngarti
> ayeunaa
> > > mah yen Jalma teh geus nulungan si nona nu ampir cilaka kabawa kabur ku
> > > kuda ngadat.
> > >
> > >
> > > Si nona nyarita deui ku basa Melayu nu teu pati kaharti ku Jalma:†ni
>
> > > kereta en kuda tahan disini.......... en kamu kamu......... eee gotong
> ini
> > > man bawa kerumah ku, ngerti !?â€
> > >
> > >
> > > Ya non ngarti non. Kabeh ngan ukur bisa ngomong kitu.
> > >
> > >
> > > Memang Jalma rada ripuh, lantaran tadi waktu luncat mancal kuda, rada
> > > tibabaranting, awak nyareri keneh; ari pek digusrakkeun ku nu opatan,
> jadi
> > > Jalma ngarasa leuleus, pasrah we waktu digarotong ku nu daredeg ka
> tonggoh;
> > > mangkaning ti pos jaga ka tonggoh teh lumayan jauh; tapi terus we Jalma
> > > digarotong dituturkeun ku si NONA Blanda. Sajajalan eta nu ngagarotong,
> > > rada kukulutus lalaunan; teu kadenge ku si Nona mah; siah mamawa
> cilaka ka
> > > aing siah ! Hanjakal make dibere asup siah ! Mere saperak deui ge masih
> > > kurang siah! Awas mun teu mere saringgit ditampilingan siah. Jalma api2
> > > peureum we; da jeung enyana badan asa pasiksak.
> > >
> > >
> > > Barang nepi ka imah nu gede jeung sigrong , Jalma satengah
> dibeubeutkeun
> > > ka na kursi nu kacida empukna ( engke Jalma nyaho, eta teh ngaranna
> sofa);
> > > nempo kalakuan nu ngagarotong sentak deui si Nona ngambek; atuh mani
> > > murungkut2 we nu tiluan teh; terus we barirat, sieuneun digelendeng.
> > >
> > >
> > > “Eh.......... Emeh........... kowe panggil tuan dokter
> kesini...........â€
> > >
> > > Ya nona............; bari gancang we nu disebut Emeh teh gesat gesut
> > > kaluar.........
> > >
> > > Jalma kaget, emeh ? Naha emeh urang Leuwiseeng kituh ? Wah......... teu
> > > sangka .......... di dieu bakal panggih; tapi Jalma cicing we; teu loba
> > > gerak; lantaran konsentrasi keur nyageurkeun sorangan awakna nu
> nyareri.
> > > Aing kudu nyieun alesan supaya bisa lila didieu, pikeun nyilidik nu
> disebut
> > > Nyi Emeh tea. Alah naha asa loba kabeneran pisan, yeuh? Cek hatena.
> > >
> > >
> > > HANCA
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke