Tuhan dan
Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain Storming)
Ayeuna Elmu
Pengetahuan/Ilmiah geus loba mukakeun sagala rupa hal, nu tadina can kanyahoan
rusiahna. Samodel ayana Gravitasi; kunaon bisa kajadian guludug, kilat, hujan
jsjb
Jelema2
palinter atawa genius, nya nu geus diaku Ilmuwan, geus manggihan rupa2 deskripsi
ngeunaan Alam, terus nyieun teori2 jeung hukum2 sarta dalil2; nu ahirna
dijadikeun cecekelan ku sakabeh nu keur diajar jeung hayang jadi pinter.
Para Ilmuwan
oge, diantara manusa nu geus nimu enersi nu bisa digunakeun keur kapentingaan
manusa; saperti enersi cai, enersi solar/panonpoe, enersi gas jstee. Nepi ka
manggihan listrik. Terus nyieun rupa2 alat pikeun ngagampangkeeun nampung eta
enersi pikeun manusa.
Jadi
diantara manusa Ilmuwan teh, aya nu nimu enersi; aya oge nu nimu atawa
nyiptakeun alat2; ieu kabeh ku sabab motekar2na manusa di na neangan rusiah2 nu
aya di alam semesta ieu.
Leuwih jauh
deui, maranehna beuki canggih wae, malah akhirna aya jelema2 nu ngaku2 Ilmuwan
ngahususkeun yen Tuhan teh euweuh; ku sabab cenah loba bukti, yen Tuhan teh
euweuh. Atawa Tuhan teu bisa dibuktikeun ayana.
Saenyana mah
, teu kapanggih lain ngabuktikeun euweuh, tapi di na ayana ge elmuna can nepi
wae ka dinya mah; lantaran nu disebut Tuhan teh Pemilik sagala jeung sadayana
tea. Nu geus kapanggih nyeta Ciptanana; ari Dirina mah tetep we loba nu teu
wanoh.
Teu kudu
make analisa panjang2 , ayeuna urang nanya kieu :
Naha nu
dibuktikeun ku para Ilmuwan teh baheulana euweuh ? Kapan ti baheula ge memang
geus
aya . Hartina memang geus disadiakeun; jadi Ilmuwan teh ngan ngabukakeun
rusiahna, tapi lain Nyiptakeun !
Jadi hartina
memang ti baheula ge kitu; jeung geus aya; ngan jelemana masih barodo keneh ?
Nya Ilmuwan teh muka rasiahna jeung mere ngaran nu aya dadasarna.
Naha cukup, ku
ngabuktikeun loba hal, nyieun kasimpulan Tuhan Euweuh ?
Pasti tacan
!
Naon sababna
?
Pertanyaan
model ti mana asalna urang ? Alam semesta ? Naha geuning ti baheula geus aya
samemeh urang aya ? Pertanyaan ieu nepi ka ayeuna can aya nu bisa ngajawab.
Can aya nu
bener2 mere penjelasan komprehensif.
Nu matak
ilmu teh nu ayeuna can bisa ngabuktikeun teu ayana Tuhan.
Kumaha sikep
manusia beriman, nu disebut masih barodo ?
Kieu
argumenna :
Tuhan tos
Nyiptakeun sagalana. Kaasup Gravitasi.
Cenah alam
semesta asalna ti na kabut berpilin tea; atuh tinggal ngagilekkeun saeutik,
Tuhan Nyiptaakeun kabut berpilin nu engkena bakal jadi alam semesta.
Jadi keukeuh
we Tuhan Nu Nyiptakan sadayana.
Soal ilmu,
saeutik saeutik, step by step, dibikeun ka manusa.
Naha eta
para Ilmuwan Atheis ?
Ah henteu,
ngan maranehna teu ngumumkeun; da agama mah keur pribadi cenah. Tuhan bakal
mere ka saha wae moal aya nu ngahalangan Tuhan; ngan wae jelas Tuhan leuwih
resep ka nu usahana bener2; tah nu matak HUDA diberena ka nu ngotektak Elmu;
nepi ka papanggihan loba pisan.
Eta kitu
pandangan jelema beriman.
Nu kumaha
atuh Tuhan teh ?
Tuhan teh
geus disebut ku loba ngaran; tapi jelas deskripsina teh nya eta nu disebut
Tuhan teh nyaeta nu Nyiptakeun sakabeh alam; terus nu nyepeng kakawasan ti
dunya dugi ka akhirat. Nu Ngawasa sakabeh Makhluq nu kumelip.
Rupa2 pisan
nu ngagambarkeun Tuhan teh, gumantung ka na logikana masing2 jelema; tapi ari
cek anu beriman mah, kasadaran manusa ka Tuhan teh gumantung ka na HUDA ti
Tuhan oge; jadi kumaha Tuhan mere Hudana ka jelema; nya kitu pandangan manusa
ka Tuhan oge. Jadi moal aya kaseragaman di na ngagambarkeun nu disebut Tuhan
teh. Nu matak agama2 ge bareda.
Keun we ari
diskusi mah meunang, jeung kaci; nu ulah teh laklak dasar padahal diskusi can
tuntas; atawa geus vonis satacanna tuntas; model si Jusfiq, item abu jssd
Di Milis Ki
sunda, meureun moal aya nu meleg2 ngaku atheis mah; paling2 agnostik; atawa
skeptic; aya oge nu netral agama saperti Bah Willy; sok mangga bade tumaros mah
teu naon2; atawa kang Ilen Kardani; atawa Gus maman, atawa bisa jadi Tubagus
Rifki. Atanapi oge Kang Oca kang Engkus.
Mangga.
Anu
nanggapanana, salian ti sim kuring; oge ngahaturanan ka Kang Ahsa; Al Banduni.
Kang Ziaulhaq; atanapi Bang Kimun . Kang Oman, Kang Hasan oge mangga. Kang
dobel Dik oge mangga. Kantenan atuh kang SP nu seueur luangna mah. Mangga tiasa
bebas ngawaler ka na satiap patarosan ti pihak nu ragu ka na ayana Tuhan.
Ieu diskusi
teh sanes nanaon, tapi kanggo nambih pengetahuan ka urang sarerea; ulah nepi ka
boga pandangan yen Islam teh barodo kabeh !
Moal bisa
ngajawab ka na pertanyaan nu pelik2.
Sugan jeung
sugan manggih pencerahan nu leuwih maju deui.
Sok mangga
nyanggakeun.
EOR 27
Januari 2012