Agans,

Ringkesna we ieu mah, margi pami diserat sakumplitna mah tiasa janten thesis 
sarjana.

Tema ruwatan teh, "Jembar Rahayatna, Mulya Pangagungna, Jaya Sampurna 
Sapangeusi Nagri", anu ditujukeun seja mumuntang Ka Nu Maha Kawasa pamugi alam 
jeung sapangeusina aya dina panangtayungan anjeuna, genah merenah tumaninah, 
repeh rapih loh jinawi. Atawa mun ceuk tujuan nasional mah, membangun manusia 
Indonesia seutuhnya adil makmur berdasarkan Pancasila.

Aya tilu rupa anu diruwat, nyeta jelema, wawangunan, jeung pilemburan nu miboga 
ciri anu tangtu. Carana bisa ku nanggap wayang, pantun, dongeng, atawa serat 
macapat.
Sasajen ti mimiti cau, dawegan, beubeutian, dangdaunan, kekembangan, bubuahan, 
cai sababaraha sumber, parabot patani, parabot dapur, parabot ambu tani, 
parabot tukang kayu, olahan kadaharan, sambara, rujak, kupat leupeut tangtang 
angin, hahampangan, hanjuang, pare geugeusan, pakean sapangadeg, puncak manik, 
jsb.

Lalakon anu dipedar ku dalang atawa juru pantun biasana lalakon Batara Kala anu 
ngagalaksak neangan jelema anu bakal pijadieun korbana tapi dipepes ku Batara 
Wisnu anu salin jinis jadi Dalang Kanda Buana.Nu lalajo biasana dicarek balik 
ku dalang saencan lalakona beres, mun rek balik kudu saencan lalakon Batara 
Kala dimimitian.

Sakabeh sasajen jeung lalakon dina ngaruwat kudu dibaca naon pihartieunana, 
sabab karuhun urang teu mere papagah dina bentuk aksara tapi tina haksara.


Sakitu dunungan tilam kasono ti sim kuring, manawi katampi supados ulah 'cos 
leos' teuing saur Ki Hasan mah.

ilen kardani





________________________________
 From: Ki Hasan <[email protected]>
To: [email protected] 
Sent: Sunday, January 29, 2012 11:21 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: Ngaruwat 22 Januari 2012
 

  
Tah ieu karek iberna, ulasanna oge mugia teu dugi ka cul leos. 


2012/1/29 ilen kardani <[email protected]>

 
>  
>Baraya,
>
>
>Rengse acara ruwatan lembur dina ping 22 Januari 2012 nu diluuhan ku warga 
>wadia balad Kisunda, Paguyuban Satatar Pasundan, Purwawirahma, Komunitas 
>Sundawani, Gajah Putih, Lembaga Adat Karaton Pajajaran, Karinding Buhun, IPSI, 
>Group Tarawangsa sareng Ketuk Tilu, jajaran aparat keamanan sareng staff ti 
>Kabupaten Bandung Barat.
>
>
>
>Acara dingawitan tabuh 8 enjing-enjing rengse dugi ka tabuh 17:00 kalayan 
>mintonkeun rupi-rupi pentas budaya ti ngawitan kidung pangruwat, pantun, kuda 
>lumping, ketuk tilu, tarawangsa, karinding, sareng sajabina. Sim kuring 
>kapancen masihan ulasan ngeunaan ruwatan, kumaha kasang tukangna, prosesi 
>jeung tujuan tina ngaruwat.
>
>
>Sakitu nun anu kapihatur.
>
>
>Baktosna,
>
>
>ilen kardani
>
>
>
>
>
>________________________________
> From: ilen kardani <[email protected]>
>To: "[email protected]" <[email protected]> 
>Sent: Sunday, January 15, 2012 6:39 PM
>Subject: Ngaruwat 22 Januari 2012
> 
>
>
>Baraya,
>
>
>Sim kuring nampi bewara wirehna di Desa Gudang Kahuripan Lembang bade 
>diayakeun upacara adat sunda NGARUWAT anu bade diayakeun dina dinten Minggu, 
>22 Januari 2012 tempatna di Pines Villa, jalan raya Lembang (sateuacan Makam R 
>Otto Iskandar Dinata) pami ti Bandung ka Lembang-keun.
>
>
>Mangga nu nuju milarian bahan kanggo ngadamel skripsi, nu hoyong apal kumaha 
>nu disebat ruwatan, naon maksud & tujuanana, prosesina, sasajen, atawa hoyong 
>ningal hiburanana, tiasa sumping dina waktosna. 
>
>
>
>Sim kuring pami diparengkeun bade dongkap dina waktosna.
>
>
>
>Baktosna,
>
>
>ilen kardani
>
>
>
>

 

Kirim email ke