Salam baraya... 

Margi kasebut kudu nolol, ngoméntar bab Tuhan. »ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ~ƗƗɐƗƗɐƗƗɐ•»..

Jawabna, asa lieur da can panggih jeung Tuhan, nembé rarasaan dumasar yakin 
dina haté yén Allah nu jadi Tuhan keur pribadi mah.

Saapal pangalaman keur kuliah, dina penelitian agama, si peneliti téh mémang 
kudu boga agama, kakara nyambung. Ayeuna asa wajar, tuhan téh euweuh ceuk ilmu 
pengetahuan. Kantun naros, penelitina éta boga agama plus tuhanna teu?

Mun ngabahas tuhan, artina ngabahas ogé agama. Sabab, Tuhan ngajéntrékeun 
diri-Na nu kudu disembah, pasti maké utusan jeung wahyu-ajaran-kitab nu ku Dia 
diturunkeun supaya manusa bisa panggih jeung Mantenna ku jalan nu geus 
ditangtukeun.

Lamun bab tuhan nu dimaksud ieu téh ALLAH, nya ngaderesna kudu ku Alqur'an 
jeung utusan-Na, jalan Rasulullah. Masalahna, nu ngadiskusikeun ttg Allah, 
yakin teu kanu Alquran sebagai kalam-Na??

Lamun yakin kanu Alquran, sederhanana aya 2 jalan.  Modél Ahli Kalam or 
Teologi, éta pendekatnna tina Alquran tuluy dikaitkeun kanu kanyataab 
alam-fenomena. Modél Filsafat Islam, éta mah tina alam-fenomena tuluy 
disaluyukeun jeung Alquran. Mangga lajeng..         

Wallahu a'lam.
::zya
        
Rampes™
Dirojong ku Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "Abbas" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 30 Jan 2012 04:59:00 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Re: Tuhan dan Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain Storming)

