Urang Sunda mh umumna ka na basa asing kitu nu kadenge nya diulis kitu. Tapi 
kamari ge judulna mah ONDERNEMING van Hendrik >sanes ?


--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Sanes "ondernimeng" jigana nya Bah AA, tapi "onderneming" (perusahaan).
> 
> 2012/1/12 Abbas Amin <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Sanggeus nganuhunkeun gedig we Jalma kaluhur; masih kadenge Upas nyarita
> > ka babaturanana:”Teu wudu eta urang kampung boga duit oge; hahaha, meureun
> > di kampungna mah anak nu jegud tah budak boloho teh.” hahahaha opatanana
> > sareuri mani rame.
> >
> >
> > Jalma bungah lantaran ahirna bisa oge nempo eta nu disebut Ondernimeng
> > teh; wah enya lega pisan; manehna nuturkeun tapak kareta si cina nu tadi;
> > keur kitu di hareup ti tonggoh aya kareta laju pisan ditarik opat kuda;
> > kudana siga nu ambek pisan, kusirna meureun geus kabantingkeun da kaciri
> > euweuh kusiran; dijero kareta jejeritan sora awewe.
> >
> >
> > Jalma geus teu loba mikir deui, ngaluarkeun elmu ngahampangkeun raga, bari
> > maca jangjawokan supaya kuda ulah ngadat teuing; terus luncat bari newak nu
> > masih bisa katewak. Saenyana ieu teh risiko gede pisan; bisa wae manehna
> > teu bisa nyekel nanaon, lantaran kudana keur mangpreng tarik pisan; untung
> > Jalma masih bisa nyekel berego kuda; tapi eta ge ampir2an. Enya ge ka cekel
> > tapi Jalma mani tibabaranting; karasa nyeri; tapi nulungan jelema leuwih
> > penting; teu ngingetkeun risikona Jalma terus we mancal ka luhur nyekel
> > kadali; nya hese beleke bisa oge kuda teh eureun; persis hareupeun pos
> > jaga. Barang nempo Jalma nu naek bari nyenyekel kadali kuda; eta Upas jeung
> > nu tiluan mani reup beureum ray pias; teu tata pasini deui Jalma didudut
> > nepi ka ngajongkeng tigugulitik; si nu pang dedegna nyentak:”Dibere hate
> > menta jantung! Rek nyoba maling kareta , hah !?”
> >
> >
> > Keur kitu awewe nu jejeritan kaluar ti na kareta, langsung nyentak tarik
> > pisan :”Gott perdom ( god Damn tea )inlander ! de man holfe ik. U bodoh2
> > semua ! minggir kowe !”
> >
> >
> > Atuh si Upas jeung nu opatan teh mani pupurungkutan; dicarekanan laklak
> > dasar ku eta none kumpeni; si Upas jeung nu tiluan ngan ukur bisa ngomong
> > ya nona, sababaraha kali; bari sirahna ngareluk. Maranehna ngarti ayeunaa
> > mah yen Jalma teh geus nulungan si nona nu ampir cilaka kabawa kabur ku
> > kuda ngadat.
> >
> >
> > Si nona nyarita deui ku basa Melayu nu teu pati kaharti ku Jalma:”ni
> > kereta en kuda tahan disini.......... en kamu kamu......... eee gotong ini
> > man bawa kerumah ku, ngerti !?”
> >
> >
> > Ya non ngarti non. Kabeh ngan ukur bisa ngomong kitu.
> >
> >
> > Memang Jalma rada ripuh, lantaran tadi waktu luncat mancal kuda, rada
> > tibabaranting, awak nyareri keneh; ari pek digusrakkeun ku nu opatan, jadi
> > Jalma ngarasa leuleus, pasrah we waktu digarotong ku nu daredeg ka tonggoh;
> > mangkaning ti pos jaga ka tonggoh teh lumayan jauh; tapi terus we Jalma
> > digarotong dituturkeun ku si NONA Blanda. Sajajalan eta nu ngagarotong,
> > rada kukulutus lalaunan; teu kadenge ku si Nona mah; siah mamawa cilaka ka
> > aing siah ! Hanjakal make dibere asup siah ! Mere saperak deui ge masih
> > kurang siah! Awas mun teu mere saringgit ditampilingan siah. Jalma api2
> > peureum we; da jeung enyana badan asa pasiksak.
> >
> >
> > Barang nepi ka imah nu gede jeung sigrong , Jalma satengah dibeubeutkeun
> > ka na kursi nu kacida empukna ( engke Jalma nyaho, eta teh ngaranna sofa);
> > nempo kalakuan nu ngagarotong sentak deui si Nona ngambek; atuh mani
> > murungkut2 we nu tiluan teh; terus we barirat, sieuneun digelendeng.
> >
> >
> > “Eh.......... Emeh........... kowe panggil tuan dokter 
> > kesini...........”
> >
> > Ya nona............; bari gancang we nu disebut Emeh teh gesat gesut
> > kaluar.........
> >
> > Jalma kaget, emeh ? Naha emeh urang Leuwiseeng kituh ? Wah......... teu
> > sangka .......... di dieu bakal panggih; tapi Jalma cicing we; teu loba
> > gerak; lantaran konsentrasi keur nyageurkeun sorangan awakna nu nyareri.
> > Aing kudu nyieun alesan supaya bisa lila didieu, pikeun nyilidik nu disebut
> > Nyi Emeh tea. Alah naha asa loba kabeneran pisan, yeuh? Cek hatena.
> >
> >
> > HANCA
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke