Baraya,

Sim kuring nampi bewara wirehna di Desa Gudang Kahuripan Lembang bade diayakeun 
upacara adat sunda NGARUWAT anu bade diayakeun dina dinten Minggu, 22 Januari 
2012 tempatna di Pines Villa, jalan raya Lembang (sateuacan Makam R Otto 
Iskandar Dinata) pami ti Bandung ka Lembang-keun.

Mangga nu nuju milarian bahan kanggo ngadamel skripsi, nu hoyong apal kumaha nu 
disebat ruwatan, naon maksud & tujuanana, prosesina, sasajen, atawa hoyong 
ningal hiburanana, tiasa sumping dina waktosna. 


Sim kuring pami diparengkeun bade dongkap dina waktosna.


Baktosna,

ilen kardani

Kirim email ke