Iisss kirang lengkep warta, info acarana kang khususna ngeunaan kasang tukangna. Diantos kang Ilen, mugi teu kaabotan. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: ilen kardani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 29 Jan 2012 06:19:12 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Ngaruwat 22 Januari 2012 Baraya, Rengse acara ruwatan lembur dina ping 22 Januari 2012 nu diluuhan ku warga wadia balad Kisunda, Paguyuban Satatar Pasundan, Purwawirahma, Komunitas Sundawani, Gajah Putih, Lembaga Adat Karaton Pajajaran, Karinding Buhun, IPSI, Group Tarawangsa sareng Ketuk Tilu, jajaran aparat keamanan sareng staff ti Kabupaten Bandung Barat. Acara dingawitan tabuh 8 enjing-enjing rengse dugi ka tabuh 17:00 kalayan mintonkeun rupi-rupi pentas budaya ti ngawitan kidung pangruwat, pantun, kuda lumping, ketuk tilu, tarawangsa, karinding, sareng sajabina. Sim kuring kapancen masihan ulasan ngeunaan ruwatan, kumaha kasang tukangna, prosesi jeung tujuan tina ngaruwat. Sakitu nun anu kapihatur. Baktosna, ilen kardani ________________________________ From: ilen kardani <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Sunday, January 15, 2012 6:39 PM Subject: Ngaruwat 22 Januari 2012 Baraya, Sim kuring nampi bewara wirehna di Desa Gudang Kahuripan Lembang bade diayakeun upacara adat sunda NGARUWAT anu bade diayakeun dina dinten Minggu, 22 Januari 2012 tempatna di Pines Villa, jalan raya Lembang (sateuacan Makam R Otto Iskandar Dinata) pami ti Bandung ka Lembang-keun. Mangga nu nuju milarian bahan kanggo ngadamel skripsi, nu hoyong apal kumaha nu disebat ruwatan, naon maksud & tujuanana, prosesina, sasajen, atawa hoyong ningal hiburanana, tiasa sumping dina waktosna. Sim kuring pami diparengkeun bade dongkap dina waktosna. Baktosna, ilen kardani
