Mang Kaby,
Sok we lah tambihna mah ti nu sanes, pan tos disebatkeun haksara na mah kantun macana. Sent from my iPhone On Jan 30, 2012, at 19:56, "Mang Kaby" <[email protected]> wrote: > Kagok asong Mang Ilen... Jentrekeun euy naon anu dimaksud haksara? Terus > kunaon di budaya urang kudu make sasajen? > > Naha teu meunang balik samemeh acara batarakala angeus? Di sababaraha daerah > sunda teu meunang nanggap wayang euy... Siga di Kuningan, Sumedang, jrrd... > Sabagean daerah utamana mah anu susundaan nana leket keneh teu meunang > nanggap wayang... Kunaonnya? > > Nuhuuuuuns, > Mang Kabayan > www.dkabayan.com > "ti urang, ku urang, keur balarea" > From: ilen kardani <[email protected]> > Sender: [email protected] > Date: Mon, 30 Jan 2012 03:51:03 -0800 (PST) > To: [email protected]<[email protected]> > ReplyTo: [email protected] > Subject: Re: [kisunda] Re: Ngaruwat 22 Januari 2012 > > > Agans, > > Ringkesna we ieu mah, margi pami diserat sakumplitna mah tiasa janten thesis > sarjana. > Tema ruwatan teh, "Jembar Rahayatna, Mulya Pangagungna, Jaya Sampurna > Sapangeusi Nagri", anu ditujukeun seja mumuntang Ka Nu Maha Kawasa pamugi > alam jeung sapangeusina aya dina panangtayungan anjeuna, genah merenah > tumaninah, repeh rapih loh jinawi. Atawa mun ceuk tujuan nasional mah, > membangun manusia Indonesia seutuhnya adil makmur berdasarkan Pancasila. > > Aya tilu rupa anu diruwat, nyeta jelema, wawangunan, jeung pilemburan nu > miboga ciri anu tangtu. Carana bisa ku nanggap wayang, pantun, dongeng, atawa > serat macapat. > Sasajen ti mimiti cau, dawegan, beubeutian, dangdaunan, kekembangan, > bubuahan, cai sababaraha sumber, parabot patani, parabot dapur, parabot ambu > tani, parabot tukang kayu, olahan kadaharan, sambara, rujak, kupat leupeut > tangtang angin, hahampangan, hanjuang, pare geugeusan, pakean sapangadeg, > puncak manik, jsb. > > Lalakon anu dipedar ku dalang atawa juru pantun biasana lalakon Batara Kala > anu ngagalaksak neangan jelema anu bakal pijadieun korbana tapi dipepes ku > Batara Wisnu anu salin jinis jadi Dalang Kanda Buana.Nu lalajo biasana > dicarek balik ku dalang saencan lalakona beres, mun rek balik kudu saencan > lalakon Batara Kala dimimitian. > > Sakabeh sasajen jeung lalakon dina ngaruwat kudu dibaca naon pihartieunana, > sabab karuhun urang teu mere papagah dina bentuk aksara tapi tina haksara. > > Sakitu dunungan tilam kasono ti sim kuring, manawi katampi supados ulah 'cos > leos' teuing saur Ki Hasan mah. > > ilen kardani > > > From: Ki Hasan <[email protected]> > To: [email protected] > Sent: Sunday, January 29, 2012 11:21 PM > Subject: Re: [kisunda] Re: Ngaruwat 22 Januari 2012 > > > Tah ieu karek iberna, ulasanna oge mugia teu dugi ka cul leos. > > 2012/1/29 ilen kardani <[email protected]> > > Baraya, > > Rengse acara ruwatan lembur dina ping 22 Januari 2012 nu diluuhan ku warga > wadia balad Kisunda, Paguyuban Satatar Pasundan, Purwawirahma, Komunitas > Sundawani, Gajah Putih, Lembaga Adat Karaton Pajajaran, Karinding Buhun, > IPSI, Group Tarawangsa sareng Ketuk Tilu, jajaran aparat keamanan sareng > staff ti Kabupaten Bandung Barat. > > Acara dingawitan tabuh 8 enjing-enjing rengse dugi ka tabuh 17:00 kalayan > mintonkeun rupi-rupi pentas budaya ti ngawitan kidung pangruwat, pantun, kuda > lumping, ketuk tilu, tarawangsa, karinding, sareng sajabina. Sim kuring > kapancen masihan ulasan ngeunaan ruwatan, kumaha kasang tukangna, prosesi > jeung tujuan tina ngaruwat. > > Sakitu nun anu kapihatur. > > Baktosna, > > ilen kardani > > > From: ilen kardani <[email protected]> > To: "[email protected]" <[email protected]> > Sent: Sunday, January 15, 2012 6:39 PM > Subject: Ngaruwat 22 Januari 2012 > > Baraya, > > Sim kuring nampi bewara wirehna di Desa Gudang Kahuripan Lembang bade > diayakeun upacara adat sunda NGARUWAT anu bade diayakeun dina dinten Minggu, > 22 Januari 2012 tempatna di Pines Villa, jalan raya Lembang (sateuacan Makam > R Otto Iskandar Dinata) pami ti Bandung ka Lembang-keun. > > Mangga nu nuju milarian bahan kanggo ngadamel skripsi, nu hoyong apal kumaha > nu disebat ruwatan, naon maksud & tujuanana, prosesina, sasajen, atawa hoyong > ningal hiburanana, tiasa sumping dina waktosna. > > Sim kuring pami diparengkeun bade dongkap dina waktosna. > > Baktosna, > > ilen kardani > > > > > > >