Mangga urang sami2 ngabandungn "komentar2" sanesna dui.
Nuhun ka na waktosna

--- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@...> wrote:
>
> 
> Hayu geura sing saha nu arek nembalan dina basa Sunda ngeunaan masalah ieu, 
> rek dibaca ku kula. Enya ieu teh nu ngarana 'geledeg-uteuk.'
> 
> Mangga anu gaduh dalil-dalil geura bejer beaskeun. Netral, objektif ulah 
> dicampuran huut rarasaan pang benerna. Apan kami nu maca keur didakwahan, 
> jadi dakwahna kudu niiskeun hate.
> 
> Dakwah ngeunaan 'tuhan' make basa kitab naon bae ge elos. Arek nu karesten,nu 
> budha nu hindu, nu syiah, nu wahabi, di baca ku kami.
> 
> Urang Sunda teh meureun teu Hindu kabeh. Campur. Tetep kudu silih asah, silih 
> asuh, silih mikarunya, lamun teu sabage papada, atu sabage Urang Sunda.
> 
> Ngan, kula ngabejaan, bener ceuk ki Abbas, yen 'tuhan' mah loba lain hiji. 
> Etamah sakumaha 'HUDA' nu dibikeun ku ANJEUNA ka hate masing-masing jelema, 
> da ANJEUNA mah SilokaNa geh teu aya nu nyurup. Moal aya jalma nu nyaho ka 
> ANJEUNA.
> 
> Anggota Dewan nu dipikahormat geh boga 'tuhan' na sorangan, nu beungeutna 
> jiga BABI.
> 
> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
> TiRiLiK
> --- In [email protected], Abbas Amin <abas_amin08@> wrote:
> >
> > 
> > 
> > 
> > 
> > Tuhan dan
> > Ilmu Pengetahuan (Sakadar Brain Storming)
> > 
> >  
> > 
> > Ayeuna Elmu
> > Pengetahuan/Ilmiah geus loba mukakeun sagala rupa hal, nu tadina can 
> > kanyahoan
> > rusiahna. Samodel ayana Gravitasi; kunaon bisa kajadian guludug, kilat, 
> > hujan
> > jsjb
> > 
> > Jelema2
> > palinter atawa genius, nya nu geus diaku Ilmuwan, geus manggihan rupa2 
> > deskripsi
> > ngeunaan Alam, terus nyieun teori2 jeung hukum2 sarta dalil2; nu ahirna
> > dijadikeun cecekelan ku sakabeh nu keur diajar jeung hayang jadi pinter.
> > 
> > Para Ilmuwan
> > oge, diantara manusa nu geus nimu enersi nu bisa digunakeun keur 
> > kapentingaan
> > manusa; saperti enersi cai, enersi solar/panonpoe, enersi gas jstee. Nepi ka
> > manggihan listrik. Terus nyieun rupa2 alat pikeun ngagampangkeeun nampung 
> > eta
> > enersi pikeun manusa.
> > 
> > Jadi
> > diantara manusa Ilmuwan teh, aya nu nimu enersi; aya oge nu nimu atawa
> > nyiptakeun alat2; ieu kabeh ku sabab motekar2na manusa di na neangan 
> > rusiah2 nu
> > aya di alam semesta ieu.
> > 
> >  
> > 
> > Leuwih jauh
> > deui, maranehna beuki canggih wae, malah akhirna aya jelema2 nu ngaku2 
> > Ilmuwan
> > ngahususkeun yen Tuhan teh euweuh; ku sabab cenah loba bukti, yen Tuhan teh
> > euweuh. Atawa Tuhan teu bisa dibuktikeun ayana.
> > 
> > Saenyana mah
> > , teu kapanggih lain ngabuktikeun euweuh, tapi di na ayana ge elmuna can 
> > nepi
> > wae ka dinya mah; lantaran nu disebut Tuhan teh Pemilik sagala jeung 
> > sadayana
> > tea. Nu geus kapanggih nyeta Ciptanana; ari Dirina mah tetep we loba nu teu
> > wanoh.
> > 
> > Teu kudu
> > make analisa panjang2 , ayeuna urang nanya kieu :
> > 
> > Naha nu
> > dibuktikeun ku para Ilmuwan teh baheulana euweuh ? Kapan ti baheula ge 
> > memang geus
> > aya . Hartina memang geus disadiakeun; jadi Ilmuwan teh ngan ngabukakeun
> > rusiahna, tapi lain Nyiptakeun !
> > 
> > Jadi hartina
> > memang ti baheula ge kitu; jeung geus aya; ngan jelemana masih barodo keneh 
> > ?
> > Nya Ilmuwan teh muka rasiahna jeung mere ngaran nu aya dadasarna.
> > 
> > Naha cukup, ku
> > ngabuktikeun loba hal, nyieun kasimpulan Tuhan Euweuh ?
> > 
> > Pasti tacan
> > !
> > 
> > Naon sababna
> > ?
> > 
> > Pertanyaan
> > model ti mana asalna urang ? Alam semesta ? Naha geuning ti baheula geus aya
> > samemeh urang aya ? Pertanyaan ieu nepi ka ayeuna can aya nu bisa ngajawab.
> > 
> > Can aya nu
> > bener2 mere penjelasan komprehensif.
> > 
> > Nu matak
> > ilmu teh nu ayeuna can bisa ngabuktikeun teu ayana Tuhan.
> > 
> > Kumaha sikep
> > manusia beriman, nu disebut masih barodo ?
> > 
> > Kieu
> > argumenna :
> > 
> > Tuhan tos
> > Nyiptakeun sagalana. Kaasup Gravitasi.
> > 
> > Cenah alam
> > semesta asalna ti na kabut berpilin tea; atuh tinggal ngagilekkeun saeutik,
> > Tuhan Nyiptaakeun kabut berpilin nu engkena bakal jadi alam semesta.
> > 
> > Jadi keukeuh
> > we Tuhan Nu Nyiptakan sadayana.
> > 
> > Soal ilmu,
> > saeutik saeutik, step by step, dibikeun ka manusa.
> > 
> > Naha eta
> > para Ilmuwan Atheis ?
> > 
> > Ah henteu,
> > ngan maranehna teu ngumumkeun; da agama mah keur pribadi cenah. Tuhan bakal
> > mere ka saha wae moal aya nu ngahalangan Tuhan; ngan wae jelas Tuhan leuwih
> > resep ka nu usahana bener2; tah nu matak HUDA diberena ka nu ngotektak Elmu;
> > nepi ka papanggihan loba pisan.
> > 
> >  
> > 
> > Eta kitu
> > pandangan jelema beriman.
> > 
> > Nu kumaha
> > atuh Tuhan teh ?
> > 
> > Tuhan teh
> > geus disebut ku loba ngaran; tapi jelas deskripsina teh nya eta nu disebut
> > Tuhan teh nyaeta nu Nyiptakeun sakabeh alam; terus nu nyepeng kakawasan ti
> > dunya dugi ka akhirat. Nu Ngawasa sakabeh Makhluq nu kumelip.
> > 
> > Rupa2 pisan
> > nu ngagambarkeun Tuhan teh, gumantung ka na logikana masing2 jelema; tapi 
> > ari
> > cek anu beriman mah, kasadaran manusa ka Tuhan teh gumantung ka na HUDA ti
> > Tuhan oge; jadi kumaha Tuhan mere Hudana ka jelema; nya kitu pandangan 
> > manusa
> > ka Tuhan oge. Jadi moal aya kaseragaman di na ngagambarkeun nu disebut Tuhan
> > teh. Nu matak agama2 ge bareda.
> > 
> > Keun we ari
> > diskusi mah meunang, jeung kaci; nu ulah teh laklak dasar padahal diskusi 
> > can
> > tuntas; atawa geus vonis satacanna tuntas; model si Jusfiq, item abu jssd
> > 
> > Di Milis Ki
> > sunda, meureun moal aya nu meleg2 ngaku atheis mah; paling2 agnostik; atawa
> > skeptic; aya oge nu netral agama saperti Bah Willy; sok mangga bade tumaros 
> > mah
> > teu naon2; atawa kang Ilen Kardani; atawa Gus maman, atawa bisa jadi Tubagus
> > Rifki. Atanapi oge  Kang Oca kang Engkus.
> > Mangga.
> > 
> > Anu
> > nanggapanana, salian ti sim kuring; oge ngahaturanan ka Kang Ahsa; Al 
> > Banduni.
> > Kang Ziaulhaq; atanapi Bang Kimun . Kang Oman, Kang Hasan oge mangga. Kang
> > dobel Dik oge mangga. Kantenan atuh kang SP nu seueur luangna mah. Mangga 
> > tiasa
> > bebas ngawaler ka na satiap patarosan ti pihak nu ragu ka na ayana Tuhan.
> > 
> > Ieu diskusi
> > teh sanes nanaon, tapi kanggo nambih pengetahuan ka urang sarerea; ulah 
> > nepi ka
> > boga pandangan yen Islam teh barodo kabeh ! 
> > 
> > Moal bisa
> > ngajawab ka na pertanyaan nu pelik2.
> > 
> > Sugan jeung
> > sugan manggih pencerahan nu leuwih maju deui.
> > 
> > Sok mangga
> > nyanggakeun.
> > 
> > EOR 27
> > Januari 2012
> >
>



Kirim email ke